Abon
Abon sapi | |
| Nami sanés | Meat floss |
|---|---|
| Nagara asal | Indonésia |
| Wewengkon | Jawa Tengah (Boyolali, Solo), Bali, Sulawesi Kidul |
| Jinis | Olahan daging |
| Bahan utama | Daging (sapi, hayam, atawa lauk) |
| Variasi | Abon lauk, abon babi, abon munding |
| Kagunaan | Deungeun sangu, eusian jajanan |
Abon nyaéta salah sahiji kadaharan has Indonésia.[1] Abon mangrupa kadaharan anu bahan dasarna tina daging.[2] Ieu kadaharan biasana miboga warna semu coklat atawa coklat kolot.[1] Wujud abon téh mangrupa serat-serat daging, ku sabab dijieunna tina daging anu digaringkeun.[1][2] Lantaran sipatna anu garing, abon bisa awét mangbulan-bulan upami disimpen dina wadah anu rékép.[1]
Salian ti daging sapi, aya ogé abon anu bahan dasarna tina daging hayam, domba, babi, sarta rupa-rupa lauk, saperti lauk lélé, tuna, sarta belut.[1] Aya ogé abon tina daging munding, nanging kiwari parantos langka ku sabab bahan dasarna hésé ditéang di pasaran.[1] Abon biasana dipaké pikeun deungeun sangu, palengkep bubur, eusian lemper, atawa pastel.[1][3]
Di Indonésia, daérah anu kasohor ku produksi abon sapina nyaéta Boyolali, Solo, Salatiga, sarta wewengkon sabudeureunana.[1] Sedengkeun abon babi mah biasana diproduksi di Bali, sarta abon lauk loba dihasilkeun di daérah basisir saperti Makassar jeung Pangandaran.[1] Biasana abon téh dijual di tempat oléh-oléh.[1]
Cara nyieun
[édit | édit sumber]Pikeun nyieun abon, sayagikeun bahan-bahan kayaning daging sapi (upami badé nyieun abon sapi) sarta bungbu-bungbu saperti katuncar, gula beureum, uyah, sarta bawang bodas.[1] Keureutan daging sapi, bungbuan ku uyah sarta kécap, tuluy kulubkeun nepi ka asak jeung serat-serat dagingna gampang dipisahkeun; suwiran dagingna upami aya kénéh anu ngagunduk.[1]
Saatos éta, garingkeun daging ku cara dipoé handapeun panonpoé atanapi dianggoan ovén.[1][2] Sanggeus garing, daging téh tuluy disangray dina katél anu gedé bari ditutuan nepi ka serat dagingna bubuk saperti benang.[1][2] Nalika prosés nyangray, asupkeun bungbu-bungbu anu parantos diréndos sarta aduk nepi ka rata sarta garing sampurna.
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 "Abon Makanan Yang Sangat Khas Indonésia". Kuliner Indonesia. 2014-02-28. Diaksés tanggal 2024-05-22.
- 1 2 3 4 "Tinjauan Pustaka: Abon" (PDF). Repository USU. Diaksés tanggal 2024-05-22.
- ↑ Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. hlm. 2. ISBN 9793631937.
| Artikel ngeunaan dahareun jeung inuman ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |