Kalian mangan bisa kajadian dina sawatara tipeu, siga kalian hidrotermal, kalian sedimenter, kalian anu ngasosiasi jeung aliran lava handapeun laut, kalian métamorfosa, kalian laterit jeung akumulasi résidu.[2] Kurang leuwih 90% mangan di sakuliah dunya dipaké pikeun tujuan métalurgi, nyaéta pikeun untuk prosés produksi beusi-baja, sedengkeun pamakéan mangan pikeun tujuan non-métalurgi di antarana pikeun produksi bateré garing, keramik jeung gelas, kimia, jeung sajabana.[2] Poténsi cadangan bijih mangan di Indonésia lumayan badag, tapi nyangkaruk di sawatara lokasi anu sumebar di sakuliah Indonésia.[2] Poténsi éta nyangkaruk di Pulo Sumatera, Kapuloan Riau, Pulo Jawa, Pulo Kalimantan, Pulo Sulawesi, Nusa Tenggara, Maluku, jeung Papua.[2]