Lompat ke isi

Adipati Panaékan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Alfabét Latin
     
Adipati Panaékan
Bupati Ciamis/ Galuh kahiji
Présidén Ratu Wilhélmina ti Walanda
Saméméhna Prabu Cipta Permana Raja Galuh Terahir (1595-1618)
Sanggeusna Mas Dipati Imbanagara
Katerangan lian
Gumelar Galuh
Kabangsaan Hindia-Walanda
Ageman Islam

Radén Ujang Ngoko (Aksara Sunda Baku: ᮛᮓᮦᮔ᮪ ᮅᮏᮀ ᮍᮧᮊᮧ) atawa Adipati Panaékan (Aksara Sunda Baku: ᮃᮓᮤᮕᮒᮤ ᮕᮔᮆᮊᮔ᮪) mangrupi Bupatos Ciamis/Galuh anu nimbalan dina périodeu 1618 - 1625 Maséhi [1]

Biografi

[édit | édit sumber]

Kakasihna téh Radén Ujang Ngoko atawa putra Adipati Panaékan putra Prabu Cipta Permana (1595-1618 Maséhi) putra Maharaja Sanghyang Cipta Permana Prabudigaluh Salawé (1580-1595 Maséhi, danget ieu dipikawanoh minangki dusun Tinggarahayu, désa Cimaragas, kacamatan Cimaragas, Ciamis) putra Prabu Haur Konéng, putra Prabu Pucuk Umum (Sunan Parung Gangsa/Pucuk Umum Talaga réndéngan jeung Ratu Parung/Ratu Sunyalarang/Wulansari) Galuh Tanduran/Pangauban Pangandaran, putra Prabu Munding Surya Ageung, putra Prabu Anggalarang.[2][3][4][5]

Adipati Karuhun Galuh Pangauban Panaékan

[édit | édit sumber]

Karajaan Galuh Pangauban diadegkeun ku Prabu Haur Kuning, danget ayeuna kalebet wewengkon pakuwon Putrapinggan, Kalipucang, Pangandaran, kacamatan Kalipucang, Pangandaran (kinten-kinten warsih 1530 Maséhi). Anjeunna kagungan tilu putra, di antawisna yaktos éta Maharaja Upama, Maharaja Sanghyang Cipta jeung Sareuseupan Agung. Minangki putra anu pangageungna, Maharaja Upama neraskeun karajaan Galuh Pangauban ti tuang ramana. Maharaja Sanghyang Cipta didastaan daérah Salawé (Cimaragas) miwah ngadegkeun Karajaan Galuh Salawé. Samentara éta, Sareuseupan Agung jadi raja di wewengkon Cijulang.

Nasib Tragis Galuh

[édit | édit sumber]

Nalika diwisésaan ku Cirebon, wewengkon Galuh masih kénéh karajaan sahandapeun, nanging nalika diwisésa ku Mataram, kalenggahanna dilungsurkeun jadi kabupatosan atawa kadipatosan. Galuh, kawitna salah sawios karajaan robih kalenggahanna jadi kabupatosan, anu mawi ngamargikeun kalenggahan raja, prabu atawa sanghyang robih jadi patih. Adipati Panaékan diangkat jadi Wadana bupatos Mataram di Tatar Priangan ku Sultan Agung 1613 - 1645 M, minangki pangawisésa Mataram.

Nalika Sultan Agung ngawitan nyawiskeun kanggo ngarah perlaya VOC di Batavia warsih 1625, anjeunna nimbalkeun bupatos-bupatosna di Priangan kanggo ilubiung. Perkawis ieu ngajalarankeun bénten-bénten pamadegan di antawis kapala distrik, utamina antawis Dipati Panaékan kalayan Singaperbangsa. Adipati Panaékan palay nyerang saénggal-énggalma, sateuacan VOC langkung kiat. Samentara éta, Singaperbangsa kagungan pamadegan wiréh langkung saé upami pasukan ngiatkeun ti payun logistik sateuacan jengkar nyerang.

Gugurna Adipati

[édit | édit sumber]

Pamustunganana, Adipati Panaékan palastra (katelasan) dina taun 1625 M. Sarira bupatos Wadana dialirkeun ka bangawan Ci Muntur. Saparantos kapendak ku pangiringna, anjeunna tuluy dikurebkeun di Patilasan Karangkamulyan. Adipati Panaékan digentos ku tuang putrana, Ujang Purba, anu mikagungan kalenggahan Dipati Imbanagara (1625 - 1636). Dicarioskeun, saparantos kajantenan ieu Singaperbangsa lajeng ngalihkeun Kertabumi Bojonglopang, danget ayeuna Banjar Kolot. Ku margi éta, Kertabumi miwah disebat Kabupatosan Bojonglopang, jeung mangrupi pangawit Kota Banjar.

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. http://sparmanhero.blogspot.co.id/2013/04/silsilah-para-bupati-kabupatén-ciamis.html
  2. https://www.facebook.com/notes/pandu-radea/tapak-karuhun-galuh-kertabumi-di-gunung-susuru-2/10152063096786339
  3. http://www.diciamis.com/situs-sang-hyang-cipta-permana-prabudigaluh-salawe.php#.Vws57Xpj_wk Archived 2016-04-07 di Wayback Machine
  4. "Salinan arsip". Diarsipkeun ti asli tanggal 2016-04-20. Diaksés tanggal 2016-04-11. Archived 2016-04-20 di Wayback Machine
  5. https://infogaluhciamis.wordpress.com/2014/06/05/berikut-ngaran-ngaran-raja-galuh-hingga-bupati-yang-kungsi-menjabat-di-tatar-galuh-ciamis/%5Btumbu+nonaktif%5D
Jabatan pulitik
Saméméhna
Prabu Cipta Permana II Raja Galuh Terahir (1595-1618)
Bupati Ciamis / Galuh Kahiji
(1618 - 1625)
Sanggeusna
Mas Dipati Imbanagara