Lompat ke isi

Télékomunikasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Salinan gambar telepon asli jieunan Alexander Graham Bell di Musée des Arts et Métiers di Paris

Telekomunikasi nyaéta pangiriman sinyal dina sahiji jarak pikeun tujuan komunikasi. Dina jaman baheula, telekomunikasi bisa ngalibetkeun digunakeunnana sinyal haseup, kendang, semafor atawa héliograf. Dina jaman modéren, prosés ieu ngalibatkeun pangiriman gelombang éléktromagnétik ku cara ngaliwatan pamancar éléktronik. Kiwari, telekomunikasi sumebar sarta alat-alat anu ngabantuna, saperti televisi, radio siaran jeung telepon, geus mangrupa hal anu lumrah di sakuliah dunya. Aya ogé jaringan anu ngahubungkeun alat-alat ieu, kaasup jaringan komputer, jaringan telepon umum, jaringan radio jeung televisi. Komunikasi komputer dina Internet mangrupa salah sahiji conto telekomunikasi.

Sistim telekomunikasi umumna didesain ku insinyur telekomunikasi. Para panimu dina widang ieu kaasup Aléxander Graham Béll, Gugliélmo Marconi jeung John Logie Baird. Telekomunikasi mangrupa bagian penting ékonomi dunya.

Konsep utama

[édit | édit sumber]
Étimologi
Kecap telekomunikasi diadaptasi tina bahasa Perancis télécommunication. Ieu mangrupa kecap majemuk tina prefiks Yunani tele- (τηλε-), nu ngandung harti 'jauh', jeung kecap bahasa Laten communicare, nu hartina 'méré atawa ngabagi'.

Unsur-unsur dasar

[édit | édit sumber]

Tiap sistem telekomunikasi ngandung tilu unsur dasar:

Sabagé conto, titénan sahiji siaran radio! munara siaran mangrupa pamancar, radio mangrupa panarima sedengkeun midiyeum rambatannana nyaéta rohangan bébas. Sistem telekomunikasi mindeng ogé mangrupa sistem saarah. Bisa ogé sahiji alat tunggal mangrupa sahiji pamancar sakaligus panarima, alat kasebut katelah transceiver. Contona, sahiji telepon sélulér mangrupa sahiji alat transceiver.[1]

Telekomunikasi ngaliwatan sambungan kawat disebut komunikasi titik-ka-titik lantaran kajadiannana antara hiji pamancar jeung hiji panarima. Telekomunikasi ngaliwatan pamancaran gelombang radio disebut siaran atawa komunikasi hiji titik-ka-loba titik) lantaran kajadiannana antara sahiji pamancar anu gedé dayana jeung panarima anu leuwih ti hiji.[1]

Analog atawa digital

[édit | édit sumber]

Sinyal bisa ngawujud sinyal analog atawa digital. Dina sahiji sinyal analog, sinyal téh terus robah-robah gumantung kana informasi anu dibawana. Dina sahiji sinyal digital, informasi dirobah kana kode nyaéta kumpulan niléy-niléy anu diskrit (contona niléy 1 jeung niléy 0). Salila ngarambat, informasi anu dikandung dina sinyal analog bakal karuksak / kaganggu ku nois / gangguan. Sabalikna, lamun gangguan henteu ngaliwatan sahiji ambang wates, informasi anu dikandung dina sinyal digital bakal tetep henteu ruksak. Hal ieu ngagambarkeun kaleuwihan utama sinyal digital dibanding sinyal analog.[2]

Jaringan

[édit | édit sumber]

Sakumpulan pamancar, panarima atawa transcéiver anu saling ngalakukeun komunikasi katelah sabagé jaringan. Jaringan digital bisa ngandung hiji atawa leuwih ruter anu nganteurkeun data ka pangguna anu sabenerna kudu dituju. Sahiji jaringan analog bisa ngandung hiji atawa leuwih suwits anu ngawangun sahiji sambungan antara dua pangguna atawa leuwih. Pikeun kadua jinis jaringan kasebut, ripiter bisa waé diperlukeun pikeun ngagedékeun atawa nyiptakeun deui sinyal waktu keur dirambatkeun dina jarak anu jauh. Hal ieu pikeun ngalawan aténuasi atawa pelemahan nu bisa ngajadikeun sinyal ngalelep teu bisa dibédakeun tina nois atawa gangguan.

Channel

[édit | édit sumber]

Sahiji channel mangrupa bagian tina midiyeum rambatan. Pambagian midiyeum kana sababaraha channel ngajadikeun midiyeum kasebut bisa digunakeun pikeun ngirim leuwih ti hiji aliran informasi. Sabagé conto, hiji stasiun pamancar gelombang radio bisa mancarkeun gelombang radio dina 96 MHz samentara stasiun pamancar radio liana bisa mancar dina frékuensi 94.5 MHz. Dina ha lieu, midiyeum kasebut geus dibagi kana dua channel sarta tiap channel narima frékuensi anu béda.

Modulasi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Modulasi.

Dina téknik telekomunikasi, kecap modulasi boga harti anu cukup panjang pikeun ngajelaskeunnana. Sacara saderhana kecap "modulasi" bisa ditarjamahkeun "numpang". Gambaran ngeunaan modulasi bisa dianalogikeun jeung kajadian jiga kieu: lamun urang hayang indit ka sahiji tempat anu jauh, urang kudu numpang kandaraan. Sinyal informasi, mangrupa sora, gambar jeung data, ogé sarua; supaya bisa dikirim ka tempat anu jauh, sinyal informasi kudu ditumpangkeun kana sahiji sinyal lianna. Dina kontéks radio siaran, sinyal informasi anu numpang nyaéta sora, sedengkeun kandaraannana disebut sinyal pangangkut (carrier). Ku cara kitu, sora manusa (anu ngan bisa kadenge dina rohangan anu ngandung hawa atawa matrial lanna tur jarakna kawates) bisa nepi ka stasiun angkasa luar ngaliwatan rohangan bébas.

Conto sinyal sora (gambar luhur) ngarobah amplitudo sahiji gelombang radio (tengah/disebut gelombang AM) atawa ngarobah frekuensi (handap/disebut gelombang FM.

Ditilik tina sinyal informasi anu diangkut, aya loba cara pikeun numpangkeun téh. Cara numpangkeun manusa pasti béda jeung cara numpangkeun pakét barang atawa surat (layang). Hal sarupa ogé lumaku pikeun cara numpangkeun informasi; cara numpangkeun sora bakal béda jeung cara numpangkeun gambar, film atawa informasi séjénna. Cara numpangkeun sinyal analog ogé béda jeung cara numpangkeun sinyal digital.

Ditilik tina kandaran pangangkut, cara ngangkut kapal udara bakal béda jeung cara ngangkut mobil, beus, treuk, kapal laut, parahu atawa kuda. Hal sarupa lumaku pikeun sinyal pangangkut (carrier). Aya carrier anu robah-robah amplitudona waktu ngangkut sinyal informasi (disebut modulasi amplitudo / AM), aya ogé carrier anu robah-robah frékuénsina waktu ngangkut sinyal informasi (disebut modulasi frékuénsi/ FM).

Ngeunaan carrir, carrier nyaéta gelombang radio anu miboga frékuensi leuwih gancang ti batan sinyal informasi. Béda jeung sinyal sora anu miboga frékuénsi ngaragam / variable (bisa robah-robah) dina kisaran 20 Hz tepi ka 20 kHz, sinyal carrier mah ditetepkeun dina sahiji frékuénsi baé lantaran frékuénsi mangrupa sumber daya alam anu kawates.

Sajarah Telekomunikasi

[édit | édit sumber]

Sajarah Telekomunikasi di Dunya

[édit | édit sumber]

Telekomunikasi baheula

[édit | édit sumber]
Sahiji replika tina munara-munara semafor boga Chappe.

Bentuk-bentuk awal telekomunikasi di antarana sinyal haseup jeung bedug. Bedug digunakeun ku bangsa-bangsa asli di Afrika, Gini Anyar jeung Amerika Kidul sedengkeun sinyal-sinyal haseup digunakeun ku bangsa-bangsa asli Amerika Kaler sarta Cina. Sistim telekomunikasi ieu sering digunakeun leuwih ti sakadar ngumumkeun ayana kemah.[3][4]

Dina abad-abad pertengahan, jajaran-jajaran munara cahaya umum digunakeun di puncak-puncak pasir (bukit) minangka alat pikeun ngarambatkeun sahiji sinyal. Jajaran-jajaran munara cahaya boga kakurangan nyaéta munara-munara kasebut ngan ngarambatkeun sa siki informasi, sahingga harti pesen saperti "Musuh geus katingali" kudu dimupakatan heula. Hiji conto kagunaanna anu kasohor nyaéta dina jaman Armada Spanyol, mangsa sajajaran munara cahaya ngarambatkeun sahiji sinyal ti Plymouth ka London.[5]

Dina taun 1792, Claude Chappe, saurang insinyur Perancis, telegrafi gambar munggaran sistem telegraf visual (atawa semafor) antara Lille jeung Paris.[6] Sanajan kitu, semafor ngabogaan kakurangan nyeta dibutuhkeunna para operator ahli sarta munara anu mahal tiap interval 10 tepi ka 30 kilometer. minangka akibat silih sihung (paunggul-unggul) di antara pausahaan-pausahaan telegraf listrik, ieu usaha lekasan dina taun 1880.[7]

Telegraf jeung telepon

[édit | édit sumber]

Telegraf listrik komersil munggaran diwangun ku Sir Charles Wheatstone katut Sir William Fothergill Cooke sarta dibuka dina tanggal 9 April 1839. Boh Whéatstone jeung Cooke nganggap alat maranéhannana the minangka "hasil ngaalusan telegraf elektromagnetik anu aya harita " lain minangka alat anu anyar.[8]

Samuel Morse di tempat lain ngamekarkeun sakaol telegraf listrik anu pernah gagal dipintonkeun ku manéhna dina tanggal 2 September 1837. Kodena mangrupa hal anu leuwih maju dibandingkeun métodeu pangsinyalan boga Whéatstone. Kabel telegraf transatlantik munggaran hasil direngsekeun dina tanggal 27 Juli 1866, anu ngamungkinkeun telekomunikasi transatlantic munggaran.[9]

Telepon konvensional ditimukeun di tempat lain ku Alexander Bell katut Elisha Gray dina taun 1876.[10] Antonio Meucci nimukeun alat munggaran anu ngamungkinkeun rambatan listrik anu ditumpangan sora ngaliwatan sahiji sambungan kabel dina taun 1849. Sanajan kitu, alat boga Meucci boga ajen praktis anu leutik lantaran éta alat gumantung kana efek electrofonik sahingga ngawajibkeun pangguna pikeun nempatkeun panarima dina sungutna pikeun ngadenge anu diucapkeun.[11] Layanan telepon komersial munggaran diwangun dina taun 1878 jeung 1879 di kadua sisi lautan Atlantik di kota-kota New Haven katut London.[12][13]

Radio jeung televisi

[édit | édit sumber]

Dina taun 1832, James Lindsay mintonkeun telegrafi tanpa kabel ka murid-muridna di kelas. Tepi ka taun 1854, manéhna mampuh mintonkeun rambatan ngaliwatan Firth of Tay ti Dundee, Skotlanida ka Woodhaven, sajauh dua mil, ngagunakeun cai minangka midiyeum rambatan.[14] Dina bukan Desember 1901, Guglielmo Marconi ngawangun komunikasi tanpa kabel antara St. John's, Newfoundland (Kanada) jeung Poldhu, Cornwall (Inggris), anu ngabalukarkeun manéhna meunang Panghargaan Nobel taun 1909 dina widang Fisika (babarengan jeung Karl Braun).[15] Sanajan kitu, komunikasi skala leutik enggeus dipintonkeun dina taun 1893 ku Nikola Tesla dina sahiji presentasi hareupeun National Electric Light Association.[16]

Dina tanggal 25 Maret 1925, John Logie Baird mampuh mintonkeun rambatan gambar hirup di Selfridges, puseur tempat balanja London. Alat boga Baird kasebut gumantung kana piringan Nipkow sahingga katelah minangka televise mekanik. Hal ieu ngawangun dadasar pikeun siaran eksperimen anu dilakukeun ku British Broadcasting Corporation mimiti 30 September, 1929.[17] Ngan, pikeun lolobana televise abad ka duapuluh gumantung kana bungbung sinar katoda (cathode ray tube) anu ditimukeun ku invented by Karl Braun. Kaol munggaran televise saperti kitu anu nongtonkeun iklan dihasilkeun ku Philo Farnsworth sarta dipintonkeun ka kulawargana dina tanggal 7 September, 1927.[18]

Jaringan Komputer jeung Internét

[édit | édit sumber]

