Dyah Pitaloka Citraresmi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Disawang Maharaja jeung Prameswari sarta Dyah Pitaloka maké Jung Tatar ka Palagan Bubat.

Dyah Pitaloka Citraresmi atawa Citra Rashmi (1340-1357) nyaéta puteri Karajaan Sunda. Nurutkeun Pararaton, Citraresmi dijodohkeun jeung Hayam Wuruk. Dina mangsana Hayam Wuruk kacida resepna ka Dyah Pitaloka keur dijadikeun prameswarina.[1] Ngan dina tragedi Perang Bubat, Citraresmi nelasan manéh.[2] Tradisi nyebutkeun Dyah Pitaloka minangka wanoja anu mibanda kageulisan nu kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria, kakoncara ka mancanagara.

Lamaran Nikah[édit | édit sumber]

Hayam Wuruk, raja Majapahit, meureun ku dasar alesan pulitik, hayang ngajadikeun putri Citraresmi (Pitaloka) salaku pamajikanna.[1] Karajaan Sunda kalawan maharajana Prabu Maharaja Lingga Buana mibanda putri wanoja nyaéta Citraresmi. Majapahit kalawan utusanna Patih Madhu datang ka Karajaan Sunda pikeun ngajodokeun jeung ngalamar Putri Sunda. Dina naskah Pararaton disebutkeun yén:

Bhre Prabhu ayun ing putri ring Sundha. Patih Madu ingutus angundangeng wong Sundha. anu hartina Bre Prabu (Hayam Wuruk) hayang ka putri Sunda. Patih Madu diutus ngundang urang Sunda.

[2]

Kalawan bungah, Maharaja Linggabuana méré restu sarta turut milu ka Majapahit keur dinikahan jeung Hayam Wuruk. Sabab maharaja nyawang ieu mangrupa jalan keur ngaraketkeun duduluran.

Di taun 1357 Masehi rombongan Karajaan Sunda geus nepi di Majapahit sanggeus lalayaran di Laut Jawa. Rombongan Karajaan Sunda ngadegkeun pendopo di Palagan Bubat di bagéan kalér Trowulan, puseur dayeuh Majapahit. Aranjeunna nungguan dijemput ku pihak Majapahit sarta upacara karajaan nu pantes keur acara nikahan agung karajaan. Ngan Gajah Mada, nyawang kajadian éta salaku kasempetan keur naklukeun Sunda dihandap Karajaan Majapahit, sarta keukeuh yén Putri moal bakal diangkat jadi Ratu Majapahit, tatapi ngan disembahkeun jadi selir Raja Majapahit, éta tanda yén Karajaan Sunda dihandap kakawasaan Majapahit. Raja Sunda kacida ambekna jeung ngarasa dipikaéra ku tungtutan Gajah Mada nu kaleuleuwihan. Dina Pararaton disebutkeun yén

Tka ratu Sundha maring Majapahit. Sang Prabhu Maharaja tan pangaturakên putri. Wong Sundha kudu awiramena tingkah ing jurungn. Sira patih ing Majapahit tan payun yen wiwahanên. Reh sang raja putri makâtur-atura. Wong Sundha tan pasung.

Tarjamahanna: Geus datang Raja Sunda ka Majapahit. Prabu Maharaja teu masrahkeun putrina. Urang Sunda kudu dipapag ku pesta lamun aya acara nikahan. Patih Majapahit embung lamun dinikahkeun. Sabab putri raja dianggap salaku upeti. Urang Sunda teu méré. [2]

Pupusna Sang Putri[édit | édit sumber]

Citraresmi dina Novel

Tungtungna, Maharaja Sunda milih perang ngalawan tangtara Majapahit. Rombongan Karajaan Sunda boga niat bela pati ngalakukeun puputan keur ngabéla kahormatan Sunda di Palagan Bubat. Sanajan méré gerakan nu gagah wantéran, rombongan Karajaan Sunda tungtungna pupus ti kepungan tangtara Majapahit. Nepi ka sakabéh rombongan Karajaan Sunda ditumpes kalawan kejem dina kajadian ieu.[3] Sateuacan tempur kalawan wani, Maharaja Sunda panceg nyebutkeun

Ahung Awignamastu, najan wadiabala Sunda kurang ti saratus urang! Najan wadiabala Majapait ngalaksa mangpirang-pirang! Montong hariwang! Najan getih ngocor lir walungan di ieu Palagan Bubat, tapi ajén diri kami jeung ajén kabéh sinatria Sunda, moal ngantep nu ngahianat ka nagara jeung rahayatna! Montong ringrang! Hayu cuang sanghareupan!

[4][5]


Tradisi jeung carita lokal nyebutkeun yén dina kasedihan jeung haté nu ancur, Putri nelasan manéh pikeun ngabéla kahormatan jeung ajén kasundaan.[6]
Nurutkeun tradisi, pupusna Dyah Pitaloka, nyieun Hayam Wuruk ngalimba jeung matak nyieun kasedih sakabéh rahayat Karajaan Sunda. Sabab pupusna Sang Putri jeung Raja Sunda dipihormat jeung disawang salaku hiji kawani jeung tindakan mulia keur ngabela kahormatan bangsa jeung nagarana. Sang Maharaja Prabu Linggabuana kacida disanjung jeung dipikahormat ku masarakat Sunda kalawan gelar "Prabu Wangi" (Basa Sunda: Raja nu mibanda ngaran nu seungit) sabab sipatna nu heroik ngabéla kahormatan nagarana ngalawan Majapahit. Tungturunan anjeunna, raja-raja Sunda salajengna, dibéré gelar Siliwangi (ti kecap Silih Wangi dina basa Sunda nu hartina panerus sarta nu nyilih wawangi Prabu Wangi). Kajadian ieu ngaruksak beungkeut duduluran dua karajaan nu balukar mumusuhan nepi ka mangtaun-taun salajengna. Hubungan dua nagara éta moal balik deui saperti baheula.[1][4] Di keraton Majapahit, Gajah Mada dimusuhan jeung kateupercayaan, sabab kalakuanna nu teu pantes ngalawan kana kapentingan kulawarga Karajaan Majapahit jeung nyieun nyeri Raja Hayam Wuruk.

Isukanna, Hayam Wuruk ngirim surat kalawan dianteurkeun ku utusan Majapahit nu kawengku ku Darmajaksa pupuhu agama Hindu Syiwa, Darmajaksa agama Hindu Wisnu, jeung Darmajaksa agama Budha. Eusi suratna nyaéta:

//ateher bhre wi-
lwatikta prabhu rajasana
gara / angutus duta ring su
ndhanagari lawan dhumara
na sawalan / rikhatha
kên ring sawalan mangene
krama ning pasundabuba
t / mwang bhre wilwati
kta mamalakwa ksama
kena sakweh ing kawi
paritan citta mwang sapari
krama / ikang wus kadame
l dening senapatise-
napati lawan wadyaba-
la nira // makanimitta /
ning pejah ira sang prabhu ma
haraja sundha / luputa
sakeng papakrama mwang su
bhika ning hirup janapada
i rajya wilwatikta //
matangyan bhre wilwati
kta lawan ambek kapa
witran samaya ning raja su
ndha pangawak ya ta rakrya
n patih mangkubumi çuradi
pati / amatyagana / sang
tanda / wadyabala / kula-
wandha waja sundha mwang jana-
pada rat bhumi jawa kulwa
n / wuwusnya ya ta wilwa
tikta tan ahyun andu-
ni sundhanagari i bhumi
jawa kulwan tan ahyu
n ngalindih // rajya sundha
haywa ta males andu
ni rajya wilwatikta /
ikang mangkana pinaka
krama ning andalu // wi
lwatikta ahyun paraspa-
ropasarpana / silih pami
tran sowang sowang du-
madi nagara mahardhika //
yatanyan tan pratibandha /
bhre wilwatikta samaya /.}}

Tarjamahanna nyaéta: Salajengna raja Majapahit Prabu Rajasanagara ngirimkeun utusan ka nagara Sunda keur nepikeun surat. Diwartakeun di jerona kajadian pasunda-bubat jeung Bre Majapahit ngahaturkeun hampura kana sagala kasalahan jeung laku lampah nu geus dilakukeun ku senapati jeung pasukanna. Pupusna Sang Prabu Maharaja éta mugia teu mawa cilaka jeung ngaleungitkeun katingtriman hirup warga Majapahit.
Sabab éta raja Majapahit jangji kalawan haté nu junun ka wakil raja Sunda, nya éta Rakéan Patih Mangkubumi Suradipati jeung sakabéh pangagung karajaan, angkatan perang, kulawarga raja Sunda sarta warga di sakabeh Jawa Barat, yén Majapahit moal ngagempur Nagara Sunda sarta moal aya maksud ngawasaan. Karajaan Sunda dipiharep teu ngalakukeun gempuran walesan ka Majapahit jeung nganggap kajadian (Bubat) éta salaku kajadian nu geus kaliwat. Majapahit hayang silih gawé jeung duduluran jeung Sunda, sewan-sewangan salaku nagara merdika nu teu aya pasalingsingan. Majapahit jangji moal nganyenyeri haté masarakat Nagara Sunda kadua kalina.
Carita Putri Dyah Pitaloka jeung Perang Bubat jadi tema nu utama dina Kidung Sunda. Catetan sajarah ngeunaan kajadian Pasunda Bubat disebutkeun dina Pararaton, namung euweuh di naskah Nagarakretagama.

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c Munoz, Paul Michel (2006). Early Kingdoms of the Indonesian Archipelago and the Malay Peninsula. Singapore: Editions Didier Millet. p. 213. ISBN 9814155675.  Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "end" didefinisikan berulang dengan isi berbeda Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "end" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  2. a b c Kriswanto, Agung.2009. Pararaton Alih Aksara dan Terjemahan.Jakarta: Wedatama Widya Sastra.
  3. Drs. R. Soekmono, (1973). Pengantar Sejarah Kebudayaan Indonesia 2, 2nd ed. Yogyakarta: Penerbit Kanisius. p. 72. 
  4. a b Iskandar, Yoseph. 1997. Sajarah Jawa Barat (Yuganing Rajakawasa) .Bandung: Geger Sunten.
  5. Iskandar, Yoseph.1988. Perang Bubat.Bandung: Rahmat Cijulang.
  6. Y. Achadiati S, Soeroso M.P., (1988). Sejarah Peradaban Manusia: Zaman Majapahit'. Jakarta: PT Gita Karya. p. 13.