Gondang buhun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Gondang buhun nyaéta salah sahiji jenis tradisi gondang mangrupa seni tutunggulan ti Kampung Adat Kuta, Ciamis, Jawa Kulon. Gondang buhun asalna tina harmonisasi sora anu diakibatkeun tina sora halu saperti patani anu keur nutu paré, bisa ogé dihartikeun tanda atawa sabagian tina ritual masarakat satempat. Nurutkeun masarakat Kampung Kuta, gondang buhun asalna digunakeun pikeun sabagian tina ritual nyuguh, nyaéta ritual kanggo ngalepas prajurit balatantara Karajaan Pajajaran anu rék mentas ka Sungai Cijolang, rék ka Karajaan Majapahit. Sabot ti dinya, gondang buhun janteun pambuka kanggo satiap ritual nguyuh. Gondang buhun ieu midang sakali satahun, nyaéta satiap ritual nguyuh. Midangna pagelaran eusina biasana patuan sareng nasehat.[1]

Zaman baheula sora nutu halu dihartikeun kanggo tanda kabungah jeung malapetaka. Kabungah anu dimaksud nyaéta bakal aya hajatan, syukuran, atawa hajat nikahan anu ngagunakeun tenda atawa balandongan. Kanggo tanda ayana malapetaka langkung di jerokeun tina kanyaho masarakat kana hal ayana gerhana bulan. Sora nutu halu dina lesung dimanfaatkeun jang méré nyaho tanda ngeunaan kaayaan manusa anu ngahuni alam dunya.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Penetapan Warisan Budaya Takbenda Indonesia Tahun 2018 (PDF). Jakarta: Direktorat Warisan dan Diplomasi Budaya, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan. 2018. pp. 138–139.