Digital

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Kecap digital asalna tina kecap digit jeung digitus: kecap Latén anu hartina ramo (ngitung ramo) lantaran ramo digunakeun pikeun itungan diskrit hiji, dua, tilu jeung saterusna.

Kode-kode ASCII pikeun kecap "Wikipedia" anu dipidangkeun dina sistim bineri, sistem panomeran anu paling umum digunakeun pikeun ngodekeun informasi dina komputer.

Kecap digital paling ilahar digunakeun dina komputer jeung alat éléktronik, hususna di mana informasi dunya-nyata dirobah kana bentuk numerik binér saperti dina audio digital jeung fotografi digital. Sinyal pamawa data kasebut mawa hiji di antara dua pulsa éléktronik atawa optik, nyaéta kaayaan (lojik) 1 (hurung, aya tegangan) atawa 0 (pareum, euweuh tegangan).

Sinyal Digital

Istilah digital mindeng diganti ku istilah éléktronik anu disingkat ku awalan "e-", saperti dina e-mail jeung ebook, sanajan henteu kabéh sistem elektronik mangrupa sistem digital.

Béda "digital" jeung "analog" bisa ditingali tina métode ngasupkeun, nyimpen jeung mindahkeun data, kinerja internal instrumén, jeung wangun pintonannana.

Nois digital[édit | édit sumber]

Mangsa sinyal dikirimkeun, sajumlah nois asup kana sinyal kasebut. Hal ieu bisa miboga sababaraha marga lantaran: data anu dipancarkeun ku radio ditarima henteu akurat, katarajang interfirensi ti sumber radio lianna, atawa narima nois radio latar (gangguan dasar anu geus nyampak) ti jagat raya. Mikrofon narima naon bae—sinyal jeung ogé nois latar —tanpa ngabédakeun antara sinyal jeung nois, jadi lamun audio dikodekeun sacara digital, mangka inyana geus ngandung nois.

Pulsa-pulsa listrik anu dikirim ngaliwatan kawat diteken (dileutikkeun) ku résistansi kawat, sarta dirobah ku kapasitansi atawa induktansina. Parobahan-parobahan temperatur ogé bisa ningkatkeun atawa ngurangan éfék kasebut. Mangsa pangiriman sinyal digital kaganggu, parobahan-parobahan leutik henteu jadi masalah lantaran éta gangguan teu dipaliré mangsa sinyal kasebut ditarima. Sedengkeun dina sinyal analog, nois henteu bisa dibédakeun tina sinyal asal antukna mangrupa gangguan. Dina sinyal digital, gangguan sarupa moal jadi masalah, lantaran satiap sinyal hasil gangguan anu rada deukeut (ampir sarupa) bakal ditarjamahkeuan sabagé sinyal asal.

Konvérsi simbul ka digital[édit | édit sumber]

Lantaran simbul-simbul (misalna, karakter alfanumerik) henteu sinambung, ngarobah data (anu diwangun ku simbul-simbul) kana wangunan digital leuwih saderhana sarta kurang kamungkinan kana leungitna data ti batan ngarobah sinyal analog kana wangunan digital. Sajaba ti sampling jeung kuantisasi saperti dina parobahan (konvérsi) analog kana wangunan digital, diperlukeun ogé téknik-téknik saperti polling jeung éncoding.

Sahiji alat pikeun ngaasupkeun (nginput) simbul, anu biasana ngandung sajumlah saklar, diawaskeun dina tiap interval waktu anu teratur pikeun ningali naha saklar-saklar kateken atawa henteu. Data bakal leungit lamun, dina sahiji interval pangawasan (atawa pooling), dua saklar diteken, atawa hiji saklar diteken, dileupaskeun, sarta diteken deui. Polling ieu bisa dilakukeun ku sahiji prosésor husus dina jero alat kasebut supaya nyingkahan jadi bangbaluh pikeun CPU utama. Mangsa sahiji simbul geus diasupkeun, alat kasebut ngirimkeun sahiji interupsi pikeun ngingetkeun CPU pikeun ngabaca éta simbul.

Pikeun alat-alat anu mibanda saklar anu saeutik, (misalna tombol-tombol dina sahiji joystick), status tiap tombol bisa dikodekeun kana sahiji kecap anu ngandung bit-bit (biasana 1 pikeun tombol anu diteken jeung 0 pikeun tombol anu henteu diteken). Hal ieu mangfaat mangsa diperlukeunna gabungan tekenan sababaraha tombol, anu kadang-kadang digunakeun pikeun nunjukkeun status tombol-tombol modifier key dina sahiji keyboard (saperti tombol shift jeung tombol control).

Alat anu ngandung loba saklar (saperti sahiji keyboard komputer) biasana nyusun saklar-saklar dimaksud dina wangunan scan matrix, kalayan masing-masing saklar aya dina patimuan antara garis x jeung garis y. Mangsa sahiji saklar diteken, inyana nyambung ka garis x jeung garis y sakaligus. Polling (anu dina kasus ieu mindeng disebut scanning) dilakukeun ku acara ngaaktifkeun tiap garis x sacara berurutan jeung ngaditéksi garis y mana anu ngahasilkeun sinyal, ti dinya baris kanyahoan, tombol mana anu diteken. Mangsa prosésor keyboard ngaditéksi yén sahiji tombol robah statusna, mangka inyana ngirimkeun sahiji snyal ka CPU anu nunjukkeun kode scan éta tombol jeung status anyarna. Simbul kasebut tuluy dikodekeun (encoded), atawa dirobah kana sahiji angka, gumantung kana status tombol modifier jeung character encoding anu dipikaharep.

Ngagunakeun sahiji encoding anu ilahar pikeun sahiji aplikasi husus bisa dilakukeun tanpa ilangna data. Ngan, ngagunakeun sahiji encoding anu baku saperti ASCII bakal jadi masalah lamun sahiji simbul saperti 'ß' perlu konvérsi tapi inyana henteu baku.

Sistem digital historis[édit | édit sumber]

Sanajan sinyal digital umumna dikaitkeun jeung sistem digital éléktronik binér anu digunakeun dina barang éléktronik modérn jeung komputer, sistem digital sabenerna mah geus aya ti baheula mula, jeung teu kudu salawasna binér atawa barang éléktronik.

  • Sahiji simpoa atawa abacus mangrupa kalkulator digital anu ngagunakeun siki-siki dina baris-baris anu ngagambarkeun angka. Siki-siki ngan boga status naek jeung turun anu miboga harti diskrit, lain analog.
  • Sahiji munara pangawas laut atawa beacon mungkin mangrupa sinyal digital non-elektronik anu paling saderhana, ngan aya dina dua kaayaan (hurung jeung pareum). Sacara husus, sinyal haseup hiji sinyal digital (kebul jeung euweuh kebul) anu ngirimkeun informasi.
  • DNA anu ngandung runtuyan anu panjangna opat diji (anu dilambangkeun ku A, C, G, jeung T), anu sacara éféktifmangrupa system angka basis opat. Masing-masing dijit ieu mangrupa sahiji molekul organik, anu dikenal minangka nucleotide. DNA mangrupa sistem pangiriman informasi utama ti hij generasi biologis ka generasi satuluyna.
  • Sandi Morse
  • Sistem Braille
  • Semaphore signalling
  • International maritime signal flags
  • Modem

Tempo oge[édit | édit sumber]