Lompat ke isi

Gelung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Maraké Gelung

Gelung; sanggul nyaéta meungkeut rapih buuk awéwé boh di tukangeun anapon luhureun sirah. Gelung nunjul ogé kana ngadangdanan buuk panjang sangkan rapih bisa dibeungkeut diréka-réka.[1]

Istilah ngagelung ditujukeun pikeun jalma anu buukna alus jeung panjang, matakna bisa dibeungkeut kalawan rapih.[1] [2][3][4]

Buukna digelung

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina ngagelung sagigireun ti loba jinis jeung corakna, malah baheula sok diréka-réka nambahkeun papaés ku rupa-rupa dangdaunan, bulu manuk, kulit kai, ajeung sajabana.

Dina kabudayaan baheula gelung dipaké ngadangdanan jalma-jalma anu boga pangkat, pangaruh, atawa jalma biasa sangkan katempo leuwih naék pamor, gelungmah henteu dipaké dina kahirupan sapopoé tapi mangsa aya acara atawa pintonan.[1]

Utamana dina acara resmi gelung sagigireun nambah nyari kanu maké, wanda gelung ogé bisa nyirikeun kana kalungguhan sosial anu makéna.

Gelung sagigireun jadi papaés pikeun ngalengkepan pakéan sangkan katempo nyari, ngarias gelung dina kahirupan masarakat Jawa jadi hiji hal anu penting utamana dina acara-acara anu tangtu.

Rupa-rupa Gelung

[édit | édit sumber]

Hususna di wewengkon Jawa , gelung mibanda rupa - rupa ngaran dumasar kana gedé jeung leutikna, susuna buuk sarta perenahna ditunda di mana.

  1. Gelung bangun tulak, Loba dipakai ku jalma-jalma anu geus alumuran, gelung anu kieu ngan dipapaés ku kembang wungkul, contona kembang malati.
  2. Gelung bokor mengkurep, wangunan kawas mangkok anu nangkub dibungkus ku rakit anu dijieun tina kembang malati. Gelung nu kieu ingan dipaké ku pangantén awéwé.
  3. Gelung Malang, tayalian gelung anu ukuranana kawilang gedé kalayan buukna dibérésan rubak kaluar.
  4. Gelung poncowalan, tayalian éntépan buukna kawilang loba, dipaké ku barudak utamana anu aya di lingkungan karaton.
  5. Gelung kalayan tinekuk, mangrupa éntépan buuk beunang ngépang/untun ngawangun Kalabang, sarta dibiting (tusuk kondé).
  6. Gelung gondél, ampir sarua jeung gelung tekuk tetapi tidak simetris dan digunakan oleh orang biasa.
  7. Gelung lungen, dingaranan kieu alatan dina gelung ieu maké lungi; tayalian buuk di pelebah luhurna anu jadi panyangreud buuk anu di tengah. [4]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Jakarta: Lange. pp. 127–425. ISBN - Check |isbn= value (bantuan).  Disungsi26 Januari 2022
  2. Gunasasmita, R. (2009). Gunasasmita. Jakarta-Bogor: Penerbit Narasi. p. 71.  Disungsi26 Januari 2022
  3. Yudho P., Kak (2009). Yudho P. Jakarta: DAR! Mizan. p. 80. ISBN 9789797524425.  Disungsi26 Januari 2022
  4. a b Toekio M., Soegeng (1980). Toekio M. Jakarta-Bogor: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 39.  Disungsi26 Januari 2022