Jinah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Jinah (Ar. zina (زِنًا)) nyaéta sapatemon tanpa kawin, ku kituna bisa jadi teu bisa ditarima boh sacara sosial, agama, moral, atawa hukum. Ieu konsép aya di rupa-rupa kabudayaan jeung agama, samalah dina Islam, Kristen, jeung Yahudi mah sarupa.[1]

Dina sajarah kacatet yén jinah téh kaasup kajahatan anu beurat anu hukumanana bisa mangrupa dihukum pati, mutilasi, atawa disiksa.[2] Di nagara Kulon, utamana ti abad ka-19, hukuman sarupa kitu dianggap telenges teuing. Malah kiwari mah geus teu kaasup kriminal, najan angger bisa aya balukarna sacara hukum, utamana dina masalah pirak. Pikeun conto, dina yurisdiksi hukum kulawarga, jinah bisa jadi alesan pikeun pipirakan, anu salajengna gedé pangaruhna kana putusan harta gono-gini, perwalian anak, tunjangan randa, jsb.

Di nagara Muslim anu ngalarapkeun syari'ah, jinah anu dipilampah ku anu geus kungsi kawin bisa ngabalukarkeun dihukum rajam.[3] Di Indonésia, numutkeun pasal 284 ayat 1 KUHP, jalma kawin anu kabuktian jinah diancam hukuman bui salapan bulan.

Tradisi budaya & agama[édit | édit sumber]

Lalaki jeung awéwé keur dilalajoan alatan jinah di Jepang, taun 1860-an

Islam[édit | édit sumber]

Dumasar kana Hukum Islam, jinah téh sapatemon anu dipilampah ku jalma-jalma anu henteu kabeungkeut ku nikah. Jinah kaasup dosa gedé, sakumaha kaunggel dina Qur'an di antarana:

"Jeung ulah ngadeukeutan jinah. Satemenna jinah téh kalakuan nista jeung kaasup jalan anu goréng."[Qur'an 17:32]

Hindu[édit | édit sumber]

Buda[édit | édit sumber]

Catetan sajarah lianna[édit | édit sumber]

Bangsa Asték anu jinah ditinggang batu nepi ka paéh; Florentine Codex
Sanggeus dituduh jinah, Cunigunde di Luxembourg ngabuktikeun yén anjeunna henteu salah ku cara leumpang dina wuluku anu panas.

Dina kabudayaan bangsa Amérika Pituin, hukuman anu beurat pisan bisa ditibankeun ka pamajikan anu jinah.[4][5] Di Bangsa Asték, pamajikan anu kapanggih jinah hukumanana bisa nepi ka disula, najan umumna mah dihukum pati ku cara ditiban batu.[6]

Hukum Hammurabi, undang-undang Babilonia ti Mésopotamia kuna (1772 SM), nyebutkeun yén pikeun anu milampah jinah hukumanana diteuleumkeun nepi ka paéh.[7]

Jaman kuna India, Mesir, Yunani, Romawi, Bizantium, jeung Arab, kasebutkeun yén anu milampah jinah dihukum keureut irung (rhinotomi).[8]

Di Silindung, Sumatra Kalér, jaman méméh Kristenisasi, aya ogé laporan ngeunaan hukuman pati pikeun anu milampah jinah.[9]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Encyclopædia Britannica Online, "Adultery"". Britannica.com. Diakses tanggal 2010-07-12. 
  2. The doctrine and law of marriage, adultery, and divorce
  3. Modern Perspectives on Islamic Law - Page 217, E. Ann Black, Hossein Esmaeili, Nadirsyah Hosen - 2013
  4. Schoolcraft, Historical and Statistical Information Respecting the History, Condition and Prospects of the Indian Tribes of the United States, I, 236; V, 683, 684, 686.
  5. H.H. Bancroft, The Native Races of the Pacific States of North America, I, 514.
  6. ABA aug Journal 1969, p.738
  7. http://www.womenintheancientworld.com/hammurabilawcode.htm Archived 2018-09-29 di Wayback Machine
  8. http://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC2689568/
  9. Sibeth, The Batak: peoples of the Island of Sumatra, p. 17.