Lompat ke isi

Baham

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Potongan sagital irung, baham, faring, jeung laring.

Baham nyaéta lawang munggaran pikeun sato pikeun ngasupkeun dahareun.[1] Biasana baham téh perenahna aya dina hulu, nanging teu salawasna kitu; contona, baham planaria mah aya dina bagian beuteungna. beuteungna.

Lolobana sato miboga sistim digéstif (pencernaan) anu lengkep: nyaéta miboga baham dina hiji tungtung sarta anu dina tungtung séjénna. Tungtung mana anu kawangun ti heula dina prosés ontogéni mangrupa kritéria anu dipaké pikeun ngagolongkeun sasatoan kana kelompok protostom jeung deuterostom.

Sababaraha sato, kayaning cnidaria jeung planaria, teu boga bool. Maranéhna miceun ngaliwatan sungutna, atawa sarua jeung brachiopod, nu boga sistim digéstif nu éfisién pisan, digiling na burih nepi ka réngsé.

Sababaraha rupa sato, kawas cacing pita, teu boga sungut-sungut acan. Cacing pita hirup jero peujit, antukna teu butuh sistim pencernaan.

Di lolobana sato, sungutna boga babagian pikeun nyapék dahareun, ngabeuweung dahareun, atawa pikeun nyuntikkeun peurah/racun. Dina artropod, aya suku nu dimodifikasi di luareun sungutna; sedengkeun di vertebrata gnatostome aya di jero.

Dina manuk, sungutna ditutup ku pamatuk.

Baham manusa ditutupan ku biwir luhur jeung handap. Biwir ieu penting pikeun nyarita, paroman beungeut, nginum (utamana mun maké panyerot), ngaroko. Orok lahir mawa réfléks neureuy, hal ieu nalurian pikeun ngalatih biwir jeung huntuna. Ruruncang atawa untap (philtrum) kabentuk alatan tepungna prosés nasomedial jeung maksilar nalika émbrio tumuwuh. Mun prosés ieu gagal ngahiji sacara sampurna, balukarna jadi suing.

=Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta: FRASA LINGUA. hlm. 9. ISBN 9786026475275. Disungsi 12 Januari 2023

Baca ogé


Sistim cerna

Baham - Faring - Ésofagus - Burih - Pankréas - Hampru - Ati - Peujit leutik (duodenum, jejunum, ileum) - Kolon - Cecum - Réktum - Bool