Cipati

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Cipati
Cononut milk.JPG
Wewengkon atawa nagara Daérah tropis
Bahan utama Kalapa
Cookbook:Cipati  Cipati

Cipati atawa santen (Basa Indonésia: santan; Basa Inggris: coconut milk) nyaéta cai nu asalna tina parudan kalapa kolot meunang ngabutik.[1] Kakentelan jeung rasa santen mibanda ciri nu mandiri kalawan minyakna euyeub nu lolobana mah mangrupa lemak jenuh. Cipati mangrupa bahan olahan anu kawentar tur umumna digunakeun di Asia Kidul Wétan, Karibia, jeung Amérika Kidul lebah kalér.

Maksud[édit | édit sumber]

Cipati mah lain cai kalapa da cipati mah leuwih kintel jeung lésang, alatan euyeub kandungan minyakna téa. Ari cai kalapa ayana di jero kalapana langsung nu cirina hérang jeung euweuh minyakan.[2]

Tatahar[édit | édit sumber]

Marud kelapa pikeun ngabeunangkeun cipati segar

Cipati mun sacara tradisional mah dihasilkeun ku cara marud maké parudan kaléng. Kalapa beunang ngabutik digasrokkeun kana parudan sangkan daging kalapa téh jadi bubuk nu lemes. Kiwari prosés marud lain ukur maké parudan wungkul, tapi bisa ogé maké cara praktis nu leuwih modérn nyaéta maké mesin parud . Cipati kabagi jadi wandana aya dua, aya anu kintel jeung aya nu cair. Nu kintel mah ngandung 20-22% lemak, ari nu cair mah ngandung 5-7% lemak. Cipati nu kintel mah sanggeus bérés marud téh langsung geredeg dirames ditilaman ku lawon karancang sangkan cipatina kaluar teu kabawa bukurna. Ari cipati nu cair mah, hasil cipati anu kintel téh dicampuran ku cai deui sangkan teu kintel teuing. Malah mah sabot keur meureutna téh sok dicampuran ku cai. Hasil tina peureutan cipati téh hampasna sok dijadikeun bahan kaolahan deui, utamana palengkep kadaharan séjén. Kagiatan kawas kieu téh teu dipikawanoh di nagara kulon mah, lantaran ilaharna cipatina téh beunang meuli, cipati instan, lain beunang nyieun sorangan.

Cipati téh ngandung lemak 24% kalawan gumantung kana kadar lemak daging kalapa jeung jumlah cai nu ditambahkeun. Waktu diingkeun, krim kalapa bakal naék ka luhur sarta papisah jeung cipatina. Pikeun  nyingkahan ieu perkara, mangka cipati jualeun mah sok ditambahan zat émulsi jeung zat sangkan stabil.

Cipati instan[édit | édit sumber]

Cipati instan

Pabrik cipati instan biasana dicampuran ku susu cair, susu bubuk, jeung cai minangka pangeusina. Gumantung kana mérk jeung tanggal kadaluwarsana, kajadian misahna cipati jeung krimna sakapeung mah sok aya nu merlukeun batan cipatina. Sawatara mérk nu dijual di nagara-nagara kulon mah nambahkeun zat pangintel atawa pangémulsi pikeun nyingkahan cipati sangkan teu misah jeung krimna lamun dina kemasan kaléng.

Kulinér[édit | édit sumber]

Dahareun[édit | édit sumber]

Surabi nu dijieun tina cipati jeung tipung béas

Cipati bisa dikonsumsi sorangan atawa minangka gaganti susu dina ci entéh, kopi, jeung kuéh. Ieu téh bahan nu ilahar dipaké dina variasi kaolahan nagara-nagara tropis jeung Asia, boh pikeun kari, boh samara lianna. Wuduk salah sahiji kadaharan nu dicipatian, ilahar dikonsumsi di Asia Tenggara jeung Karibia.

Inuman[édit | édit sumber]

Cendol nu dicipatian, rasana jadi legit.

Di Asia Tenggara, santen dipaké pikeun nyieun sarupaning kainuman traditional. Salah sahijina céndol nu geus kakoncara, ieu kainuman téh disuguhkeun tiis-tiis bari eusina téh nyaéta bukur geunyal nu dijieun tina tipung béas, digalokeun jeung cipati ogé gula beureum cair. Cipati ogé dipaké dina kainuman nu panas kayaning bandrék jeung bajigur. dpakéna cipati kana kainuman gé ilahar di nagara populer di Tiongkok Kidul jeung Taiwan.

