Pararaton

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Ngamuat ngeunaan Karajaan Majapahit.

Pararaton mangrupa salah sahiji karya sastra anu jadi sumber sajarah karajaan Singhasari jeung Majapahit. Ku kituna Pararaton bisa disebut salaku karya sastra sajarah, nu dina khazanah sastra Jawa, karya saperti kieu disebut Babad.[1]

Deskripsi Naskah[édit | édit sumber]

Naskah geus diinventarisasi dina Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara Jilid 4, Perpustakaan Nasional RI. Katerangan ngeunaan judul euweuh di jero atawa di luar teks. Teks ditulis ngagunakeun aksara Bali jeung Jawa Tengahan ngawangun prosa.[1]
Naskah dijieun tina lontar warna coklat, lobana 53 lempir ukuranna 3 cm x 50 cm. Pangapit dijieun tina kayu warna coklat kahideungan ukuranna 3,2 cm x 50,5 cm. Blok teks kabagi jadi dua bagéan jeung dipisahkeun ku liang tali pangait. Blok teks beulah kénca ukuranna 19 cm x 2,7 cm, sedengkeun blok katuhu ukuranna 22,5 cm x 2,7 cm. Unggal lempir kawengku ku tilu padalisan. Lempir-lempir naskah disambungkeun ku tali warna bodas. Naskah disimpen dina kotak karton warna hawu jeung label nu dibéré judul Pararaton.[1]

Candi tilas Karajaan Singhasari.

Panomoran kaca ngagunakeun angka Bali kalawan sistim recto jeung verso. Teks dimimitian ti lempir munggaran verso tatapi tampa nomor kaca. Salajengna panomoran dituliskeun dina lempir verso dimimitian ku angka dua. Naskah dina umumna dina kondisi hadé iwal lempir munggaran jeung pamungkas naskah rumpang, tatapi teu ngaruksak teks.[1]
Aya teks nu leungit dina naskah éta, tatapi mungkin lain disababkeun silih luncat sabab aya rohang kosong sateuacan teks salajengna leungit. Teks dimimitian deui sanggeus sababaraha teks leungit. Teks nu leungit aya di lempir ka-38 sanggeus kalimah “.........yata mulaning anaruk alasing........” tuluy dimimitian deui kalawan kecap “.........tura nira ring sira pangeran.............”. Di ahir teks nyebutkeun taun nyalinna kalawan candra sangkala “lara paksa misayeku” atawa 1552 S (1600 M)[1]
Kajadian munggaran nu karekam dina teks Pararaton lengkep jeung pananggalanna nyaéta dina kajadian panaklukan Daha ku Ken Angrok di taun 1144 Saka atawa taun 1222 Masehi; sanajan naskah pararaton pangkolotna nu geus kapanggih ayeuna nyaéta 1522 Saka atawa taun 1600 Masehi. Sababaraha bagéan teks nu aya dina naskah ieu leungit. Teu dipikanyaho disababkeun silaf maca/silap tulis atawa kasangajaan nu nyalin.[2]
Naskah ieu ayeuna ayana di Perpustakaan Nasional RI. Ditingali tina pananggalan munggaran nu kamuat nepi ka waktu nyalinna teks Pararaton, aya jarak waktu leuwih kurang 400 taun. Dina mangsa éta, loba data sajarah nu ruksak jeung leungit, boh sumber tinulis atawa nu teu katulis. Salian éta, panyerat tekas mungkin teu terus objektif dina nyawang hiji kajadian nu bakal dituliskeunna. Hal ieu disababkeun ku sababaraha hal, antarana:[1]

  1. Fakta-fakta nu teu lengkep,
  2. Panyerat teu nuliskeun dumasar fakta, jeung
  3. Panyerat nyaéta manusa nu kasang tukang, sikepna subyektif, ditangtukeun ku pangalaman, situasi, jeung kondisi hirupna salaku manusa sosio-budaya dina mangsa jeung masarakat nu tangtu.[1]


Ditingali tina eusina Pararaton mibanda sifat-sifat ngawengku; religio-magis (kapercayaan), mitologis (aya patalina jeung dewa-dewa), hagiografis (mukjizat nu pasalia jeung hukum alam), sugestif (ramalan), pragmentaris (teu lengkep), jeung anonim (euweuh ngaran panyerat).[1]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h Kriswanto, Agung.2009.Pararaton, Alih Aksara & Terjemahan.Jakarta: Wedatama Widya Sastra.
  2. Mangkudimedja, R.M., 1979, Serat Pararaton. Alih aksara dan alih bahasa Hardjana HP. Jakarta: Departemen P dan K, Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

  • Pararaton - transkripsi naskah oleh J. Brandes (1897)