Karéta api Mutiara Selatan
| Mutiara Selatan | |
| KA Mutiara Selatan ngaliwat Stasion Krian, 2022. | |
| Informasi | |
| Sistem | Karéta api antarkota |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 8 |
| Stasion terminus | Stasion Bandung Stasion Surabaya Gubeng |
| Jumlah stasion | 18 |
| Operasi | |
| Dibuka | 1980-an (Éksekutip jeung Bisnis) 1999 (Bisnis) 28 Séptémber 2016 (Ékonomi 2016 New image) Oktober 2016 (Bisnis) Maret 2017 (Éksekutip jeung Bisnis) 01 April 2019 (Ganti Kelas Éksékutip jeung Ékonomi AC Prémium) 1 Désémber 2019 (KA Mutiara Selatan diperpanjang nepi ka Gambir) 1 Pébruari 2021 (rute dipondokan deui jadi Bandung-Surabaya) |
| Dipiboga ku | PT KAI |
| Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
| Karakter | lintas pagunungan |
| Lokomotip | CC206 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1.067 mm |
| Gancangna operasional | 70 s.d. 120 km/jam |
| Titik pangluhurna | +848 (Nagrég) |
Karéta api Mutiara Selatan (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮙᮥᮒᮤᮃᮛ ᮞᮨᮜᮒᮔ᮪) nyaéta karéta api kelas campuran éksekutip-ekonomi AC prémium nu ngahubungkeun Bandung-Surabaya Gubeng liwat Tasikmalaya-Yogyakarta jeung sabalikna.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 8 Surabaya.[1] Asalna, karéta ieu mawa campuran kelas éksekutip jeung bisnis, tapi ti taun 1999 rangkéan KA Mutiara Selatan diganti jadi kelas bisnis kabéh, kelas éksekutip na dipindahkeun kana rangkéan Karéta api Turangga nu ngalayanan ruteu nu sarua.[1]

Tanggal 28 Séptémber 2016, KA Mutiara Selatan genti rangkéan jadi KA Ékonomi AC new image 2016, sarta ruteuna dipanjangan nepi ka Malang, ngan kusabab jarak antar korsina anu dianggap heurin teuing pikeun KA jarak jauh, rangkéan éta ngan dipaké kira-kira dua minggu, tuluy ditarik deui. KA Mutiara Selatan maké rangkéan bisnis deui. Bulan Maret 2017, KA Mutiara Selatan ganti kelas jadi kelas campuran éksekutip-bisnis. Ti tanggal 1 April 2019, Karéta ieu geus maké rangkéan anyar tina Stainless Steel jieunan PT. INKA Madiun sarta ganti kelas jadi Éksekutip-Ékonomi AC Prémium. Ti tanggal 1 Désémber 2019, lalampahan KA Mutiara Selatan dipanjangan nepi ka Stasion Gambir, ku sabab PT KAI geus ngarilis GAPEKA 2019.[2] Karéta ieu kungsi jadi KA panumpang panglilana nyaéta kurang leuwih 20 jam ngéléhkeun lalampahanna KA Wijayakusuma. Tuluy ti tanggal 1 Séptémber 2020 ruteu ieu karéta dipondokan deui jadi Bandung-Surabaya Gubeng percis saperti jaman baheula nalika mimiti dioperasikeun.[3]
Stasion nu dilayanan
[édit | édit sumber]- Stasion Bandung
- Stasion Kiaracondong
- Stasion Cipeundeuy
- Stasion Tasikmalaya
- Stasion Ciamis
- Stasion Banjar
- Stasion Sidareja
- Stasion Maos
- Stasion Kroya
- Stasion Gombong
- Stasion Kebumén
- Stasion Kutoarjo
- Stasion Yogyakarta
- Stasion Solo Balapan
- Stasion Madiun
- Stasion Nganjuk
- Stasion Kertosono
- Stasion Jombang
- Stasion Mojokerto
- Stasion Surabaya Gubeng[4]
Spésifikasi karéta
[édit | édit sumber]Ti tanggal 1 April 2019, KA Mutiara Selatan geus ngagunakeun karéta éksekutip jeung ékonomi AC prémium.
- Susunan rangkéanna nyaéta: (Ti tanggal 1 Pébruari 2025)
- 1 Lokomotip CC206
- 1 Karéta Pembangkit (P 2018/2019 SDT)
- 4 Karéta Éksekutip (K1 2018/2019 SDT)
- 1 Karéta Makan/Pembangkit (M1 2018/2019 SDT)
- 4 karéta Prémium (K3 2018/2019 SDT)
Jadwal karéta
[édit | édit sumber]
Dina GAPEKA 2025 ieu, Karéta api Mutiara Selatan berangkat ti Bandung peuting, nepi ka Surabaya isuk-isuk. Kitu ogé sabalikna. Waktu tempuh karéta api ieu kirang ti 11 jam. Jadwal leuwih lengkepna tingali di luhur.
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 http://www.bisnis.com/traveling/read/20141230/224/386694/menikmati-kemolekan-7-gunung-bumi-parahyangan-dengan-ka-mutiara-selatan%5Btumbu+nonaktif%5D (id) diaksés tanggal 25 Desember 2015
- ↑ Media, Kompas Cyber. "Daftar KA Baru yang Berangkat dari Stasiun Gambir dan Pasar Senen Per 1 Desember 2019 Halaman all". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-07.
- ↑ Barat, Pemerintah Provinsi Jawa. "Mulai September KAI Lakukan Penyesuaian Perjalanan KA". www.jabarprov.go.id. Diaksés tanggal 2021-05-23. Archived 2021-09-22 di Wayback Machine
- ↑ Salah ngutip: Tag
<ref>tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaJadwal
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber](id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |