Lompat ke isi

Paéh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Pupus)
Kuoleman puutarha, Hugo Simberg (1906)
Rorongkong manusa paéh di scrub di Australia Kulon, circa 1900–1910

Paéh téh ngandung harti eureunna kahirupan fisik organismeu atawa kaayaan organismeu sanggeusna.

Sacara biologis, paéh bisa lumangsung ka sagemblengna atawa wawaréhan. Pikeun conto, bisa waé hiji sél atawa organ ngalaman paéh, sedengkeun organismena mah tetep hirup; sél loba nu umurna pondok pisan, antukna sél-sél organisme terus-terusan diganti ku nu anyar. Sabalikna, bisa ogé organismena paéh, sedengkeun organ/sélna tetep hirup antukna bisa dicangkokkeun. Dina kasus ieu, jaringan nu hirup kénéh téh kudu geuwat dipindahkeun méméh kaburu milu paéh. Bisa ogé kajadian "abadi", "imortal", dina kasus budidaya/kultur sél, misalna galur sél HeLa (Henrietta Lacks).

Iréversibilitas, teu bisa malik, mangrupa konci ngeunaan paéh. Dumasar watesan, organisme paéh moal bisa dihirupkeun deui; mun bisa, hal ieu nunjukkeun yén sabenerna mah teu/can paéh. Tapi, aya ogé nu teu percaya yén paéh teu bisa dibalikkeun deui; misalna dina kapercayaan relijius nu yakin ayana hirup sanggeus paéh, sedengkeun nu séjén malah miharep bisa dikembangkeunana téhnologi krionik atawa nu séjénna nu bisa malikkeun paéh.

Baca og

[édit | édit sumber]

|

|}

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]