Belut
| Belut | |
|---|---|
| Belut sawah Monopterus albus | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Subordo: | Synbranchoidei |
| Kulawarga: | Synbranchidae |
| Genera | |
Belut;bélong (Monopterus albus) nyaéta ngaran salah sahiji jenis lauk cai anu wangun awakna buleud manjang tur ngan miboga cécépét tonggong sarta awakna leueur.[1] Belut karesepna ngadahar anak lauk anu laleutik kénéh.[1] Biasana hirup di sérang, di ranca sarta di walungan leutik.[1] Di Indonésia ti saprak taun 1979, belut mimiti dipikawanoh tur dipikaresep minangka bahan kadaharan, nepi ka ayeuna belut loba dibudidayakeun sarta jadi salah sahiji komoditas ékspor.[1] 'Bélong spésiés lauk anu asalna tina ordo Synbranchiformes sarta miboga ajén ékonomi anu luhur di Asia Tenggara.[2] Ieu sato miboga ciri fisik anu unik, nyaéta awakna panjang siga oray sarta teu miboga cécépét (sirip) dada atawa pelvic.[3]
Dina Budaya Sunda
[édit | édit sumber]Di tatar Sunda, aya tradisi ngala bélong anu disebut ngurek, nyaéta ngala bélong nganggo tali kenur anu dipasang urem sarta eupan cacing. Salian ti éta, bélong ogé asup kana paribasa Sunda nyaéta "Lueur siga belut", anu ditujukeun ka jalma anu pinter nyingcet atawa hésé ditéwakna.
Kandungan gizi
[édit | édit sumber]Belut ngandung protéin anu lumayan luhung.[4] Jumlah protéin anu aya dina daging belut kurang leuwih sarua jeung jumlah protéin anu aya dina daging sapi, sarta leuwih luhung batan jumlah protéin dina endog.[4] Lian ti éta, belut ogé ngandung asam essensial, asam nonessensial, fosfor, zat beusi, vitamin A, jeung vitamin B.[4] Fosor nu aya dina belut leuwih loba batan nu aya dina endog, mangpaat pikeun kaséhatan tulang pikeun nyingkahan ostéoporosis, sedengkeun zat beusi mah mangpaatna pikeun ngalancarkeun aliran getih sangkan teu kataranjang kasakit 5L (lemah, letih, lelah, lesu, lunglai).[4] Ari vitamin A alus pikeun kaséhatan panon jeung sistem reproduksi, sedengkeun vitamin B alus pikeun ngembangna uteuk, ngawangun sél getih beureum, jeung protéin dina awak urang.[4]
Hermaprodit
[édit | édit sumber]Belut mangrupa jenis lauk nu bisa robah wanda jinisna (hermaprodit protogini) nyaéta lamun keur ngora mah wanda jinisna téh bikang, tuluy sanggeus sawawa robah jadi jalu.[1][5]
Habitat
[édit | édit sumber]Habitat utamana nyaéta di daérah anu loba leutakan sapertos sawah, rawa, jeung susukan.[6] Alatan miboga organ pernapasan tambahan, bélong bisa tahan hirup dina kaayaan cai anu saeutik oksigén atawa dina jero leutak anu rada garing.[3]
Referensi
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 Belut Archived 2010-12-24 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 2 November 2011)
- ↑ Zuiew, B. (1793). "Monopterus albus, novo piscium genere". Nova Acta Academiae Scientiarum Imperialis Petropolitanae, 7: 454-481.
- 1 2 Froese, R. and D. Pauly. (2024). "Monopterus albus" dina FishBase. Diakses 2026.
- 1 2 3 4 5 Kandungan Nutrisi dalam Belut Archived 2011-11-02 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 2 November 2011)
- ↑ Heemstra, P.C. (1986). "Synbranchidae" dina Smith's Sea Fishes. Springer-Verlag.
- ↑ Whitten, T., et al. (1996). The Ecology of Java and Bali. Oxford University Press.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |