Tatakrama basa Sunda
Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan.
Basa hormat jeung basa loma
[édit | édit sumber]Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nyaéta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.
Basa kasar
[édit | édit sumber]Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.
Kecap-kecap utama
[édit | édit sumber]Gaganti ngaran
[édit sumber]| loma | hormat ka sorangan | hormat ka batur |
|---|---|---|
| akang | akang | engkang |
| kuring / déwék / urang | abdi / sim kuring | ... |
| kuring saréréa | abdi sadayana | ... |
| manéh / hidep | ... | anjeun |
| manéhna | ... | anjeunna |
| pribadi | pribados | ku anjeun |
| sorangan | sorangan | nyalira |
Pancakaki
[édit sumber]Babagian awak
[édit sumber]Pakéan
[édit sumber]Nu di imah
[édit sumber]| loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
|---|---|---|
| anggel | anggel / bantal | bantal |
| cacangkir / cangkir | cacangkir / cangkir | tangkepan |
| ciling / pacilingan | kakus | jamban |
| dapur | dapur | pawon |
| enggon / kamar | pamondokan | pangkuleman |
| gardéng / rérégan | gardéng / rérégan | lalangsé |
| guguling | guguling | pepedek |
| imah | rorompok | bumi |
| kéjo / sangu | sangu | sangu |
| pancuran / kamar mandi | jamban | jamban |
| samak | amparan | amparan |
| simbut | simbut | kampuh |
Kaséhatan jeung nu karasa ku awak
[édit sumber]Nu karasa ku haté
[édit sumber]Kaluar tina awak
[édit sumber]| loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
|---|---|---|
| ciduh | ciduh | ludah |
| cikiih | cikahampangan | cikahampangan |
| cipanon | cipanon | cisoca / ciséér |
| késang | késang / karinget | karinget |
| tai | kokotor | kokotor |
| utah | utah | luga |
Nuduhkeun tempat
[édit sumber]| loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
|---|---|---|
| antara | antara | antawis |
| beulah | palih | palih |
| deukeut | deukeut | caket |
| gigireun | gigireun | gédéngeun |
| hareup | payun | payun |
| jauh | tebih | tebih |
| jero | lebet | lebet |
| katuhu | katuhu | tengen |
| kédé | kénca | kiwa |
| lebah / palebah | leresan | leresan |
| pandeuri | ti pengker | ti pengker |
| tukang | pengker / pungkur | pengker / pungkur |
Waktu
[édit sumber]Pagawéan awak
[édit sumber]Lalampahan
[édit sumber]Atikan, gawé uteuk, jeung sasauran
[édit sumber]Méré jeung nyokot
[édit sumber]Agama / ibadah
[édit sumber]| loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
|---|---|---|
| aji / ngaji | ngaji | ngaos |
| buka (puasa) | buka | bobor |
| bulan puasa | sasih siam | sasih siam |
| lebaran | boboran siam | boboran siam |
| puasa | puasa | saum |
| salat / solat | sambéang | netepan |
| wulu / wudu | wulu / wudu | abdas |
Laki rabi
[édit sumber]Kecap pagawéan lainna
[édit sumber]Ukuran jeung kumpulan
[édit sumber]Nuduhkeun kaayaan
[édit sumber]Kecap barang lainna
[édit sumber]| loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
|---|---|---|
| asal | kawit | kawit |
| astana | pasaréan | pajaratan / makam |
| bukti | buktos | buktos |
| gogoda / cocoba | cocoba | cocobi |
| hal / perkara | perkawis | perkawis |
| idin | widi | widi |
| kutu | kutu | puntang |
| minyak | lisah | lisah |
| récéh | récéh | artos alit |
| sawah | sawah | sérang |
Kecap panambah modalitas
[édit sumber]| loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
|---|---|---|
| arang / langka | awis-awis | awis-awis |
| arék | badé / seja | badé / seja |
| beunang | kénging | kénging |
| bisa | tiasa | iasa |
| boa | tiasa jadi | tiasa jadi |
| butuh | perlu | peryogi |
| carang / langka | awis / awis-awis | awis / awis-awis |
| embung | alim / narah (awéwé) | teu kersa |
| hayang | hayang / hoyong | palay |
| kudu | kedah | kedah |
| kungsi | kantos | kantos |
| lain | sanés | sanés |
| mangka / sing / muga | mugi | mugi |
| meureun | panginten | panginten |
| mindeng / remen | sering | sering |
| muga | mugi | mugi |
| pasti / tangtu | tangtos | tangtos |
| pénta / ménta | neda / nyuhunkeun | mundut |
| puguh / tangtu | tangtos | tangtos / kantenan |
| purun | purun | kersa |
| sanggup | sanggem | sanggem |
| ulah / entong | teu kénging | teu kénging |
Kecap panyambung
[édit sumber]Kecap pancén
[édit sumber]| loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
|---|---|---|
| ajang / keur / pikeun | kanggo | haturan / kahatur |
| ari | dupi / upami | dupi / upami |
| baé / keun baé | sawios | sawios |
| bawarasa | ku émutan / bawiraos | ku émutan / bawiraos |
| boga | gaduh | kagungan |
| émboh / tambah | tambih | tambih |
| endeng / saendeng-endeng | salamina | sapapaosna |
| geura / pék / hég | geura / mangga | mangga |
| komo / sumawonna | komo / sumawonna | sumawonten |
| laju | laju | lajeng |
| larung / liwat / kalarung | kalangkung | kalangkung |
| maksud | maksad | maksad |
| mangkuk / teu mangkuk | teu kantos | teu kantos |
| mungguh | menggah | menggah(ing) |
| salah saurang | salah sawios | salah sawios |
| séjén | séjén / sanés | sanés |
| tayohna | rupina | rupina |
| tulus | cios | cios |