Sarung
Sarung mangrupa lawon anu baku dipaké ngabunian bagian awak ti semet beuteung ka handap, sarta tungtungna ti gigir dikaput disambungkeun basa lemesna sinjang.[1]
Sajarah jeung kamekaran
[édit | édit sumber]Tékstil mangrupa industri pelopor di éra Islam.[2] Dina éra éta, standar tékstil masarakat muslim di Semenanjung Arab loba pisan.[2] Salah sahiji produk tékstil anu mekar di éra Islam jeung masih aya nepi ka ayeuna nyaéta sarung.[2] Sarung di nagara Oman disebut wizaar. Sedengkeun di Arab Saudi disebut izaar.[2] Numutkeun sajarah, sarung téh asalna ti Yunani.[3] Di Yunani mah sarung téh disebut futah.[3] Abad ka-14 mimitina sarung asup ka Indonésia, dibawa ku urang Arab jeung Gujarat.[3] Kamekaran sarung di Indonésia idéntik jeung kabudayaan Islam.[3] Pacampurna budaya sapanjang pesisir Indonésia ngabalukarkeun sarung jadi loba rupana.[3] Désainan Islam, Jawa, Cina jeung Indo-Eropa jadi ngahiji, nepi ka sarung pesisir miboga warna, motif, jeung pola anu leuwih bébas.[3] Jaman baheula nalika penjajahan Walanda, sarung idéntik jeung bajoangna ngalawan budaya barat anu dibawa ku para penjajah.[3] Satuluyna, sarung jadi ciri di antara simbol jeung ajén-ajén budaya Indonésia.[3] Sumebarna sarung lain ngan di Semenanjung Arab, tapi nepi ka Asia belah kidul, Afrika, nepi ka Amerika jeung Eropa.[2] Dina Ensiklopedia Britanica, disebutkeun baju tradisional masarakat Yaman.[2] Sarung geus dipercaya geus diproduksi jeung dipaké ku masarakat tradisional.[2] Ti jaman baheula masarakat Yaman kabiasaan maké sarung geus paheut nepi ka ayeuna.[2] Nepi ka ayeuna sarung Yaman jadi oléh-oléh has tradisional ti Yaman.[2] Mimitina sarung ngan dipaké ku sélér baduy anu cicing di Yaman.[2] Sarung ti Yaman asalna tina kaén bodas anu dicelep kana neel nyaéta bahan gincu anu warnana hideung.[2] Sarung Yaman aya sababaraha rupa di antarana modél assafi, al-kada, jeung annaqshah.[2] Nepi ka ayeuna, anu digarawé di Yaman masih kénéh maké sarung.[2] Urang Yaman amké sarung henteu nepi ka mumuncangan jiga urang Indonésia.[2] Sarung ogé geus jadi raksukan anu penting dina tradisi Islam di Indonésia.[2]
catetan
[édit | édit sumber]- ↑ Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o Sarung Busana Identitas Muslim Archived 2011-05-02 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 5 November 2011)
- ↑ a b c d e f g h Nilai dan Sejarah Sarung Archived 2021-08-01 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 5 November 2011)