Dina tanggal 11 Séptémber, 1940, George Stibitz mampuh ngirimkeun sual ngagunakeun teletype ka “Complex Number Calculator” boga manéhna di New York sarta narima balik hasil itunganna di Dartmouth College di New Hampshire.[19] Konfigurasi komputer terpusat atawa mainframe ieu sarta terminal-terminalna tetep populér dina taun 1950an. Tapi, acan nepi ka taun 1960-an, para panalungtik mimiti nalungtik packet switching — hiji téhnologi anu ngamungkinkeun sakumpulan data pikeun dikirim ka komputer-komputer anu béda tanpa kudu ngaliwatan heula hiji mainframe anu terpusat. Four-node network muncul dina tanggal 5 Désémber, 1969; jaringan ieu mangrupa cikal-bakal ARPANET, anu dina taun 1981 bisa ngawengku tepi ka 213 node.[20]

Kamajuan ARPANET museur dina prosés Request for Comment sarta dina tanggal 7 April, 1969, RFC 1 medal. Prosés ieu penting lantaran ARPANET ahirna ngagabung jeung jaringan-jairngan lianna pikeun ngawangun Internét sarta rupa-rupa protokol Internét anu dipaké kiwari diwincik ngaliwatan prosés Request for Comment kasebut. Dina bulan Séptémber 1981, RFC 791 ngenalkeun Internet Protocol v4 (IPv4) sarta RFC 793 ngawanohkeun Transmission Control Protocol (TCP) — sahingga nyiptakeun protokol TCP/IP anu digunakeun dina Internét kiwari.

Sanajan kitu, henteu kabéh kamajuan penting beunang prosés Request for Comment. Dua protokol link anu populér pikeun local area network (LAN) ogé mucunghul dina taun 1970-an. Contona, patén pikeun protokol token ring diajukeun ku Olof Soderblom dina tanggal 29 Oktober, 1974 sarta hiji makalah ngeunaan protokol Ethernet diterbitkeun ku Robert Metcalfe jeung David Boggs dina bulan Juli 1976.[21][22]

Sajarah Telekomunikasi di Indonesia

[édit | édit sumber]

Sajarah telekomunikasi di Indonésia dimimitian saprak channel telegraf munggaran dibuka dina tanggal 23 Oktober 1855 ku Pamaréntah Hindia Walanda. éta channel mangrupa telegraf elektromagnétik anu nyambungkeun Batavia (Jakarta kiwari) jeung Buitenzorg (Bogor kiwari). Dua taun saterusna dibuka channel Jakarta-Surabaya jeung cabang Semarang-Ambarawa. Saprak harita jasa telegraf bisa dimangpaatkeun ku balaréa. Dua taun saterusna panjang channel telegraf mekar terus tepi ka ngahontal 2.700 kilométer, dilayanan ku 28 kantor telegraf. Di sapanjang rel karéta api diadegkeun tihang-tihang telegraf. Samentara éta, kabel laut geus dipasang antara Jakarta jeung Singapura, satuluyna ti Jawa (Banyuwangi) ka Australia (Darwin).

Salengkepna bisa dibaca dina Sajarah Telekomunikasi di Indonesia.

Telekomunikasi Modéren

[édit | édit sumber]

Telepon

[édit | édit sumber]
Serat optik nawarkeun rubakpita leuwih murah pikeun komunikasi dina jarak jauh

Dina hiji jaringan telepon analog, Panelepon anu aya di ujung jaringan disambungkeun ka jelema anu dituju dina ujung lian éta jaringan ku switch anu aya dina séntral telepon. Switch éta ngawangun sambungan éléktrik antara dua pamaké jaringan sarta setélan atawa setting switch-switch ditetepkeun sacara éléktronik mangsa panelepon muter nomer. Sakali sambungan dijieun, sora si panelepon dirobah jadi sinyal éléktrik ku hiji mikropon leutik dina gagang telepon si panelepon. Sinyal éléktrik ieu terus dikirim ngaliwatan jaringan ka pamaké dina ujung lianna di mana sinyal kesebut dirobah balik kana wangunan sora ku speaker leutik dina jero gagang telepon éta jelema. Aya sambungan éléktrik anu séjén anu jalan dina arah sabalikna, anu ngamungkinkeun para pamaké pikeun ngawangkong.[23][24]

Telepon sambungan tetep di sabagian gedé pamukiman mangrupa telepon analog — nyaéta, sora nu ngomomg sacara langsung ngarobah-robah voltase sinyal. Sanajan wangkongan jarak deukeut bisa dilaksanakeun ti ujung-ka-ujung ngagunakeun sinyal analog, ka dieukeun beuki loba panyadia jasa telepon sacara transparan ngarobah sistem teleponna tina analog ka digital. Kauntungannana nyaéta data sora anu didigitalkeun bisa ngarambat babarengan jeung data tina Internet sarta bisa sacara sampurna dihasilkeun deui (direproduksi) dina komunikasi jarak jauh (béda jeung sinyal analog anu teu bisa nyingkahan nois).

Ayana telepon sambungan nu bisa gerak (mobil) boga pangaruh anu gedé kana kurang tumuwuhna jaringan telepon. Langgan telepon mobil kiwari jumlahna ngaleuwihan langgan telepon sambungan tetep. Langgan telepon mobil dina taun 2005 ngahontal 816 juta urang. Telepon mobil ieu disadiakeun ku sistem-sistem di mana eusi sora dirambatkeun sacara digital saperti sistem GSM atawa sistem W-CDMA. Sistem-sistem kasebut ngagantikeun sistem analog saperti AMPS di loba nagara.

Parobahan dramatis dina kamekaran jaringan telepon ogé kajadian dina médiyeum transmisi anu digunakeun. Parobahan ieu dimimitian ku digunakeunnana sistem rambatan anu dumasar kana serat optik dina taun 1988. Kauntungan komunikasi ngagunakeun serat optik nyaéta serat optik nawarkeun paningkatan kapasitas data anu drastis. Paningkatan kapasitas data ieu disababkeun ku sababaraha faktor: kahiji, sacara fisik, serat optik jauh leuwih leutik batan téhnologi-téhnologi pasaingna. Kadua, serat optik henteu ngalaman crosstalk anu hartina sababaraha ratus kabel bisa kalayan gampang dibuntel dihijikeun dina hiji kabel tunggal.[25] Anu pamungkas, kamajuan dina multiplexing geus ngarah kana ningkatna kapasitas data hiji serat optik tunggal sacara éksponénsial.[26][27]

Standar anu ngabantu komunikasi dina jaringan serat optik modéren nyaéta protokol anu dipikanyaho sabagé Asynchronous Transfer Mode (ATM). Protokol ATM ngamungkinkeun parambatan sora katut data sacara babarengan. Hal ieu cocog pikeun jaringan telepon umum lantaran serat optik ngawangun hiji jalur pikeun data ngaliwatan jaringan kasebut.

Radio jeung televisi

[édit | édit sumber]
Gambar:Digital television.png
Standar-standar televisi digital katut panerapanna sadunya.

Dina hiji sistem pamancar, hiji munara siaran séntral anu dibéré daya listrik anu gedé ngarambatkeun gelombang éléktromagnétik anu frékuénsina luhur ka sajumlah panarima (atawa receiver) anu dibéré daya listrik leutik. Gelombang frékuénsi luhur anu dikirim ku éta munara ditumpangan atawa dimodulasi ku hiji sinyal anu ngandung informasi visual atawa audio. Anténeu dina receiver satuluyna disetél (atawa ditala) supaya bisa nangkep gelombang frékuénsi luhur kasebut sarta hiji demodulator digunakeun pikeun meunangkeun deui sinyal anu ngandung informasi visual atawa audio. Sinyal siaran bisa analog (sinyal dirobah-robah sacara sinambung gumantung informasi) atawa digital (informasi dikodekeun sabagé sakumpulan harga-harga diskrit).[1][28]

Industri média siaran kiwari keur aya dina titik balik dina kamajuan usahana lantaran loba nagara anu pindah ti siaran analog ka siaran digital. Kapindahan ieu dimungkinkeun ku ayana produksi integrated circuit atawa IC anu leuwih murah, leuwih gancang dina ngolah sinyal, sarta leuwih ampuh. Kauntungan utama siaran digital nyaéta bisa nyegah sajumlah masalah anu muncul dina siaran analog tradisional. Conto dina televisi, hal ieu kaasup ilangna masalah-masalah saperti gambar saperti sireum, gambar ngalangkang katut gangguan lianna. Gangguan-gangguan kasebut lumangsung dina siaran analog lantaran sifat pangiriman sinyal analog, nyaéta ayana gangguan akibat nois. Pangiriman sinyal sacara digital bisa ngajawab masalah-masalah ieu lantaran sinyal digital dikodekeun kana harga-harga diskrit sahingga gangguan-gangguan leutik henteu mangaruhan kaluaran ahir hiji alat panarima siaran. Dina conto saderhana, lamun hiji pesen binér 1011 dikirimkeun dina amplitudo-amplitudo sinyal [1.0 0.0 1.0 1.0] sarta ditarima ku alat panarima kalayan amplitudo-amplitudo [0.9 0.2 1.1 0.9] mangka amplitudo-amplitudo kasebut masih dikodekeun kana pesen binér 1011 — mangrupa réproduksi sampurna tina sinyal anu dikirim. Pangiriman sacara digital ogé bisa nganyahokeun gangguan dina harti yén lamun nois cukup gedé sahingga ngarobah pesen anu dikirim. Ku ngagunakeun forward error correction hiji alat panarima bisa ngabenerkeun sakumpulan kasalahan bit dina pesen anu dihasilkeun. Kakurangan pangiriman digital nyéta lamun loba teuing nois mangka hal ieu bakal ngahasilkeun kaluaran anu henteu bisa kabaca sahingga muegatkeun pangiriman.[29][30]

Dina siaran televisi digital, aya tilu standar anu silih adu kaunggulan, anu bisa dipilih di sakuliah dunya. Standar-standar ieu nyéta ATSC, DVB sarta ISDB. Katilu standar ieu ngagunakeun MPEG-2 pikeun madetkeun (komprési) gambar (vidéo). ATSC ngagunakeun Dolby Digital AC-3 pikeun komprési sora (audio), ISDB ngagunakeun Advanced Audio Coding (MPEG-2 Bagéan 7) sedengkeun DVB, anu teu boga standar husus pikeun komprési audio, ngagunakeun MPEG-1 Bagéan 3 Lapisan 2.[31][32] Pilihan modulasi ogé henteu sarua di antara tilu standar ieu. Dina siaran audio digital, standar-standarna jauh leuwih padeukeut; hal ieu ngagampangkeun hususna pikeun nagara anu milih ngalaksanakeun standar éta standar pikeun siaran audio digital (katelah ogé standar Eureka 147). Anu mahiwal ngan Amerika Serikat, anu geus milih ngalaksanakeun standar HD Radio.

Sanajan kitu, alat panarima sinyal digital tetep sumebar. Televisi analog masih dipancarkeun di sakabéh nagara di dunya. Amerika Sarikat geus ngaharepkeun pikeun mungkas siaran analog dina tanggal 31 Désémber 2006; sanajan kitu, ieu rancana ditunda nepi ka tanggal 17 Pébruari, 2009.[33] Pikeun televisi analog, aya tilu standar anu digunakeun nyaéta PAL, NTSC katut SECAM. Pikeun radio analog, pindah ka digital leuwih susah dilaksanakeun lantaran harga alat panarima analog jauh leuwih murah batan biaya alat panarima digital.[34][35] Cara modulasi pikeun radio analog anu dipilih biasana di antara modulasi amplitudo (AM) atawa modulasi frekuensi (FM). Pikeun ngahontal stereo playback, hiji subcarrier anu dimodulasi amplitudo digunakeun pikeun FM stéréo.

Internét

[édit | édit sumber]
The OSI reference model

Internét mangrupa jaringan lingkup sadunya anu diwangun ku komputer-komputer anu bisa saling komunikasi ngagunakeun Internet Protocol.[36] Unggal komputer dina Internét boga hiji IP address atawa alamat IP anu mandiri anu bisa digunakeun ku komputer lianna pikeun nungtun informasi ka komputer dimaksud. Ku kituna, satiap komputer dina Internét bisa ngirim hiji pesen ka komputer lianna kalayan ngagunakeun alamat IP-na. Pesen-pesen ieu sakaligus mawa alamat IP komputer asalna anu ngamungkinkeun komunikasi dua arah. Ku cara kieu, Internét bisa dianggap salaku patukeuran pesen di antara komputer-komputer.[37]

Kira-kira 16.9% tina populasi dunya boga aksés kana Internét. Pamaké Internét (diukur dina perséntase populasi) di benua Amerika bagin kalér 69.7%, di kapuloan Oséania katut benua Australia 53.5% sarta Éropah 38.9%.[38] Dina hal Internét aksés pitarubak, pamaké di Inggris 89%, Islandia 26.7%, Koréa Kidul 25.4% sarta Walanda 25.3%.[39] Dina 2018, loba jalma nu jadi kasohor tur bisa hirup dina panghasilan tina internet.[40]

Internét bisa jalan di antarana lantaran protokol anu ngatur komputer-komputer katut router-router bisa saling komunikasi. Sifat komunikasi komputer nyaéta boga protokol anu lalapisan di mana hiji lapisan indepénden tina lapisan séjénna. Hal ieu ngamungkinkeun protokol tingkatan nu leuwih handap bisa di-customized (dirobah luyu jeung kabutuhan pamaké) bari henteu ngarobah jalanna protokol-protokol dina tingkatan anu leuwih luhur. Hiji conto praktis kunaon hal ieu penting nyaéta hal ieu ngamungkinkeun software pikeun maca Internét (Internet browser) bisa ngalaksanakeun kode anu sarua henteu paduli naha komputerna nyambung kana Ethernet atawa Wi-Fi. Protokol-protokol mindeng dikaitkeun kana tempat dina OSI reference model (gambar di beulah katuhu), anu mecenghul dina taun 1983 sabagé léngkah munggaran dina upaya ngawangun protokol jaringan anu bisa diterapkeun sacara universal (babarengan / sadunya).[41]

Pikeun Internét, médiyeum fisik sarta protokol hubungan data bisa robah sababaraha kali mangsa pakét-pakét data ngaliwatan tempat-tempat di bumi. Hal ieu lumangsung lantaran Internét henteu maksakeun protokol médiyeum fisik atawa hubungan data naon anu kudu digunakeun. Hal ieu jadi marga pikeun digunakeunana média sarta protokol anu paling cocog pikeun kaayaan dina hiji jaringan lokal. Dina prakték, lolobana komunikasi antar benua ngagunakeun protokol Asynchronous Transfer Mode (ATM) (atawa anu sabanding) dina jero serat optik. Hal ieu dikaranakeun lolobana komunikasi antar benua bareng-bareng ngagunakeun infrastruktur anu sarua saperti jaringan telepon umum.

Dina Internét, sagala hal distandardisasi supaya nohonan standar (protokol). Protokol-protokol Internét anu mindeng digunakeun di antarana Protokol Internét atawa Internet Protocol (IP), TCP, UDP, DNS, PPP, SLIP, ICMP, POP3, IMAP, SMTP, HTTP, HTTPS, SSH, Télnét, FTP, LDAP, jeung SSL. Kiwari, kaol (vérsi) IP anu paling loba digunakeun nyaéta vérsi opat. Tapi, vérsi genep bakal datang dina waktu anu moal lila deui.[42] <!—Kauntungan utama tina vérsi genep nyaéta versi ieu ngarojong 3.40 × 1038 alamat, jauh leuwih loba batan vérsi opat anu ngan ngarojong 4.29 × 109 alamat. Vérsi anu leuwih anyar ogé nambahkeun dukungan pikeun paningkatan kaamanan ngaliwatan IPSec ogé ngadukung Kualitas Layanan.-->

LAN / WLAN

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: LAN jeung Wireless LAN.

Local Aréa Nétwork anu disingket LAN mangrupa jaringan komputer anu legana ngan ngalingkung wewengkon nu leutik; saperti jaringan komputer kampus, gedong, kantor, jero imah, sakola atawa anu leuwih leutik deui. salah sahiji komputer dina éta jaringan dijadikeun sérver anu ngatur sakabéh sistem dina éta jaringan. LAN dibédakeun ti jaringan anu leuwih lega lantaran cirina boga laju data anu leuwih gancang sarta wewengkon anu leuwih heureut.

Kiwari lolobana LAN ngagunakeun standar téknologi IEEE 802.3 (Éthernét) anu ngagunakeun alat switch anu boga laju pangiriman data 10, 100, atawa 1000 Mbit/s. Sagigireun téknologi Éthernet, kiwari standar téknologi 802.11b (anu biasa disebut Wi-fi) ogé mindeng digunakeun pikeun ngawangun LAN. Tempat-tempat anu nyadiakeun sambungan LAN kalayan téknologi Wi-fi biasa disebut hotspot.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
Daptar utama: Daptar jejer ngeunaan telekomunikasi dasar

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c Haykin, Simon (2001). Communication Systems (4th edition ed.). John Wiley & Sons. pp. pp 1–3. ISBN 0-471-17869-1. 
  2. Ambardar, Ashok (1999). Analog and Digital Signal Processing (2nd edition ed.). Brooks/Cole Publishing Company. pp. pp 1–2. ISBN 0-534-95409-X. 
  3. Native American Smoke Signals, William Tomkins, 2005.
  4. Talking Drums Archived 2006-09-10 di Wayback Machine, Instrument Encyclopedia, Cultural Heritage for Community Outreach, 1996.
  5. David Ross, The Spanish Armada, Britain Express, accessed October 2007.
  6. Les Télégraphes Chappe Archived 2011-03-17 di Wayback Machine, Cédrick Chatenet, l'Ecole Centrale de Lyon, 2003.
  7. CCIT/ITU-T 50 Years of Excellence, Internation Telecommunication Union, 2006.
  8. The Electromagnetic Telegraph, J. B. Calvert, 19 May 2004.
  9. The Atlantic Cable, Bern Dibner, Burndy Library Inc., 1959
  10. Elisha Gray, Oberlin College Archives, Electronic Oberlin Group, 2006.
  11. Antonio Santi Giuseppe Meucci, Eugenii Katz. (Retrieved May, 2006 from http://chem.ch.huji.ac.il/~eugeniik/history/meucci.html)
  12. Connected Earth: The telephone Archived 2008-12-21 di Wayback Machine, BT, 2006.
  13. History of AT&T Archived 2008-09-06 di Wayback Machine, AT&T, 2006.
  14. James Bowman Lindsay Archived 2009-02-24 di Wayback Machine, Macdonald Black, Dundee City Council, 1999.
  15. Tesla Biography, Ljubo Vujovic, Tesla Memorial Society of New York, 1998.
  16. Tesla's Radio Controlled Boat, Twenty First Century Books, 2007.
  17. The Pioneers Archived 2013-05-14 di Wayback Machine, MZTV Museum of Television, 2006.
  18. Philo Farnsworth Archived 2009-09-30 di Wayback Machine, Neil Postman, TIME Magazine, 29 Maret 1999
  19. George Stlibetz, Kerry Redshaw, 1996.
  20. Hafner, Katie (1998). Where Wizards Stay Up Late: The Origins Of The Internet. Simon & Schuster. ISBN 0-684-83267-4. 
  21. Data transmission system Archived 2016-12-31 di Wayback Machine, Olof Solderblom, PN 4,293,948, October 1974.
  22. Ethernet: Distributed Packet Switching for Local Computer Networks Archived 2007-08-07 di Wayback Machine, Robert M. Metcalfe and David R. Boggs, Communications of the ACM (pp 395-404, Vol. 19, No. 5), July 1976.
  23. How Telephone Works, HowStuffWorks.com, 2006.
  24. Telephone technology page, ePanorama, 2006.
  25. Optical fibre waveguide Archived 2006-05-24 di Wayback Machine, Saleem Bhatti, 1995.
  26. Fundamentals of DWDM Technology, CISCO Systems, 2006.
  27. Report: DWDM No Match for Sonet, Mary Jander, Light Reading, 2006.
  28. How Radio Works, HowStuffWorks.com, 2006.
  29. Digital Television in Australia, Digital Television News Australia, 2001.
  30. Stallings, William (2004). Data and Computer Communications (7th edition (intl) ed.). Pearson Prentice Hall. ISBN 0-13-183311-1. 
  31. HDV Technology Handbook, Sony, 2004.
  32. Audio, Digital Video Broadcasting Project, 2003.
  33. Consumer Corner FAQ Archived 2008-04-24 di Wayback Machine, dtv.gov, 2006.
  34. GE 72664 Portable AM/FM Radio, Amazon.com, June 2006.
  35. DAB Products Archived 2006-06-21 di Wayback Machine, World DAB Forum, 2006.
  36. Robert E. Kahn and Vinton G. Cerf, What Is The Internet (And What Makes It Work), December 1999. (specifically see footnote xv)
  37. How Internet Infrastructure Works, HowStuffWorks.com, 2007.
  38. World Internet Users and Population Stats Archived 2020-05-22 di Wayback Machine, internetworldstats.com, March 19 2007.
  39. OECD Broadband Statistics, Organisation for Economic Co-operation and Development, December 2005.
  40. "Berapa Penghasilan Youtuber Sebenarnya?" (dalam bahasa Indonesia). RuangLaptop. 2018-08-18. https://ruanglaptop.com/berapa-penghasilan-youtuber/. Diakses pada 2018-11-01 
  41. History of the OSI Reference Model, The TCP/IP Guide v3.0, Charles M. Kozierok, 2005.
  42. Introduction to IPv6, Microsoft Corporation, February 2006.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]