Nutrisi[édit | édit sumber]

Dina porsi 100 mililiter (g), cipati ngandung 230 kalori jeung 68% cai, 24% lemak total, 6% karbohidrat, jeung protéin 2%. Komposisi lemakna 21 gram lemak jinuh, satengahna mah mangrupa asam laurat.[3]

Cipati mah sumber mangan nu euyeub (20% atawa leuwih ti Niléy Poéan, DV) (44% DV) jeung sumber nu nyukupan (10-19% DV) fosfor, beusi, jeung magnésium, tanpa nutrisi lian dina kandungan nu signifikan..

Mangpaat kaséhatan[édit | édit sumber]

Salah sahiji hal anu pangpunjulna tina ieu cipati téh nyaéta mangpaat minyak keletik, ieu diaku ku organisasi-organisasi kaséhatan dunia kayaning Food and Drug Administration Amérika Sarikat,[4] Organisasi Kaséhatan Dunya,[5] International College of Nutrition,[6] Department of Health and Human Services Amérika Sarikat,[7] American Dietetic Association,[8] American Heart Association,[9] National Health Service Britania Raya,[10] sarta Dietitians of Canada. Loba jalma nu nyingkahan ngonsumsi cipati dina kadar nu loba alatan luhurna tingkat lemak jinuh. Konsumsi cipati nu kaleuleuwihi bisa ngaronjatkeun kadar koléstrol dina getih lantaran lobana jumlah asam laurat, lemak jinuh nu ngontribusi kana koléstrol darah nu leuwih luhur kalawan ningkatkeun kadar koléstrol lipoprotein high-density.[11][12]

Hortikultura[édit | édit sumber]

Taun 1943, kapanggih yén cipati bisa sacara aktif ngarojong kana tumuwuhna pepelakan. Sanajan loba faktor nu ngaitkeun cipati jeung tumuwuhna pepelakan, ari panyebab utamana mah nyaéta ayana sitokinin nu dipikawanoh ku zeatin nu dipanggihan dina cipati. Sedengkeun zéatin dina cipati ngagancangkeun kana tumuwuhna pepelakan, iwal kana sawatara pepelakan tinangtu kawas lobak.[13]:8 Ngan, lamun 10% cipati ditambahkeun ka substrat tempat nu mana gandum tumuwuh, ropéan substansial geus nyerep.[14]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Coconut milk" (PDF). Philippine Coconut Authority. 2014. Diakses tanggal 22 September 2016. 
  2. Henni S (13 September 2010). "Coconut water". American Society for Nutrition. Diakses tanggal 6 March 2017. 
  3. "Coconut milk, raw (liquid expressed from grated meat and water) per 100 g". Nutritiondata.com by Conde Nast; republished from the USDA National Nutrient Database, version SR-21. 2014. Diakses tanggal 13 May 2016. 
  4. "Nutrition Facts at a Glance - Nutrients: Saturated Fat". Food and Drug Administration. 22 December 2009. Diakses tanggal 16 March 2011. 
  5. "Avoiding Heart Attacks and Strokes" (pdf). World Health Organization. Diakses tanggal 6 April 2011. 
  6. "Recommendations for the prevention of coronary artery disease in Asians: a scientific statement of the International College of Nutrition". J Cardiovasc Risk 3 (6): 489–494. December 1996. 
  7. "Dietary Guidelines for Americans 2010" (PDF). Department of Health and Human Services. Diakses tanggal 17 March 2011. 
  8. "American Dietetic Association and Dietitians of Canada Offer Up-to-Date Guidance on Dietary Fat". American Dietetic Association. Diakses tanggal 16 March 2011. 
  9. "Tropical Oils". American Heart Association. Diakses tanggal 16 March 2011. 
  10. "Lower your cholesterol". National Health Service. Diakses tanggal 16 March 2011. 
  11. "Effects of dietary fatty acids and carbohydrates on the ratio of serum total to HDL cholesterol and on serum lipids and apolipoproteins: a meta-analysis of 60 controlled trials". Am. J. Clin. Nutr. 77 (5): 1146–55. May 2003. http://www.ajcn.org/content/77/5/1146.full.pdf+html. 
  12. "Coconut oil consumption and cardiovascular risk factors in humans". Nutr Rev 74 (4): 267–80. 2016. 
  13. Mok, David W. S.; Mok, Machteld C. (1994). Cytokinins: Chemistry, Activity, and Function. CRC Press. ISBN 0-8493-6252-0. 
  14. Bajaj, Y. P. S. (1990). Wheat. Springer. ISBN 3-540-51809-6. 

Tutumbu luar[édit | édit sumber]