Lompat ke isi

Stasion Bandung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Stasion Bandung

  • Singgetan: BD
  • Nomor: 1430
Stasion Bandung beulah kidul sabada ditata, 2020
Ngaran lianStasion Hall
LokasiJalan Stasiun Timur No.1 (Lawang kidul)
Jalan Kebon Kawung No.43 (Lawang kalér)
Kebonjeruk, Andir, Bandung, Jawa Kulon, 40181
Indonésia
Luhur+709 m
OperatorDaérah Operasi II Bandung
Letak ti pangkalkm 155+134 lintas BogorBandung
BanjarKutoarjoYogyakarta
km 0+000 lintas Bandung
CikudapateuhDayeuhkolotMajalaya/Ciwidéy[1]
Jumlah péron7
Jumlah jalur10 (jalur 3 & 4: sepur lurus)
Konstruksi
ArsitékF.J.A. Cousin[2]
Gaya arsitékturArt deco
Informasi lain
KlasifikasiBadag tipeu A[3]
Sejarah
Dibuka18 Séptémber 1884
Diwangun deui1909
Layanan
Karéta api Pénumpang
Jalur Barat Jawa: Argo Parahyangan (Regular jeung Tambahan) jeung Cikuray
Jalur Selatan Jawa: Baturradén Éksprés, Lodaya, Argo Wilis, Turangga, Mutiara Selatan, Malabar, jeung Pangandaran
Jalur Jawa Utara: Ciremai Éksprés jeung Harina
Lokal/Komuter
Commuter Line (Bandung Raya jeung Lokal Garut)
Fasilitas jeung téknis
Tipeu pasinyalanÉléktrik
Pamesenan tikétSistem tikét onlén; ngalayanan pemesenan langsung jeung parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass.
Lokasi dina peta
Stasion Bandung beulah kalér

Stasion Bandung (BD) atawa Stasion Hall (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di Kebonjeruk, Andir, Kota Bandung, pasna di wates antara Kalurahan Pasirkaliki jeung Kebonjeruk. Stasion anu aya di tingkat kaluhuran +709 méter ieu mangrupa stasion panggedéna anu aya di Daérah Operasi II Bandung. Stasion ieu saméméhna ngan boga hiji wangunan stasion. Saenggeus dirénovasi ku Pamaréntah Kota Bandung, stasion ieu kiwari miboga dua wangunan sanajan masih kénéh ngahiji. Stasion ini perenahna di Jalan Stasiun Timur No. 1 (pintu kidul) jeung Jalan Kebon Kawung No. 43 (pintu kalér), Kota Bandung.

Stasion ieu ogé dipikawanoh minangka terminal angkutan kota lantaran ku lobana angkot jurusan stasion ieu, otomatis stasion Bandung jadi kasohor ku gelar “terminal angkot”.[4] Stasion ieu mangrupa stasion karéta api panggedéna di Kota Bandung jeung Jawa Kulon.

Mimiti taun 2014, KA lokal Bandung Raya jeung KA Lokal Cibatu teu dilayanan di pintu kalér stasion, ngan dilayanan di pintu kidul wungkul, pikeun ningkatkeun palayanan ka panumpang jeung calon panumpang di ieu stasion.

Stasion ieu mindeng dijadikeun minangka stasion karéta api pacontoan (pilot project) ku PT KAI dina sisi kualitas palayanan pikeun satingkat jeung bandara. Kusabab kitu, PT KAI ngajadikeun stasion ieu minangka stasion karéta api munggaran di Indonésia anu nerapkeun sistem check-in jeung boarding pass mimiti Pébruari 2016[5] sarta sistem pamariksaan bagasi ngagunakeun sinar-X mimiti Oktober 2018.[6]

Ruang tunggu kalér stasion Bandung

Ka arah kulon stasion ieu aya urut stasion Bandung Gudang anu geus teu aktip lantaran geus euweuh deui aktivitas pangangkutan barang di dinya.

Skybridge stasion Bandung ditempo ti kajauhan

Ayeuna, stasion Bandung geus boga sasak layang (skybridge) di wétaneun stasion Bandung, anu ditujukeun husus pikeun panumpang. Salian éta, péron jalur 1 sarta péron antara jalur 2 jeung 3 dijangkungan sarta péron jalur 4, 5, jeung 6 dipanjangan pikeun ngaluyukeun jeung travelator anu nyambung ka sasak layang éta.[7]

Patali jeung proyék modérnisasi pasinyalan karéta api, ti mimiti Maret 2021 di stasion ieu jeung stasion Ciroyom dilakukeun prosés pikeun ngaganti sinyal anu heubeul jieunan Siemens anu geus 50 taun ku sinyal anu anyar meunang nyieun PT Len Industri.[8]

Sajarah

[édit | édit sumber]
Stasion Hall Bandung (1930)

Dina buku Wajah Bandoeng Tempo Dulu (1984) yasana Haryoto Kunto, ideu awal pangwangunan stasion Bandung aya hubunganna jeung dibukana pakebonan di Bandung sekitar taun 1870. Stasion ieu diresmikeun tanggal 17 Méi 1884, nalika jaman pamaréntahan Bupati Koesoemadilaga sarta di waktu nu sarua ogé dibuka jalur karéta Batavia-Bandung ngaliwatan Bogor jeung Cianjur. Harita, para juragan tanah pakebonan (Preangerplanters) ngagunakeun jalur karéta api pikeun ngirim hasil pakebonanna ka Batavia leuwih téréh. Pikeun nampung sarta nyimpen hasil pakebonan nu rék diangkut kana karéta, diwangun gudang-gudang paranti nyimpen barang di babaraha tempat di deukeut stasion Bandung, diantarana di Jalan Cibangkong, Jalan Cikudapateuh, daérah Kosambi, Kiaracondong, Braga, Pasirkaliki, Ciroyom, jeung Andir. Saenggeus diresmikeunna jalur Bandung-Surabaya (1 Nopémber 1894), para pamilik pabrik jeung pakebonan gula dari Jawa Tengah jeung Jawa Timur (Suikerplanters) nyéwa gerbong karéta ka Bandung sangkan bisa miluan Kongrés Usahawan Pakebonan Gula nu kahiji. Kongrés éta mangrupa hasil pertemuan Pengurus Besar Perkumpulan Usahawan Pakebonan Gula (Bestuur van de Vereniging van Suikerplanters) di Surabaya taun 1896.[9][2]

Di taun 1909, arsiték FJA Cousin ngajadikeun wangunan heubeul stasion Bandung leuwih lega, salah sahijina ditandaan ku hiasan kaca patri péron bagian kidul anu gayana Art Deco. Taun 1918, stasion ieu ngahubungkeun Bandung-Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari-Citali, tuluy taun 1919 diwangun jalur Bandung-Citeureup-Majalaya sarta di jalur nu sarua diwangun jalur Citeureup-Banjaran-Pangaléngan (1921). Pikeun jalur ka pakebonan entéh, Tahun 1918, diwangun jalur Bandung ka Kopo tuluy ka Ciwidéy (Maret 1921).[9]

Nalika diresmikeunna stasion Bandung, surat kabar Walanda harita, Javabode, nuliskeun yén masarakat sekitar ngarayakeunna salila 2 poé teu eureun-eureun. Baheulana, karéta api mangrupa sarana transportasi hasil produksi pakebonan Bandung, saperti kina, entéh, kopi, jeung karét, sahingga pertumbuhan ékonomi di kota Bandung berkembang pesat, anu ngabalukarkeun stasion ieu meunang pangajén dari pamaréntah kota mangrupa monumén anu aya di hareupeun stasion, nyaéta di peron kidul (Jalan Stasiun Selatan). Harita, tugu éta dicaangan ku 1.000 damar rancangan Ir. EH De Roo. Kiwati monumén éta geus diganti ku monumén réplika lokomotip uap séri TC1008. Taun 1990, diwangun péron kalér anu ahirna dijadikeun bagian hareup stasion di Jalan Kebon Kawung.[9]

Priangan (Bandung) ti jaman VOC geus jadi wewengkon anu subur dipikawanoh minangka panghasil komoditi ékspor utamana kopi. Dina sistem budaya paksa, di Priangan dilaksanakeun pamelakan wajib pepelakan kopi anu katelah Preanger Stelsel. Angkutan Kopi téh dibawa ti Priangan ka palabuan pangdeukeutna, nyaéta di Batavia (Jakarta). Pikeun ngagampangkeun angkutan komoditi ékspor, pamaréntah Hindia Walanda ngawangun jaringan karéta api Buitenzorg (Bogor) - Bandung - Cicalengka sapanjang 184 km. Saméméhna, jaringan karéta api Jakarta-Bogor geus diwangun ku pausahaan karéta api swasta, Nederlansch Indische Spoorweg Maatschappij (NISM) dina taun [[1]].

Jaringan karéta api Bogor - Bandung - Cicalengka salaku jaringan karéta api munggaran di wewengkon Priangan diwangun ku Staatssporwegen (SS), pausahaan karéta api anu pamaréntah. Salaku salah sahiji halte, SS ngawangun stasion gedé di tengah Bandung. Pangwangunan Stasion Bandung dimimitian dina taun [[2]]. Sangkan stasion anggeus dina waktuna, pangwangunan ogé dilaksanakeun peuting kalayan bantuan lampu listrik. Pangwangunan kahiji kaasup Stasion Bandung anu diresmikeun taun [[3]]. Pangwangunan kahiji dipingpin ku arsiték jeung arkéolog, Jan Willwm Ijzerman. Rarancang Stasion Bandung awal mirip jeung Stasion Surabaya Gubeng, ngabogaan ciri wangunan stasion milik SS dina jaman [[4]]. Stasion éta bisa réngsé dina tanggal 16 Méi [[5]], isukna diresmikeun kainditan karéta api Bogor-Bandung-Cicalengka pikeun masarakat.

Pikeun ngimbangan ngaronjatna jumlah panumpang jeung barang, sanggeus nyambung jeung Batavia. Stasion Bandung dirénovasi, wewengkon stasion dilegaan ku nambahkeun wangunan gaya art deco anu  dipingpin ku arsiték FJA Cousin. Taun [[6]], SS deui ngalaksanakeun rénovasi gedé Stasion Bandung. Pangwangunan anu dirarancang ku E. H de Roo kaabus ngawangun deui stasion. Fasad wangunan art deco kalayan konsép anu leungit modéren jeung jandéla biru, kawas anu aya di Stasion Naarden-Bussum taun [[7]]. Salila rénovasi, stasion éta nyieun lampu listrik anyae ti pausahaan Bergman.

Dina [[8]], SS nambahkeun hateup payung beton anu dijadikeun panglegaan hateup beusi nu geus aya. Saméntara éta, wangunan jeung gerbang kalér Stasion Bandung ayeuna hasil renovasi taun [[9]]. Wangunan kalayan konsép imah joglo tradisional.[10]

Kiwari Stasion Bandung dikokolakeun ku Wilayah Operasional 2 Bandung, PT Kereta Api Indonesia (Persero). Stasion anu aya dina kaluhuran +709 mdpl, ayana di km 155+134 jalur Bogor – Bandung – Yogyakarta. Stasion Bandung geus ditetepkeun minangka gedong cagar budaya anu kadaptar dina Peraturan Daerah Kota Bandung dumasar kana Peraturan Daerah Nomor 19 Tahun [[10]].[10]

Ciri has

[édit | édit sumber]

Stasion ieu miboga ciri has mangrupa bél lagu instruméntal angklung Manuk Dadali anu sok disetél unggal karéta api datang. Salian ti éta, sok disetél ogé instruméntal Karatagan Pahlawan unggal aya karéta anu rék indit.

Layanan karéta api

[édit | édit sumber]

Panumpang

[édit | édit sumber]

Kelas Éksekutip

[édit | édit sumber]

Campuran

[édit | édit sumber]

Lokal Ékonomi AC

[édit | édit sumber]


Antarmoda pangrojong[11]

[édit | édit sumber]
Jenis angkutan umum Trayék Jurusan
Angkot Kota Bandung 04 Terminal Kebon Kalapa
09 Stasiun Hall–Dago
10 Stasiun Hall–Terminal Sadang Serang
11B Stasiun Hall–Ciumbeuleuit via Cihampelas
12 Stasiun Hall–Pasar Induk Gedébagé
13 Stasiun Hall–Sarijadi
14 Stasiun Hall–Gunung Batu
22 Terminal Kebon Kalapa–Pasar Sederhana
26 Cisitu–Tegalega
30 Kebon Kalapa–Elang
31 Antapani–Ciroyom
34 Terminal Sadang Sérang–Pasar Induk Caringin
Angkot Kabupatén - Lémbang–Stasiun Hall
- Stasiun Hall–Cimahi–Padalarang

Galéri

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Subdit Jalan Rel dan Jembatan (2004). Buku Jarak Antarstasiun dan Perhentian. Bandung: PT Kereta Api (Persero). 
  2. a b Kunto, H (1984). Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Bandung: Granesia. 
  3. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 
  4. "Angkutan Umum: Angkot Kota Bandung". Transportasiumum.com. Diakses tanggal 14 September 2017.  Archived 14 Séptémber 2017 di Wayback Machine
  5. Haryadi, Malvyandie (22 Februari 2016). "Mulai Senin, Stasion Bandung Berlakukan Aturan Boarding Pass, Ini yang Harus Dilakukan Penumpang". Tribun Jabar. Diakses tanggal 14 September 2017. [tumbu nonaktif]
  6. Indonesia, PT. Content First. "Optimalkan keamanan, Stasion KA Bandung operasikan x-ray". elshinta.com. Diakses tanggal 2018-11-07. 
  7. Fatimah, Siti. "Wajah Baru Stasiun Bandung dengan Skybridge yang Instagrammable". detikTravel (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-05-23. 
  8. developer, mediaindonesia com. "Kucurkan Rp13,8 M, Ini Progam Padat Karya KA Kemenhub di Jabar". mediaindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-05-23. 
  9. a b c Gregorius Magnus Finesso (2010-09-15). "Bangkitnya Tatar Sunda". Kompas. p. 3 
  10. a b "Heritage - Kereta Api Indonesia". heritage.kai.id. Diakses tanggal 2022-02-13.  Archived 2022-02-14 di Wayback Machine
  11. "Angkutan Umum | Angkot Kota Bandung – TRANSPORTASI UMUM". transportasiumum.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-04-30.  Archived 2017-09-14 di Wayback Machine

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

(id) Situs resmi PT. Kereta Api Indonesia (Persero) Archived 2015-11-25 di Wayback Machine

Jalur karéta api Padalarang-Kasugihan
Stasion saméméhna:
Stasion Ciroyom
Stasion saenggeusna:
Stasion Cikudapateuh