Lompat ke isi

Parudan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Parud


Parudan tradisional tina lambaran logam.

Jenis Pakakas Dapur Tradisional
Bahan Kai sarta Beusi/Baja seukeut
Fungsi Ngancokeun (ngahaluskeun) bahan kadaharan

Parudan nyaéta salahahiji pakakas kanggo marud biasana didamel tina logam ipis anu dibolongan. Parudan aya anu tradisional jeung aya anu modéren biasana parudan tradisional dijieuna tina kaléng anu dibolongan terus di bingkai ku kai ari parudan modéren biasana bijieun tina stainless steel. Parud tradisional aya ogé anu diwangun ku lambaran beusi atawa kawat-kawat leutik anu seukeut (huntu parud) anu ditancebkeun kana papan kai.[1]

Wangun sarta Bahan

[édit | édit sumber]

Parud tradisional Sunda diwangun ku:

Papan Parud: Dijieun tina kai anu rada kandel pikeun panyekelna. Huntu Parud: Jaman baheula, huntu parud dijieun tina kawat beusi anu diteukteuk pondok tuluy ditanceubkeun kana papan kai, atawa tina lambaran kaléng anu diliangan maké paku sangkan aya bagian anu seukeut sarta kasar dina sisina.

R.A. Danadibrata nétélakeun yén parud téh nyaéta pakakas paranti ngukur kalapa atawa sampeu, dijieuna tina kai sarta maké beusi anu seukeut.[2]

Kagunaan

[édit | édit sumber]
  • Ngukur Kalapa: Pikeun ngahasilkeun hampas kalapa anu tuluy diperes janten cipati.
  • Ngaparud Sampeu: Pikeun ngadamel rupa-rupa opieun sapertos combro, misro, atawa rupa-rupa kuéh séjénna.
  • Ngaparud Bungbu: Sakapeung dipaké ogé pikeun ngahaluskeun bungbu sapertos jahé atawa konéng.[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. ↑ Rosidi, Ajip, spk. (2000). [ Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya]. Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. ↑ Danadibrata, R.A. (2006). [ Kamus Basa Sunda]. Bandung: Kiblat Buku Utama. Kaca 506.
  3. ↑ Rigg, Jonathan. (1862). [ A Dictionary of the Sunda Language of Java]. Batavia: Lange & Co. Kaca 352.

Karegori: pakakas