Salé cau

Salé cau nyaéta kadaharan hasil olahan tina cau nu dikeureutan aripis tuluy dipoé nepi ka garing.[1] Tujuan dipoé téh ngurangan cai tina cau sangkan leuwih awét waktu diteundeunna.[1] Ieu kadaharan bisa langsung didahar atawa digoréng heula ngagunakeun tipung keur mulenna.[1] Kiwari, produksi salé cau téh geus nepi ka pasar internasional. [1] Produk salé cau téh mangrupa kadaharan pituin ti Karangpucung jeung Majenang anu pernahna di Kabupatén Cilacap, Jawa Tengah. [1] Ngan dina kamekaranana loba daérah séjén nu nyieunan, matak pantes lamun salé cau loba nu ngakukeun jadi kadaharan has daérahna.[1]
Kualitas
[édit | édit sumber]Sipat penting anu nangtukeun kualitas salé cau téh nyaéta warna, rasa, bau, hipu, jeung awét henteuna. [1] Kualitas kawas kitu téh loba pisan dipangaruhan ku cara ngolah jeung neundeun salé cau sabada diolah.[1] Biasana anu ngabalukarkeun kualitas salé goréng téh ku usum hujan, sabab salé cau bakal beyé moal garing sacara sampurna. [1] Keur ngungkulan éta pasualan, bisa ngagunakeun alat ngagaringkeun nu ku alat nyaéta digarang dina hawu.[1]
Cara Nyieun
[édit | édit sumber]Aya 3 (tilu) cara nyieun salé cau.[2]
- Cara tradisional ku cara digarang dina haseup kai.[2]
- Digarang ku haseup warirang.[2]
- Ngagunakeun cacai natrium bisulfit.[2]
Prosés ngagarang ku haseup warirang miboga kauntungan kieu.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 "Cara Membuat Sale Pisang Kering Gurih | Resep Nasional". www.resepnasional.com (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2017-11-01.
- 1 2 3 4 "Cara Membuat Sale Pisang Manis dan Renyah Sederhana - Sipendik". Sipendik (Dina basa Inggris Amerika). 2016-01-28. Diaksés tanggal 2017-11-01.
- 1 2 3 4 Iptek - Tips Pengolahan Sale Pisang Archived 2010-05-14 di Wayback Machine