Hawu
| |
| Jenis | Pakakas Dapur Tradisional |
|---|---|
| Asal | Tatar Sunda, Indonésia |
| Bahan | Taneuh liat, bata, atanapi batu |
| Suluh | Kai garing (suluh) |
Hawu asalna tina basa Jawa nyaéta tina kecap awu anu hartina abu. Dina basa Sunda, disebut lebu. Jadi, hawu nyaéta tempat ngumpulna abu atawa lebu. Di masarakat Sunda dipikawanoh dua wanda hawu nyaéta hawu nu basajan jeung hawu nu dijieun tina gerabah.[1] Hawu nu basajan mah dijieunna tina bata nu ditumpukkeun sarta teu dilapisan ku taneuh liat. Ku kituna, hawu nu modél kieu biasana tara kuat sarta babari paburantakan saupama kagédor téh. Hawu nu kadua wangunna sarupa jeung hawu nu basajan tapi miboga dua liang pikeun tempat masakna anu ngajajar ka tukang atawa ka gigir. Hawu ieu dilapisan ku taneuh liat sangkan teu babari runtuh jeung paburantakan.[2]
Bagian-bagian Hawu
[édit | édit sumber]Aya sababaraha istilah anu patali sareng hawu:
- Liang Hawu: Liang paranti nyelébkeun suluh sarta tempat kaluarna seuneu.
- Para seuneu/Bangkuang: Bagian luhur hawu anu datar paranti neundeun pakakas masak.
- Pawon: Tempat sakurilingeun hawu, mindeng dipaké istilah pikeun nyebut dapur sacara sakabéh.[3]
Pakakas Pangrojong
[édit | édit sumber]Nalika ngagunakeun hawu, aya sababaraha pakakas sanés anu sok marengan:
Songsong: Paranti niup seuneu tina awi supados seuneuna gancang hurung. Parako: Wadah lebu dina handapeun hawu. Panyapit: Alat pikeun mindahkeun suluh anu nuju hurung.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.
- ↑ Anwar, Hafizh A. Nugraha, Hendi (2013). Rumah Etnik Sunda. Jakarta: GRIYA KREASI. hlm. 1. ISBN 9789796612116. Diaksés tanggal (disungsi – 22 Mei 2020).
- ↑ Rigg, Jonathan. (1862). [ A Dictionary of the Sunda Language of Java]. Batavia: Lange & Co. Kaca 153.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |