Lompat ke isi

Komputer

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sarupaning munara komputer pribadi.

Komputer nyaéta hiji alat atawa mesin keur nyieun itungan atawa kontrol operasi nu bisa ditembongkeun dina watesan numeris sareung logis. Istilah "komputer" asalna tina bahasa latin nyaéta "computare" nu miboga arti "cacah". Harti komputer nyaéta perangkat éléktronik nu bisa diprogram keur narima data atah salaku input jeung ngolah sakumpulan intruksi (program) keur ngahasilkeun hasil nyaéta nu disebut output. Komputer mangrupa alat perangkat éléktronik keur manipulasi inpormasi atawa data. Alat ieu miboga kamampuan ngajaga, nyokot, sareung ngolah data. Komputer dijieun keur ngajalankeun aplikasi sareung nyadiakeun rupa-rupa solusi maké runtuyan digit biner. Komputer ogé mangrupa dasar tina élmu teknologi informasi sareung komunikasi. Dasar téori keur itungan maké komputer disebut élmu komputer. [1]

Fungsi komputer

[édit | édit sumber]

Komputer desktop

Komputer dekstop biasa digunakeun di kantor, imah, sareung sakola. Komputer dekstop dirancang keur diteundeun di luhur meja. Biasana, komputer dekstop miboga sababaraha bagian nu béda, contohna wadah komputer, keyboard, mouse, sareng monitor.

Komputer laptop

Komputer laptop biasa disebut laptop. Laptop miboga kakuatan batré nu lewih portabel dibanding desktop. Laptop ogé bisa dicandak sareng digunakeun di mana baé.

Komputer tablet

Komputer tablet atawa tablet nyaéta komputer genggam nu leuwih portabel dibanding laptop. Tablet ngagaduhan layar sentuh keur ngetik sareng navigasi. Contoh tina produk tablet nyaéta iPad.

Server

Server nyaéta komputer nu nyajikeun inpormasi ka komputer nu lain dina jaringan. Contona nyaéta internet. Server ogé digunakeun keur nyimpeun sareng ngabagi data internal. [1]

Mangpaat komputer

[édit | édit sumber]

Sarana komunikasi

Komputer digunakeun kanggé alat komunikasi jarak jauh. Komputer kiwari tos tiasa ngirim sagala rupi pesan nu singkat ka nu séjén. Pengguna komputer tiasa ngagunakeun e-mail sareung sosial media saperti Facebook, Instagram, Twitter, sareung WhatsApp. Komputer ogé tiasa nyadiakeun layanan video call sareung video conference dina aplikasi Zoom sareng Google Meet.

Ngabantos kagiatan diajar

Komputer mangrupa alat nu bisa ngabantos kagiatan diajar. Murid tiasa néangan sagala rupi inpormasi tina Google lewat komputer.

Ngabantos pagawéan

Dina pagawéan, komputer dianggo ku sababaraha profési saperti resepsionis, programmer, akuntan, sareung nu lainna. Komputer digunakeun kanggé ngolah data-data nu penting keur perusahaan. Biasana, aplikasi komputer nu digunakeun nyaéta Microsoft Office, e-mail, nepi ka sistem SAP.

Peluang bisnis

Komputer tiasa ngamangpaatkeun komputer keur ngawanohkeun usaha sacara online. Biasana, pengguna ngagunakeun situs e-commerce keur ngalakukeun bisnis.

Platform hiburan

Komputer tiasa ogé dimanpaatkeun kanggé media hiburan. Pamaké tiasa ngaaksés hiburan saperti YouTube, film, musik, game, sareng nu lainna. [2]

Bagian-bagian komputer

[édit | édit sumber]

Hardware

Hardware nyaéta perangkat keras nu ngagaduhan bentuk fisik. Hardware bisa dioperasikeun sacara langsung sareung berfungsi salaku panghubung antara pamaké sareung sistem komputer. Hardware dibagi jadi opat bagian, nyaéta input device, output device, processing device, sareung storage device.

  • Input device

Input device atawa perangkat masukkan mangrupa perangkat keras nu gaduh fungsi keur ngasupkeun perintah sareung data ka jero sistem komputer. Kata lainna nyaéta gerbang abus keur data nu rék diolah sistem komputer. Data nu tos asup bakal dikonversi jadi kode binary nepi bisa dibaca ku memori utama komputer. Conto input device nyaéta keyboard, mouse, webcam, jeung scanner.

  • Processing device

Data nu tos diasupkeun ngalewatan input device bakal diolah di bagian processing device kusabab processing device sorangan nyaéta hiji perangkat nu gaduh peran keur ngolah data. Proses ieu sacara spesifik dilakukeun ku Central Processing Unit (CPU) atawa nu dikenal uteuk sistem komputer. CPU gaduh tugas keur untuk narima sareung ngajalankeun perintah ka bagian software. Sababaraha komponen dina CPU nyaéta prosesor, RAM, kartu VGA, hard disk, mother board, sareung cooling fan.

  • Output Device

Saatos ngaliwatan processing device, data nu tos diolah bakal dikaluarkeun sareung ditembongkeun ka pamaké. Datana mangrupa dapat gambar, video, sarta audio (suara). Proses ieu bakal berlangsung di bagian output device sareung bakal dikaluarkeun ngaliwatan monitor, printer, headphone, speaker, webcam sareung mikrofon.

  • Storage device

Proses paneundeunan ayana tina storage device atau perangkat paneundeunan. Storage device sorangan kabagi jadi dua jenis, nyaéta internal storage sareung eksternal storage. Internal storage mangrupa bagian paneundeunan nu nempel dina CPU sareung tina hard disk sareung RAM. Samentara eksternal storage, ngacu ka jenis paneundeunan nu bisa dilepas sareung teu terikat ku sistem hardware komputer. Paneundeunan jenis ieu praktis kusabab bisa dicandak ka mana waé. Sababaraha contoh tina eksternal storage nyaéta hard disk eksternal, CD, DVD, sareung flashdisk.

Software

Software atawa perangkat lunak nyaéta hiji komponen nu teu ngagaduhan wujud, alias abstrak. Perangkat jenis ieu kabagi tina program nu tugasna keur ngolah data nu tos dimasukkeun ka jero hardware. Software dibagi jadi tiga bagian nu beda, nyaéta: software sistem, software aplikasi, sareung software tambahan.

  • Software sistem

Software sistem nyaéta perangkat lunak nu ngagaduhan tugas keur ngatur komponen dina komputer sacara taliti. Komponen ieu nyaéta sistem operasi (OS) saperti Windows XP, Windows 2000, Windows 7, Linux, macOS sareung nu lainna.

  • Software aplikasi

Software aplikasi adalah rangkaian program aplikasi yang dapat digunakan pengguna untuk menyelesaikan sebuah tugas tertentu. Dapat dikatakan bahwa software aplikasi mangrupa program pelengkap pada komputer yang digunakan sebagai sarana pengolahan data. Beberapa contoh dari software aplikasi, yakni web browser (Chrome, Mozilla Firefox), Microsoft Office, game dan masih banyak lagi.

  • Software tambahan

Software tambahan nyaéta deretan program nu bisa ngajalankeun tugas-tugas khusus atau tambahan sakaligus ngalindungi perangkat hardware. Contona nyaéta data recovery, disk defragmenter, screensever, sareng backup.

Brainware

Istilah brainware nyaéta pamaké komputer. Pamaké miboga wewenang keur ngajalankeun sareng ngaoperasikeun komputer. Mun teu aya pamaké, komputer moal jalan sacara maksimal. Conto tina brainware sorangan nyaéta programmer, sistem analis, operator, dan administrator. [3]

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]




Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Liputan6.com. "Pengertian Komputer, Jenis, Fungsi, dan Manfaatnya untuk Kehidupan Sehari-Hari". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-01-30. 
  2. Media, Kompas Cyber. "5 Kegunaan Komputer dalam Kehidupan Sehari-hari Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-01-30. 
  3. Media, Kompas Cyber. "Mengenal 3 Komponen Sistem Komputer: Hardware, Software, dan Brainware Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-01-30.