Mandala

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wangun Mandala Candi Borobudur.

Mandala (Aks. Sunda:ᮙᮔ᮪ᮓᮜ)asalna tina basa Sansekerta (मण्डल) nu hartina nya éta lingkaran. Mandala di dieu ogé artina puseur jeung nu ngurilingan. Mandala nya éta dunya puseur, wilayahna nu watesna jelas kadefinisikeun. [1][2]

Deskripsi[édit | édit sumber]

Mandala Candi Séwu.

Mandala nyaéta hiji totalitas nu kawengku ku bagian-bagian. Jeung sakabéhna éta ngajadikeun mandala jadi hiji kasampurnaan jeung kalengkepan. Kasampurnaan mandala diwangun ku karageman kualitas saperti puseur roda nu dikurilingan ku jari-jari roda badag. Ieu nu nyababkeun mandala ogé dingaranan hiji dewan kulawarga badag atawa dulur nu kawengku ti sababaraha kahadéan nu ngahiji dina puseurna. [1] Harti mandala nu séjén nya éta ésénsi samurni-murnina, sabab mandala asalna ti kecap manda nu hartina cai susu jeung la nu hartina diwangun tina. Mandala sakapeung disebut kiju, nyaéta sari cai susu nu kakosentri dina intina inti. Hiji nu tangtu, final, homogén, jeung bebas ti residua. [1] Tina wangenan nu samurni-murnina éta tuluy muncul paham Realitas Non-Dual (advaita) kaayaan. Paham India ieu manggihan akarna dina paham Indonesia primodial, nyaéta monisme. Sanajan monisme di Indonesia disebut salaku monisme-naturalistik, nyaéta nu transéndén nyaéta imanén-semesta, namung filsafat Advaita ieu manggihan alam pikiran nu sarua. Gampang pisan konsép mandala ieu ditarima ku karajaan-karajaan Sunda hususna jeung dumasar kana konsep mandala ieu, boh candi-candi Hinduis atawa Budhis. Di Pasundan katéplak dina wangun pantun-pantunna. [1]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Sumardjo, Jakob.2009.Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda.Bandung: Kelir.
  2. Geertz, Clifford.1992.Tafsir Kebudayaan terjemahan F. Budi Hardiman.Kanisius, Yogyakarta.
Nulis.jpg