Niskala Wastu Kancana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Niskala Wastu Kancana
Mahapraburesi Karajaan Sunda Galuh
Reign 1348 - 1475
Born 1348
Kawali
Died 1475
Predecessor Prabu Bunisora Suradipati
Successor Prabu Susuk Tunggal
Prabu Déwa Niskala
(Karajaan dibagi dua, Galuh Kawali jeung Sunda Pakuan)
Dynasty Siliwangi
Father Maharaja Linggabuanawisésa
Mother Déwi Lara Linsing

Niskala Wastu Kancana atawa Anggalarang atawa Wangisutah atawa Linggawastu gumelar di Galuh, Kawali dina taun 1348 jeung pupus dina taun 1475, di Kawali, Ciamis nyaéta raja ti Karajaan Sunda Galuh ngahiji anu maréntah antara taun 1371 dugi ka taun 1475. Seméméhna diheulaan ku amangna, Prabu Guru Mangkubumi Bunisora Suradipati atawa Prabu Guru di Jampang (1357-1371) anu maréntah sanggeus lanceukna, Prabu Maharaja Linggabuana, gugur di Palagan Bubat.

Biografi[édit | édit sumber]

Bapana Prabu Maharaja Linggabuana (anu gugur di Bubat nalika Prabu Niskala yuswa 9 tahun) putra Prabu Ragamulya Luhur Prabawa putra Prabu Ajiguna Linggawisésa. Ibuna Déwi Lara Linsing[1] putri Prabu Arya Kulon Raja Sunda (di Pakuan Bogor minangka raja bawahan) jeung Déwi Kiranasari putri Prabu Ajiguna Linggawisésa 1333-1340 Maséhi. Lanceukna, Puteri Dyah Pitaloka Citraresmi anu kawentar geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina, gumelar dina taun 1339 Maséhi hanjakal milu gugur di médan jurit ngabéla lemah cai, Tanah Sunda, miwah Sang Rama, Prabu Maharaja, di Bubat dina poé Salasa Wage tanggal 4 Séptémbér 1357 Maséhi.[2]

Nincak rumaja Wastukancana ngalanglang buana ka Lampung, anu waktu harita masih dina pangaruh karajaan Sunda. Tina lalampahan di Lampung ieu, tuluy jatukrami jeung putri Raja lampung, anu ngarana Déwi Lara Sarkati, jadi praméswari kahiji. Nalika jumeneng jadi raja dina taun 1371 M, yuswa 23 taun. Ti Lara Sarkati, Sang Prabu gaduh putra Sang Haliwungan, anu saterusna jadi raja muda di Karajaan Sunda Pakuan, gumelar Prabu Susuk Tunggal.

Sedengkeun ti praméswari kadua, Déwi Mayangsari, putri amangna, Prabu Rahyang Bunisora, Niskala Wastukancana gaduh 4 urang anak. Nu cikal, Ningrat Kancana jumeneng raja muda di Kawali (Galuh) gumelar Prabu Déwa Niskala. Nu kadua, Surawijaya, nu katilu, Gedéng Sindangkasih, jeung nu ka-4, Gedéng Tapa.

Pamaréntahanana[édit | édit sumber]

Mahaprabu Niskala Wastu Kancana dibimbing dina masalah kanagaraan jeung kaagaamaan ku amangna, Sanghyang Bunisora, sahingga jadi jalma nu wijaksana turta dipikaresep balaréa. Sang Bunisora, kawentar tuhu dina agama, dugi kénging jujuluk rajaresi, numutkeun Carita Parahyangan digelar Satmata, nyaéta gelar kaagamaan Sunda tingkat kalima tina tujuh tingkat nu dianut penguasa Sunda mangsa harita.

Numutkeun naskah Koropak 630, tingkat batin manusia dina kaagamaan (Sunda) nyaéta:

  1. acara,
  2. adigama,
  3. gurugama,
  4. tuhagama,
  5. satmata,
  6. suraloka, jeung
  7. nirawerah.

Satmata mangrupa tingkatan k-5, tahap pangluhurna, pikeun jalma nu ngurus kadunyaan. Tingkat ka-6 (Suraloka), jalma geus ngéwa kadunyaan, tingkatan ke-7 (Nirawerah), ilang sagala hasrat jeung nafsu, hirup keur Hyang Batara Tunggal (Pangéran Nu Mahatunggal).

Prabu Niskala Wastu Kancana jumeneng ratu ngaganti Prabu Bunisora dina yuswa 23 taun (1371) M, digelar Mahaprabu Niskala Wastu Kancana atawa Praburesi Buana Tunggadéwata, kasebut Prabu Linggawastu putra Prabu Linggahiyang, tulisan Carita Parahyangan kaunggel:

aya deui putra prebu, kasohor ngaranna, nyaéta prebu Niskala Wastu Kancana, nu tilem di nusalarang gunung wanakusuma. lawasna jadi ratu saratus opat taun, lantaran hadé ngajalankeun agama, nagara gemah ripah. sanajan umurna ngora kénéh, tingkah lakuna saperti nu geus réa luangna, lantaran ratu éléh ku satmata, nurut ka nu ngasuh, hyang bunisora, nu hilang di gegeromas. batara guru di jampang. sakitu nu diturut ku nu ngereh lemah cai. Batara guru di Jampang téh, nyaéta nyieun makuta sanghiang paké, waktu nu boga hak diangkat jadi ratu. beunang kuru cileuh kentél peujit ngabakti ka déwata. nu dituladna ogé makuta anggoan sahiang indra. sakitu, sugan aya nu dek nurutan. enyaéta lampah nu hilang ka nusalarang, daék éléh ku satmata. mana dina jaman éta mah daek eleh ku nu ngasuh. mana sesepuh kampung ngeunah dahar, sang resi tengtrem dina ngajalankeun palaturan karesianana ngamalkeun purbatisti purbajati. dukun-dukun kalawan tengtrem ngayakeun perjangjian-perjangjian maké aturan anu patali jeung kahirupan, ngabagi-bagi leuweung jeung sakurilingna, ku nu leutik boh kunu ngedé moal aya karéwélanana, para bajo ngarasa aman lalayaran nurutkeun palaturan ratu. cai, cahaya, angin, langit, taneuh ngarasa senang aya dina genggaman pangayom jagat. ngukuhan angger-angger raja, ngadeg di sanghiang linggawesi, puasa, muja taya wates wangenna. sang wiku kalawan ajen ngajalankeun angger-angger déwa, ngamalkeun sanghiang watangageung. ku lantaran kayakinan ngécagkeun kalungguhanana téh.[3]

Akhir Kakawasaan jeung Suksési[édit | édit sumber]

Sang Mahaprabu Niskala Wastu Kancana, maréntah di Karajaan Sunda Galuh, salila 103 taun 6 bulan leuwih 15 poé (1371 - 1475 Masehi), pupus dina yuswa leuwih ti 126 taun. anjeunna sempet ngareungeu, Majapahit turun komarana kawalat lantaran téga geus nelasan dulur sorangan di Bubat kuhayang-hayangna nalukkeun Sunda, nu aya Majapahit anu dipepejét sorangan ku Perang Parégrég, teu kudu Sunda ngajorag ka Majapahit, rebutan tahta di antara turunan Prabu Hayam Wuruk, dina taun 1453-1456 Masehi ngarerejét karajaan anu disebut Wilwatikta téa. Akibatna, salila 3 taun, Majapahit teu boga raja. Mangsa Majapahit keur paciweuh, Karajaan Sunda malahan dina kaayaan tenang jeung damai dina pamaréntahan Sang Mahaprabu, putra Sang Prabu Maharaja bari teu petot tirakat jeung ibadah (brata siya puja tan palum).

Sabada pupus, Sang Mahaprabu Niskala Wastu Kancana, dikurebkeun di Nusalarang, dugi kawentar Sang Mokténg Nusalarang. Wilayah Sunda dibagi ka 2 anakna, nu hiji kumawasa di Sunda beulah kulon (Pakuan), Bogor jeung Sunda beulah wétan (Galuh), Kawali, Ciamis.

Kahiji, Sang Haliwungan jumenenng jadi raja anom di Karajaan Sunda ti taun 1382 Maséhi, kalayan gelar panobatan Prabu Susuk Tunggal, pusat pamaréntahanana di kota Pakuan (Bogor). Prabu Susuk Tunggal mangrupa putra tunggal ti istrina, Déwi Lara Sarkati, putri raja Lampung, Resi Susuk Lampung, kumawasa di Karajaan Sunda, watesna ti Citarum ka kulon salila 100 taun (1371-1475) Maséhi. Putrina, Kentring Manik Mayang Sunda, jatukrami jeung Rahyang Jayadéwata putra Prabu Déwa Niskala ti Karaton Galuh.

Kadua, Ningrat Kancana putra cikal Prabu Niskala Wastu Kancana sareng putri Déwi Mayangsari putri Prabu Bunisora. anjeunna jumeneng jadi Raja Anom di Galuh gédéngeun Sang Rama, Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana nu kumawasa di Karajaan Sunda Galuh, kalayan gelar panobatan Prabu Déwa Niskala kumawasa di wétan Citarum dugi ka walungan Cipamali. Dangiang Sang Mahaprabu nulad ka incuna anu kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapriya, Rahyang Jayadéwata atawa Sri Baduga Maharaja putra Déwa Niskala sareng Déwi Rengganis.

Ku kituna raja Sunda Pakuan dan Galuh sabapa (duanana putra Niskala Wastu Kancana) bébésanan. Rahyang Jayadéwata narima tahta Galuh ti ramana, Prabu Déwa Niskala kalayan gelar panobatan Prabu Guru Déwataprana jeung narima tahta Sunda ti uwa tur mertuana, Prabu Susuk Tunggal, kalayan gelar panobatan Sri Baduga Maharaja ngahijikeun 2 istana Sunda, nyaéta karaton Galuh dan Sunda Pakuan.[4] Jadi gelar panjangna incu Mahaprabu téh, Prabu Guru Déwataprana Sri Baduga Maharaja Ratu Haji Sri Sang Ratu Déwata. Sunda Galuh ngahiji deui jumeneng ratu di Pakuan Pajajaran.

Prasasti Kawali[édit | édit sumber]

Prasasti Astana Gedé atawa Prasasti Kawali ngarujuk nu kapanggih di Kampung Indrayasa, Désa Kawali, Kawali, Ciamis Kabupatén Ciamis, Jawa Kulon, Kawasan Kabuyutan Kawali, kabupatén Ciamis, Jawa Barat.[5]

Dumasar perbandingan saperti naskah Carita Parahyangan jeung Pustaka Rajya Rajya i Bhumi Nusantara, disimpulkeun yén Prasasti Kawali I ieu mangrupa sakakala atawa tugu pangéling kajayaan Prabu Niskala Wastu Kancana, Maharaja Sunda Galuh anu jumeneng di Kawali, putra Prabu Maharaja Linggabuana nu gugur di Bubat.

Eusi teks[édit | édit sumber]

  • Alihaksara diplomatis

Teks di bagéan hareup :

  1. nihan tapa kawa-
  2. li nu sang hyang mulia tapa bha-
  3. gya parĕbu raja wastu
  4. mangadĕg di kuta ka-
  5. wali nu mahayuna kadatuan
  6. sura wisésa nu marigi sa-
  7. kuliling dayĕh. nu najur sakala
  8. désa aja manu panderi pakĕna
  9. gawe ring hayu pakĕn hebel ja
  10. ya dina buana

Teks di bagéan sisi kandel:

  1. hayua diponah-ponah
  2. hayua dicawuh-cawuh
  3. inya neker inya angger
  4. inya ninycak inya rempag

Alihbasa[édit | édit sumber]

Tarjamah bébas bagian hareup:

Ieu (tapak) (di) Kawali (tinu) tapa anjeuna Nu Mulya Prabu Raja Wastu (nu) ngadegkeun pertahanan (jumeneng di) Kawali, ngahadé-hadé karaton Surawisésa, nyieun parigi sakuriling karajaan, anu ngamakmurkeun sakabén désa. ka nu datang pandeuri, kudu nyiar pisalameteun supaya jaya di buana

Teks di bagian sisi kandel:

Ulah dimusnahkan!
Ulah saména-ména!
Saha kapihormat, inyana angger (panceg).
Saha nincak, inyana rempak (runtag).[6]

Référénsi[édit | édit sumber]

Daftar Pustaka[édit | édit sumber]

  • Naskah Wangsakerta
  • Sejarah Kerajaan di Tatar Sunda