Penca Silat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Patandang Silat asal Vietnam

Penca Silat atawa silat nyaéta seni béla diri anu asalna ti Asia Tenggara. Seni Béla Diri ieu geus kawentar di Indonesia, Malaysia, Brunei Darussalam, Singapura, Filipina Kidul jeung Thailand Kidul saluyu jeung nyebarna séké sélér Malayu Nusantara.[1]

Sejarah Penca Silat[édit | édit sumber]

Penca silat geus dipikawanoh ku sabagéan masarakat Malayu kalawan sababaraha ngaran.[2] Di semenanjung Malaysia jeung Singapura, penca silat leuwih dipikawanoh ku ngaran gayong jeung cekak.[2] Di Thailand, penca silat dipikawanoh ku ngaran bersilat, jeung di Filipina kidul dipikawanoh ku ngaran pasilat.[2] Ti ngaranna, geus bisa dipikanyaho yén penca silat asalna ti Indonesia nepi ka ditetepkeun yén olahraga ieu diciptakeun nu munggaran di Indonesia.[2]

Zaman Kuno[édit | édit sumber]

Karuhun bangsa Indonesia geus boga cara ngabéla dirina nu boga fungsi pikeun mertahankeun kahirupanna atawa kelompokna ti musibat atawa tantangan alam.[3] Maranéhna nyiptakeun béla diri pikeun nirukeun gerakan sasatoan nu aya di lingkunganna, saperti gerakan monyét, maung, oray atawa manuk dadali.[3]

Zaman Karajaan-Karajaan di Indonesia[édit | édit sumber]

Karajaan-karajaan badag, saperti Majapahit jeung Sriwijaya miboga pendékar nu ngawasaan élmu béla diri jeung bisa ngahijikeun prajurit nu kamaheranna dina ngabéla dirina bisa diandelkeun.[3] Dina sajarah perjoangan ngalawan panjajah Walanda, kacatet pendékar anu ngangkat sanjata,, saperti Panembahan Senopati, Sultan Agung, Pangeran Diponegoro, Tjik Ditiro, Teuku Umar, Imam Bonjol, sarta pendékar awéwé, saperti Sabai Nan Aluih, Tjut Nyak Din, jeung Tjut Mutiah.[3]

Sajarah Ikatan Penca Silat Indonesia (IPSI)[édit | édit sumber]

Nyadar kana pentingna ngamekarkeun peran penca silat keur ngeusi sumanget kamerdikaan, ku kituna dirasa perlu ayana organisasi penca silat nu sipatna nasional, nu bisa ogé ngabeungkeut aliran penca silat nu aya di Indonesia. Dina kaping 18 Mei 1948, kabentuk Ikatan Penca Silat Seluruh Indonesia kalawan susunan pangurus puseur :[3]

  • Ketua Umum : Mr. Wongsonegoro
  • Wakil Ketua : Suria Atmadja
  • Penulis Umum : Marijun Sudirohadiprodjo
  • Bendahara : Suratno Sastroamidjojo

Dina 11 Maret 1980, Persatuan Penca Silat Antarbangsa (Persilat) ngadegkeun kalawan prakarsa Eddie M. Nalapraya (Indonésia), nu kiwari ngajabat jadi pupuhu IPSI.[2] Acara éta dirojong ku wawakil ti Malaysia, Singapura, jeung Brunei Darussalam.[2] Kaopat nagara éta kaasup nagara Indonesia, ditetepkeun salaku naratas Persilat.[2]
Penca Silat nyaéta hijimétodeubela diri anu dijieun ku urang Indonesia keur mertahankeun dirina sorangan ti sagala rupa musibat. Musibat anu ngancem ka kaselamatan jeung kalumangsungan hirupna. Salaku hiji élmu/metode béla diri anu lahir jeung mekar di kahirupan sosial masarakat bangsa Indonesia, Penca Silat kacida dipangaruhan pisan ku palsapah, budaya, jeung kapribadian bangsa Indonesia.[4]
Silat disawang mekar di kapuloan sakabéh Nusantara ti abad ka-7 maséhi, namung asal muasalna mah can bisa di tangtukeun. Mimiti aya élmu béla diri ieu mungkin mekar ti kaparigelan séké sélér asli Indonesia dina moro jeung perang ngagunakeun bedog, tameng jeung tumbak.[5] Penca Silat di Jawa Kulon biasana dilengkepan ku Goong Bendé jeung alat tiup Tarompet, biasana ditepikeun kalayan musik anu disebut Kendang Penca.[5] Fungsi ti musik Kendang Penca ieu nyaéta pikeun nyarengan pintonan gerak-gerak jurus silat jeung kaparigelanna anu geus ditata dina hiji wangun ibingan silat.[5] Pagelaran Penca Silat dimimitian ku acara ngawanohkeun sorangan ka sakabéh patandang silat anu dibéré nomor tandang saluyu jeung ngaran sarta aliran silatna.[3]
Patandang silat asup ka arena tandang. Ditengah-tengah aréna, patandang méré hormat ka nu nongton di antarana kalayan cara rengkuh bari panangan katuhu nu ngeupeul jeung dampal leungeun kénca di hareupeun dada.[5] Di dieu nunjukkeun yén dina pintonan Penca Silat anu dilakukeun sorangan, teu boga maksud ngajak gelut. Namung fungsina salaku seni pintonan.[5] Saréngséna hormat jeung biasana, patandang ngawilujengkeun ka nayaga keur nabeuh. Biasana di Jawa Kulon sorangan, musik nu dipaké macem-macem. Salah sahijina nyaéta lagu Buah Kawung.[5]
Dasarna pakéan anu dipaké masih tetep boga pola tradisi, nyaéta iket, baju kampret hideung polos, calana pangsi, beubeur, sarung, jeung bedog. Iket keur awéwé mah cukup ku hiji lambar kaén, utamana ngabeungkeut buuk ulah nepi ka ngaganggu gerakan jurus.[5] Istilah-istilah gerak silat anu dicokot tina kahirupan sapopoe nyaéta: Adeg-adeg, Ajeg, Bendul, Besot, Centok, Dengkul, Depok, Gedig, Giles, Guar Jalak Pengkor, Jambret, Kelid, Koset, Kuda-kuda, léngkah, Limbung, Malik, Mande, Mincid, Najong, Pasang, Pegung/Bendung, Pepeg, Peupeuh, Rengkuh, Rogoh, Selup, Siku, Tangkis, jeung Tarik.[5]
Dina kamekaranna, musik nu nyarengan Penca Silat ogé kiwari leuwih dipikaresep ku masarakat. Lagu-lagu kendang penca loba nu geus dijadikeun dina wangun kasét.[5] di antarana Grup Muchtar Darma Saputra geus loba ngarekam lagu-lagu kendang penca kalayan sora tarompetna nu khas.[5]

Tata Tertib Penca Silat[édit | édit sumber]

Saluyu jeung norma sarta ajén budaya Indonesia, kawengku sababaraha aturan nu kudu diperhatikeun sarta dilakukeun kalawan bener nalika latian penca silat, di antarana nyaéta:[2]

  • Upacara muka latian nu kawengku ku:
    • Nyiapkan barisan;
    • Do'a dipingpin ku palatih;
    • Maca "prasetya pesilat Indonesia"
    • Hormat ka Palatih, dipingpin ku pamingpin barisan.
  • Pamanasan
  • Latian inti
  • Niiskeun awak
  • Upacara panutupan latian (sakumaha upacara bubuka) dipungkas ku sasalaman.[2]

Ciri Umum jeung Ciri Khusus[édit | édit sumber]

Ciri Umum[édit | édit sumber]

Aya ogé ciri-ciri umum penca silat:

  1. Penca silat ngagunakeun sakabéh bagéan awak keur ngabela diri.
  2. Penca silat teu merlukeun sanjata nu tangtu, sanjata naon waé ogé bisa dijadikeun sanjata pikeun ngabela diri.
  3. Penca silat lahir jeung mekar sarasi jeung alam sakurilingna, adat sopan santun masarakat, watek séké sélér jeung ageman anu sakabéhna di wewengkon Indonesia.[2]

Ciri Khusus[édit | édit sumber]

Ciri khusus penca silat:

  1. Sikep tenang namung tetep waspada.
  2. Tangginas, gancang, waktu jeung target nu pas sarta gerak refleks keur ngawasaan lawan, lain ngan ngandelkeun kakuatan jeung tanaga hungkul.
  3. Ngagunakeun prinsip pindah masa beurat, maénkeun pamindahan titik beurat awak.
  4. Ngamangpaatkeun serangan jeung tanaga lawan sacara maksimal.
  5. Ngahemat, nyalurkeun tanaga anu minimal.[2]

Aspek dina Penca Silat[édit | édit sumber]

Dina Penca Silat, hal nu kudu di punjulkeun nyaéta:

  1. Budi luhur,
  2. Damai, jeung
  3. Tahan uji.[2]


Dina silat ogé aya opat aspek anu kawengku, nyaéta:

  1. Seni. Seni nurutkeun ahli ti Amerika, Munro (1963: 419) seni nyaéta jieunan manusa nu nimbulkeun efek psikologis ka manusa séjén anu nempona. Dina penca silat, dipintonkeun seni ngaléngkah sarta bela diri anu dihijikeun jeung gerak éndah saperti ibing. Nyieun jalma anu nempona teu ngarasa bosen dina nongton pintonan Penca Silat.[2]
  2. Bela diri. Seni bela diri nyaéta penca silat éta sorangan. Seni bela diri nyaéta kasenian anu muncul salaku hiji cara jalma pikeun ngaproteksi dirina sorangan. Geus lila seni béla diri aya jeung mimitina mekar di paperangan. Biasana seni béla diri éta lain asalna ti tantara, namung asalna ti masarakat awam anu ngabutuhkeun téhnik mertahankeun dirina.[2]
  3. Kajiwaan. Kajiwaan nyaéta hiji hal anu sipatna rohaniah atawa abstrak. Lain jasmaniah anu bisa ditempo ku panon. Kajiwaan leuwih ka sipat psikologi, boh méntal, émosi, pikiran jeung akal. Dina penca silat, kajiwaan kacida pentingna ku sabab sipat ieu nu nangtukeun urang rek ngagunakeun pikeun kahadéan atawa kagoréngan.[2]
  4. Olahraga. Olahraga nyaéta aktivitas keur ngalatih awak hiji jalma, teu ngan sacara jasmani namung ogé rohanina. Geus tangtu penca silat nyaéta bagéan ti olahraga, ku sabab dina penca silat pinuh ku gerak awak anu ngaproduksi kesang nu leuwih loba.[2]

Historisasi Penca Silat di Jawa Kulon[édit | édit sumber]

Dina historisasi penca silat bisa dicindekkeun yén aya dua kategori aliran penca silat, nyaéta Aliran Bangsawan jeung Aliran Rahayat.

  1. Aliran Ménak nyaéta aliran penca silat anu dikembangkeun keur ménak (karajaan).[5] Aya mangsana penca silat ieu mangrupa alat ngabela diri hiji nagara (karajaan).[5] Sipat ti penca silat anu dimekarkeun ku bangsawan umumna sipatna katutup jeung mertahankeun kamurnianna.[5]
  2. Aliran Rahayat nyaéta adalah aliran penca silat anu dimekarkeun ku golongan iwal bangsawan.[5] Aliran ieu dibawa ku padagang, ulama, jeung masarakat. Sipat dina aliran ieu umumna kabuka jeung bisa adaptasi.[5]

Di mimitian kalayan ayana politik anyar dina awal abad XX jeung kawijaksanaan Walanda nyaéta Etische Politiek, nu tujuanna ngaronjatkeun kasejahteraan rahayat liwat sababaraha program, hususna pendidikan.[5] Kamekaran peran désa jeung dibentukna polisi desa, boga pangaruh dina pola pangajaran silat di masa éta, silat geus diajarkeun di sakola-sakola dasar (désascholen), nepi ka jalma nu deukeut ka Walanda saperti Priyayi, Amtenaren, KNIL nepi ka Marechausse pasukan husus Walanda dina mangsa éta.[5]
Sajalan ti munculna rasa nasionalisme, ku kituna muncul ogé padungdengan di golongan pangajar penca silat dina mangsa éta ngeunaan saha nu boga hak diajar silat ieu. Kasadaran nasionalisme ieu makin kuat nalika dina taun 1915 dibuka kasempetan keur ngadegkeun organisasi politik bagi kaom bumi putra, pangajaran jadi salah sahiji materi anu diajarkeun di unggal organisasi ieu. Saperti dina kamekaran awal Syarekat Islam di wewengkon Jawa nu diiluan ku ngadegkeun mimitran Setya Hati ku Ki Ngabehi Suryodiwiryo nu nyababkeun Walanda makin ngawas kamekaran paguron ieu ku sabab boga pengikut jeung murid nu loba pisan.[5]
Penca silat hususna di Jawa dina taun 40an kacida dipikaresep ku pamuda keur nyiapkeun kamerdikaan RI, ogé sanggeus penca silat di taun 1942 mangsa Jepang distandarisasi digunakeun salaku program élmu béla diri nu diajarkeun ka PETA (Pembela Tanah Air), Pasukan Pelopor jeung sajabana. Jepang méré pangdeudeul dinamétodeupangajaran sateuacan dimimitian, dilakukeun taizo pamanasan sangkan teu cidera otot. Ti dinya paguron penca silat nu dimotoran ku palajar éx PETA, Pasukan Pelopor dan Haiho.[5]
Sistem pangajaranna ngagunakeun sérémonial saperti béla diri Jepang (hormat, do’a, mulai pamanasan, latihan jeung ditutup ku seremonial deui) ku kituna loba sistem pangajaran nu béda antara penca silat ti Jawa Tengah, Jawa Wetan jeung Jawa Kulon jeung Sumatera Kulon.[5]

Pranala Luar[édit | édit sumber]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. Trisnowati, Tamat.1986.’’’Pelajaran Dasar Pencak Silat’’’.Jakarta.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Asep Kurnia Nenggala, "Pendidikan Jasmani dan Kesehatan", PT Grafindo Media Pratama, 979758349X, 9789797583491.
  3. a b c d e f Moh.Gilang, dkk, "Penjasorkes SMA kls 12", Ganeca Exact, 9795712578, 9789795712572.
  4. Maryono, O’ong.1999.Silat Merentang Waktu.Jakarta: Galang Press.
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Sopandi, Atik, Kartakusamah, dkk.1994.Ragam Cipta.Jakarta: Dinas Kebudayaan.