Nulis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
kagiatan nulis

Nulis nya éta prosés kréatip ngungkarakeun gagasan dina wangun tinulis pikeun hiji tujuan, misalna méré informasi, ngajak, ngayakinkeun atawa ngahibur [1]. Jejer caritaan nu aya dina tulisan disebut gagasan atawa pikiran[1]. Éta gagasan téh dasar pikeun mekarna hiji tulisan[1]. Gagasan dina hiji tulisan bisa rupa-rupa, gumantung kana kahayang penulis[1]. Ngaliwatan tulisanna, penulis bisa ngébréhkeun gagasan, pikiran, pangalaman, kahayang, pendapat, jeung perasaanna[1]. Nulis salaku kaparigelan nya éta kamampuh hiji jalma dina ngedalkeun gagasan-pikiranna ka batur atawa pihak séjén ngaliwatan média tinulis[1].

Tujuan Nulis[édit | sunting sumber]

Tujuan nulis téh loba macemna gumantung kana ragam tulisana sorangan. Sacara umum, tujuan nulis bisa dikatégorikeun diantarana: Méré Informasi atawa Ngajelaskeun Tulisan nu tujuanna méré informasi atawa ngajelaskeun hiji pasualan biasa disebut karangan éksposisi. Karangan éksposisi nya éta karangan nu ngajelaskeun hiji hal ka pamaca jeung nunjukkeun bukti-bukti kongkrit nu tujuanna pikeun nambahan pangaweruh pamaca. Ngayakinkeun atawa Ngadesek Ieu tujuan tulisan nya éta ngayakinkeun pamaca yén naon nu ditepikeun ku penulis téh bener, penulis boga harepan sangkan pamaca satuju kana sawangan penulis. Nyaritakeun Hiji Hal Tulisan nu tujuanna pikeun nyaritakeun hiji kajadian ka pamaca disebut karangan narasi. Karangan narasi bisa dibedakeun jadi dua, nya éta karangan narasi ekspositoris (nyata) jeung karangan narasi sugestif (fiksi). Narasi ekspositoris misalna sajarah, biografi, jeung otobiografi, sedengkeun narasi sugestif misalna Baruang Ka Nu Ngarora, Wastukancana, jeung Payung Butut. Mangaruhan Pamaca Loba pisan bacaan nu tujuanna mangaruhan pamaca, ongkoh éta téh salasahiji tujuan utama panulis sangkan pamaca kapangaruhan kana naon nu ditulis sacara émosi. Salasahiji contona nya éta jangji-jangji nu ditulis ku juru kampanyeu dina koran atawa majalah.

  1. Ngagambarkeun Hiji Hal

Penulis karangan déskripsi teu beda jiga pelukis. Nu ngabédakeun kaduana nya éta media nu digunakeun, nya éta péna jeung kanvas. Penulis karangan deskripsi boga tujuan pikeun pamaca saolah-olah milu ngarasa, nempo, ngaraba, jeung menikmati objek nu dilukiskeun ku penulis. Hiji jalma bisa saolah-olah nempo jeung ngarasakeun endahna hiji kantor pos sanggeus manehna maca karangan deskripsi nu judulna “Keelokan Kantor Pos di Chicago”.

Mangpaat Nulis[édit | sunting sumber]

a. Pelepasan Émosional Nulis bisa jadi penyaluran emosi jeung perasaan. Ngébréhkeun perasaan jeung pikiran sacara tinulis, bisa ngawangun parobahan-parobahan kimiawi dina awak urang.

b. Mangpaat Sosial Upama urang nyieun tulisan dina hiji média saperti majalah, tabloid, koran jeung sajabana, maka ngaranna bakal dipikawanoh ku jalma réa.

c. Mangpaat finansial Ku ayana kagiatan nulis, urang bakal meunang duit tina tulisan nu geus dikirimkeun ka penerbit. Di dieu, kagiatan nulis bisa disebut pagawéan nu ngajangjikeun pikeun ngalengkepan pangabutuh sapopoé.

d. Mangpaat Intelektual Nulis bisa ngalatih otak urang sangkan leuwih parigel dina nyieun tulisan.[2]

Bangbaluh Nulis[édit | sunting sumber]

a. Demophobia = a fear of people (audience), asalna tina kecap “demos” nu hartina jalma réa, jalma ramé, atawa publik. Jadi, démophobia nya éta kasieun kana khalayak nu rék maca tulisan urang engkéna. Lamun rarasaan ieu terus aya, salilana ogé urang moal bisa jadi penulis. Biasana penulis modél kieu loba kasieun sarta pola pikirna teu mekar.

b. Laliophobia = a fear of speaking (I can’t write them down with my own words, asal kecapna”lalio” (saya berkata) laliophobia nya éta kasieun dina ngungkarakeun pikiran kana tulisan. Latihan jeung kabiasaan nu alus bisa jadi solusi dina ngungkulan ieu bangbaluh.

c. Katagelophobia= a fear of ridicule nya éta kasieun dikritik jeung dihina ku batur. Ku sabab éta saacan dipublikasikeun, pariksa heula bagian mana anu miboga poténsi gedé pikeun dikritik. Siapkeun argumén keur ngajawab hal-hal anu sakirana bakal dikritik.

d. Money-phobia= a fear of find nothing from writing Ieu bangbaluh bakal aya nalika oriéntasi penulis nya éta duit. Jadi, unggal kagiatan nulis kudu ngahasilkeun matéri. Hal ieu sah-sah waé, tapi lamun matéri dijadikeun motivator, moal loba hal nu bisa dilakukeun ku penulis.[2]

Kagiatan Nulis minangka Pagawéan[édit | sunting sumber]

Dina kahirupan kiwari anu sarwa modérn, pangarang bisa disajajarkeun jeung kahirupan profési, saperti dokter, insinyur, jeung ahli hukum. Profési ngarang bisa jadi pangupa jiwa anu bisa ngajamin kaperluan hirupna. Tapi umumna mah profési nulis masih dianggap semi profési anu méakkeun tanaga, perhatian, jeung waktuna di sagigireun pagawéan pokokna anu tangtu geus dianggap geus jadi sumber pangupa jiwa anu geus maneuh. Kagiatan nulis bisa dijadikeun sumber penghasilan nu henteu matak ngaganggu pakasaban utama. Salaku pakasaban kadua, nulis bisa ngahasilkeun penghasilan nu leuwih gedé batan pakasaban utama. Numutkeun tulisan nu aya dina kompas.com, dina buku “55 Surifire Home Based Businesses You Can Start for Under $5,000”, aya sababaraha kasempetan nu bisa dilskukeun ku sakabéh jalma nu miboga kamampuh nulis. Ti 55 wangun pakasaban nu ditawarkeun, jasa nu ditawarkeun nu miboga kamampuh nulis ditempatkeun dina urutan ka sabelas.

Aya 7 pakasaban nu bisa dijadikeun sumber penghasilan pikeun jalma-jalma nu miboga kamampuh nulis, nya éta:

1) Nulis artikel di majalah, koran jeung portal warta Jalma nu miboga kamampuh nulis bisa ngirimkeun tulisanna ka média massa. Loba média massa nu narima tulisan. Diantarana majalah, koran, jeung portal warta nu beuki ngalobaan. Lamun hayang ngirimkeun tulisan ka koran, bisa dimimitian ti nu lokal heula.

2) Nulis carita mistéri (Ghost Writer) Loba jalma nu ahli dina salasahiji widang, tapi miboga kamampuh nulis nu kawatesanan. Ku kituna, ngabutuhkeun batur nu bisa nuliskeun idé-idé nu aya dina sawangan maranéhna. Tulisan politisi nu sering dimuat dina media massa, sabenerna lain tulisan asli manéhna, sabab sibuk ku urusan dinesna, jadi teu boga waktu keur nulis. Pejabat nu méré idé jeung gurat badag pamikiranna, sedengkeun nu mantuanna nuliskeun sistematika nu terstruktur. Lain artikel dina media massa wungkul, tapi bisa ogé buku. Konsekuensina, tangtu nu mantuan pajabat éta teu dicantumkeun ngaranna dina tulisan nu geus dipigawé ku manéhna ( nu mantuan pejabat nulis)

3) Penulis buku Sarat utama jadi penulis buku, nya éta kudu miboga konsisténsi, komitmen, jeung motivasi. Nulis buku henteu ngan saukur bisa jadi penghasilan utama. Penulis bisa kasohor lamun bukuna suksés.

4) Éditor Kiwari loba pisan éditor nu sipatna freelance. Naskah-naskah nu dikirimkeun ka penerbit tuluy dikirimkeun ka éditor nu bisa dipigawé di imahna séwang-séwangan.

5) Stap ahli Jalma nu miboga kamampuh nulis nu hadé, bakal miboga kasempetan jadi stap ahli, sabab maranéhna tangtu miboga pangaweruh nu jembar. Ilaharna sok migawé naskah biantara, makalah bahan sawala, press conference jeung sajabana. Stap ahli butuh rélasi nu kuat tur jembar.

6) Nulis réview di blog

Sarat utamana tangtu kudu boga blog. Loba blogger nu bisa hirup tina nulis review di internét. Kiwari loba pisan perussahaan internet nu jadi perantara panulisa review hiji web atawa prodak. Salila aya keneh internet, salila éta ogé kabuka peluang pikeun nu miboga kamampuh nulis.

7) Copywriting Loba perusahaan nu ngabutuhkeun jasa tulisan laporan taunan. Di luhur mangrupa tulisan keur promosi barang jeung jasa perusahaan tinangtu.[3]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f (id) pengertian menulis (diaksés kaping 23 Séptémber 2011
  2. a b Putra, R.Masri Sareb. 2007. How to Write Your Own Text Book. Bandung: Kolbu kaca 22-30
  3. (id) pekerjaan menulis (diaksés kaping 25 Séptémber 2011)


Nulis.jpg