Lompat ke isi

Perang Bubat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Perang Bubat
Bubat war statue
Patung di taman ngagambarkeun putri Sunda anu bunuh diri di tengah perang
Tanggal 1357
Lokasi Lapangan Bubat Trowulan, Majapahit, Java
Hasil Méré kameunangan di Majapahit, pangorbanan kulawarga karajaan Sunda. Kajadian éta ngabalukarkeun karuksakan antara dua karajaan
Nu perang
Majapahit Karajaan Sunda
Komandan
Gajah Mada (panglima Majapahit) Maharaja Lingga Buana (Raja Sundha)
Kakiatan
pasukan anu aya di karajaan Majapahahit kacida lobana kulawarga karajaan Sunda, para pajabat nagara, pamong jeung pangawal, jumlahna kurang ti 100 urang
Korban
teu dipikanyaho Ampir sakabéh karajaan Sunda nu tiwas kaasup Raja Sunda jeung Putri Pitaloka

Perang Bubat dimaksudkeun ka hiji kajadian perang antara rombongan karajaan Sunda ngalawan karajaan Majapahit nu lumangsung di Bubat, wewengkon kalér Majapahit, taun 1357 M. Dina Pararaton kajadian perang ieu disebut Pabubat atawa Pasundabubat.

Kasajarahan

[édit | édit sumber]

Kajadian Pasunda Bubat disebatkeun dina disebatkeun dina Carita Parahyangan (abad ka-16) jeung dina Pararaton (abad ka-15).

"Manak deui Prebu Maharaja. Lawasniya ratu tujuh tahun. Kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda, pan prangrang di Majapahit." - Carita Parahyangan[1]

"... Tumuli Pasunda Bubat. Bhre Prabhu ayun ing Putri ring Suṇḍa. Patih Maḍu ingutus anguṇḍangeng wong Suṇḍa, ahiděp wong Suṇḍa yan awawarangana ...,"

"... Bhre Prabu kagoda ku kaéndahan putri Sunda. Patih Maḍu diutus pakeun ngondang urang Sunda. Ku sabab teu aya pamadegan nolak pakeun jadi besan, datang Prabu Maharaja Narendra Sunda ka Majapahit ...", "... Tibatan dijamu kalayan meriah, datangna maranéhna malah disambut ku paménta semena-mena ti Mahapatih Gajah Mada sangkan putri Raja Sunda diserahkeun minangka pangbeungharan (persembahan). Urang Sunda henteu daék nurut, sarta nguatkeun tekad pakeun ngalawan dina peperangan.." - Pararaton[2][3]

Aya ogé catetan dina Nagarakretagama (abad ka-14) yén di alun-alun Bubat kantos lumangsung papaduan pedang. Dina Kitab Negarakretagama, dina Pupuh 87 ngeunaan lokasi Bubat, dijelaskeun yén di alun-alun Bubat kungsi lumangsung perang tanding, nyaéta adu pukul, anu diterangkeun ngaliwatan bait kieu:

"praɳ tandiɳ praɳ pupuh ikan

atembok kanin adu akanjar ....."

Hartina: “perang tanding, perang pukul, adu keris…” - Negarakretagama

Sanajan kitu, peperangan di Bubat jadi téma utama dina Kidung Sunda, hiji naskah Bali kira-kira ti pertengahan abad ka-16. Dina Lontar Kidung Panji jaman Majapahit ogé disebatkeun yén Perang Bubat mémang lumangsung.

Latar Tukang

[édit | édit sumber]

Dina Kidung Sunda, latar tukang Perang Bubat dijelaskeun dimimitian tina rencana pernikahan antara Dyah Pitaloka Citraresmi, putri Karajaan Sunda, jeung Raja Majapahit, Hayam Wuruk.[4] Ieu pasualan perjodohan awalna dipandang minangka hiji ikatan silaturahim anu dipiharep bisa ngaraketkeun hubungan dua karajaan gedé di Jawa. Raja Sunda, Prabu Linggabuana Wisesa, mawa putrina babarengan jeung rombongan bangsawan ka Majapahit kalayan pinuh ku kahormatan. Tapi, tegangna kaayaan mimiti mucunghul nalika Gajah Mada nungtut sangkan éta pernikahan dipikaharti minangka tanda pangserahan Karajaan Sunda ka Majapahit, lain saukur minangka pernikahan antara dua pihak anu sarua ajén. Masa Gajah Mada ménta putri Sunda pakeun dijadikeun tanda éléh, Prabu Sunda nyarékaeun ka Gajah Mada. Kieu carékna:

"He Patih Gajah Mada, nyata Siya adigung jeung langsung saur, ngahina ngahampas jalma, wani miwarang babakti. Siga ka bawahanana, disamikeun ka ratu Wandan, Koci, naha Siya teh kaliru, atawana dihaja, Ratu Sunda teu kudu sumujud kitu, da lain bawahanana, na iraha éléh jurit. Sunda tacan éléh perang. rebut jiwa jeung urang Majapahit, sumawon ngarasa taluk,

kalah lamun teu salah, jeung teu lila Siya basa perang pupuh, nyandak balad pirang-pirang, ngagémpur lembur laleutik. Ngarajah di pakampungan, urang Sunda mubus ka mana-mendi, balad Jipang ngangseg maju, barang jol Patih Sunda, maju jurit balad Siya kalalabur, mantri Siya duanana, teu kuat ngayonan jurit.

Mantri Les nepi ka mangsa, Ki Beleteng ogé nemahan pati, prajurit Siya malabur, dihantem dibuburak, sawaréh mah paraéhna siga lutung, tingjumpalik kana jurang, nu harirup serah diri. Ku sabab éta ayeuna, ku kahayang ulah kaliwat teuing, adigung jeung langsung saur, teu hadé balukarna, rasa Siya aturan Siya teh alus, tapi saenya~enyana, nyasabkeun nu bersih ati. Lamun keukeuh goréng niat, julig dengki ka nu beresih ati, sing emut hukum Yang Agung, jadi parab naraka."[5]

Dina Kidung Sunda, narasi leuwih nenekankeun kana sisi tragis jeung panghinaeun anu ditampa Sunda, nepi ka pertempuran di Bubat jadi simbol perlawanan pakeun ngajaga harga diri jeung martabat karajaan.

Sedengkeun dina Pararaton, latar tukang kajadian Bubat ditulis leuwih singget jeung henteu pati neken kana sisi tragis Sunda. Pararaton leuwih mintonkeun peran Gajah Mada dina usaha nyangkem Nusantara luyu jeung Sumpah Palapa. Rencana pernikahan Hayam Wuruk jeung Dyah Pitaloka dipandang minangka kasempetan pulitik, tapi tuluy robah jadi konflik lantaran Gajah Mada tetep nganggap éta pernikahan minangka bukti tundukna Sunda. Narasi dina Pararaton henteu loba méré ruang pakeun sudut pandang Sunda, tapi leuwih nunjukkeun yén pertumpahan getih éta kajadian minangka akibat tina kawijakan Gajah Mada anu teuas jeung ambisius.

Prangan

[édit | édit sumber]

Balukarna lumangsung perang alit di alun-alun Bubat (kiwari aya di Dusun Bubat, Desa Tempuran, Kacamatan Sooko, Kabupaten Mojokerto)[6] antara tentara Majapahit jeung kulawarga karajaan Sunda pakeun ngabéla kahormatan.

Prangan di Bubat dimimitian ku pasukan Majapahit anu ngurilingan pasukan Sunda ti sagala arah. Sorak tanding ngaguruh kawas gunung rubuh, nandaan yén papaduan geus moal bisa dicegah. Pasukan Sunda nu jumlahna saeutik dipaksa nyanghareupan bala Majapahit anu leuwih gede jeung leuwih seueur pakarang.

Sanajan kitu, urang Sunda ngalawan kalawan gagah berani. Prabu Maharaja Sunda aya di handapan médan, méré semangat ka pasukanana. Tapi teu lila Siyana gugur dina peperangan, disusul ku panglima utama saperti Tuan Usus jeung Rangga Cahot. Gugurna para pamimpin ngajadikeun suasana perang beuki ramé jeung ngabalukarkeun korban leuwih loba. Sababaraha sumber nyebutkeun yén urang Sunda hasil nahan alun-alun sarta sababaraha kali ngalawan deui kana pengepungan Majapahit.

Alun-alun Bubat robah jadi sagara beureum ku getih prajurit. Awak prajurit Sunda ragrag tumpang tindih, tapi henteu aya anu mundur tanpa lalawan. Sanajan kalah ku jumlah, Maranéhna tuluy ngabela dirina kalawan sagala kakuatan, henteu daék nyerah ka Majapahit. Tungtungna, pasukan Sunda tumpur ku panggebray bala Majapahit. Nu masih hirup loba nu gugur di medan, jeung sisana dihanca nepi ka teu aya deui lalawanan. Peperangan Bubat réngsé minangka tragedi berdarah anu jadi saksi kahadéan tandangna prajurit Sunda sanajan kudu meunangkeun tungtungan nu pait.

Sanggeusna

[édit | édit sumber]

Numutkeun tradisi, wafatna Dyah Pitaloka ditangis ku Hayam Wuruk jeung ku sakabéh rahayat Karajaan Sunda anu geus kaleungitan sabagian gedé kulawarga karajaanana. Satuluyna, Raja Hayam Wuruk nikah jeung Paduka Sori, anu mangrupa dulur sapupuna sorangan. Lampah Pitaloka jeung kalalawanan bapana dipuja minangka lampah mulya pikeun ngajaga kahormatan, kawani, jeung martabat dina tradisi Sunda.

Bapana, Prabu Maharaja Linggabuana Wisesa, dipuja ku urang Sunda minangka Prabu Wangi (hartina: raja anu mibanda ambu ngeunah) lantaran kalalawanana pikeun ngajaga kahormatan ngalawan Majapahit. Turunanna, anu engkéna jadi raja Sunda, dingaranan Siliwangi (hartina: nu neruskeun Wangi).

saggeus taun ka hareup, kaayaan teu kungsi balik deui normal. Prabu Niskalawastu Kancana adina putri Pitaloka anu waktu leutik cicing di karaton Kawali (ibukota Sunda Galuh) sarta teu ngiring kulawargana ka Majapahit jadi hiji-hijina ahli waris Raja Sunda anu masih hirup.

Kebijakanana sanggeus naék tahta di antarana nyaéta mupus hubungan diplomatik Sunda jeung Majapahit, nerapkeun kawijakan isolasi ka Majapahit, kaasup ngalarang ku undang-undang “Larangan Kawin ti Luaran”, nyaéta aturan anu ngalarang urang Sunda nikah jeung urang Jawa.

Réaksi-reaksi ieu ngagambarkeun kakecewaan jeung amarah Sunda ka Majapahit, sarta engkéna jadi salah sahiji panyabab permusuhan antara Sunda jeung Jawa masih karasa nepi ka kiwari.

Jujutan

[édit | édit sumber]

Numutkeun Carita Parahyangan, Raja Sunda nu ngalaman ieu kajadian (disebutna 'keuna ku kalawisaya') téh nyaéta Prabu Maharaja nu mingpin Karajaan Sunda salila 7 taun (1350-1357), sedeng nurutkeun Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa (bagian tina naskah Wangsakerta nu disusun ku Pangéran Wangsakerta saparakanca (1677-1698), ngaran ieu raja téh Linggabuana. Kajadian ieu kaunggel ogé dina Kidung Sunda.

Cuplikan Lontar L406 Carita Parahiyangan perkara Bubat

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
  • Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.


  1. "Sejarah nasional Indonesia | WorldCat.org". search.worldcat.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-09-10.
  2. "Sejarah nasional Indonesia | WorldCat.org". search.worldcat.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-09-10.
  3. Internet Archive, Paul Michel (2006). Early kingdoms of the Indonesian archipelago and the Malay Peninsula. Singapore : Editions Didier Millet. ISBN 978-981-4155-67-0. Pemeliharaan CS1: Lokasi penerbit (link)
  4. Internet Archive, Paul Michel (2006). Early kingdoms of the Indonesian archipelago and the Malay Peninsula. Singapore : Editions Didier Millet. ISBN 978-981-4155-67-0. Pemeliharaan CS1: Lokasi penerbit (link)
  5. Wirasutisna, Haksan (1980). Kidung Sunda 1 (Dina basa Indonesia). Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
  6. N, May. "Lokasi Perang Bubat yang Sering Diperdebatkan, Saksi Keberanian Kerajaan yang Pernah Tantang Kerajaan Sekelas Majapahit". intisari.grid.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-10.