Karéta api Malabar
Malabar | |
KA Malabar ngaliwat di wates DAOP 2 jeung DAOP 1 di daérah Sukaséuri, Cikampék | |
Informasi | |
Sistem | Karéta api antar kota |
Kelas | éksekutip-bisnis-ékonomi |
Status | Beroperasi |
Lokal | Daop 8 Surabaya |
Stasion terminus | Stasion Pasar Senén Stasion Malang |
Operasi | |
Dibuka | 30 April 2010 (dibuka kalawan ruteu Bandung-Malang) 1 Désémber 2019 (ruteuna dipanjangan nepi ka Pasar Senén) |
Dipiboga ku | PT Kereta Api Indonesia |
Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
Karakter | lintas pagunungan |
Lokomotip | CC201, CC203, CC206 |
Data téhnis | |
Lébar sepur | 1.067 mm |
Gancangna operasional | 60-90 km/jam |
Titik pangluhurna | +848 m (Nagrég) |
Karéta api Malabar (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮙᮜᮘᮁ) nyaéta karéta api campuran nu ngahubungkeun Stasion Pasar Senén jeung Stasion Malang liwat Bandung-Tasikmalaya-Kroya-Kutoarjo-Kediri.[1] Karéta ieu jadi karéta api hiji-hijina anu ngarangkéy kabéh kelas (éksekutip-bisnis-ékonomi).[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 8 Surabaya.[1]
Asalna,karéta ieu ngalayanan ruteu Bandung-Malang, ngan ti mimiti 1 Désémber 2019, ku lantaran PT Kereta Api Indonesia medalkeun Grafik Perjalanan Kereta Api (GAPEKA) 2019, karéta ieu ruteuna dipanjangan nepi ka Stasion Pasar Senén, pikeun ngakomodir panumpang nu ti Bandung atawa daérah Priangan Wétan ka Jakarta, atawa sabalikna.[2]
Asal-usul ngaran
[édit | édit sumber]Kecap "Malabar" asalna ti ngaran gunung di Kabupatén Bandung, tapi aya nu nyebutkeun kecap "Malabar" téh mangrupa akronim ti ngaran stasion pangeureunan ahir, nyaéta MALANG BANDUNG JAKARTA.[1]
Stasion nu dilayanan
[édit | édit sumber]- Stasion Pasar Senén
- Stasion Bekasi (ngan arah ka Jakarta Wungkul)
- Stasion Purwakarta
- Stasion Cimahi
- Stasion Bandung
- Stasion Kiaracondong
- Stasion Cipeundeuy
- Stasion Tasikmalaya
- Stasion Ciamis
- Stasion Banjar
- Stasion Maos
- Stasion Kroya
- Stasion Karanganyar
- Stasion Kutoarjo
- Stasion Yogyakarta
- Stasion Solo Balapan
- Stasion Madiun
- Stasion Kediri
- Stasion Blitar
- Stasion Kepanjen
- Stasion Malang Kotalama
- Stasion Malang[3]
Spesifikasi karéta
[édit | édit sumber]- Lokomotip CC203 atawa CC206
- 4 karéta éksekutip (K1 ML)
- 2 karéta bisnis (K2 ML)
- 2 karéta ékonomi (K3 ML)
- 1 karéta makan pembangkit (MP2 ML)
- 1 karéta bahasi (B SBI/ML)[1]
Katerangan:
- KA Malabar mangrupa hiji-hijina KA anu ngarangkéan sakabéh kelas, nyaéta ékonomi (AC), bisnis, éksekutip, jeung barang dina hiji rangkéan
- Lamun KA Malabar teu ngagunakeun Karéta Makan Pembangkit kalawan gantina badé Mawa Karéta Pembangkit (P) jeung Karéta Makan Éksekutip (M1)
Jadwal
[édit | édit sumber]Karéta api Malabar berangkat ti Stasion Pasar Senén soré, nepi ka Stasion Malang béurang, jeung sabalikna.[1] Jadwal nu leuwih lengkepna tingali di Wikipédia basa Indonésia.
Insidén
[édit | édit sumber]- Dina poé Jumat, tanggal 4 April 2014, KA Malabar tiguling di daérah Tasikmalaya, Jawa Kulon antara pétak Stasion Ciawi-Cirahayu di km 244.[4] Nepi ka kiwari, 4 korban dilaporkeun téwas, 2 korban séjénna kacepét kénéh di antara karéta nu tiguling.[4] KA Malabar ieu tiguling lantaran aya urug.[4] Diwartakeun karéta ieu tiguling ka jurang.[4] Korban-korban KA Malabar éta dibawa ka Puskésmas Ciawi.[4] Kajadian ieu terjadi tabuh 18.30 WIB.[4]
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f Peresmian KA Malabar[tumbu nonaktif] (id) diakses tanggal 26 Desember 2015
- ↑ Media, Kompas Cyber. "Daftar KA Baru yang Berangkat dari Stasiun Gambir dan Pasar Senen Per 1 Desember 2019 Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2019-12-07.
- ↑ http://www.stasiunbandung.com/ Archived 2014-10-10 di Wayback Machine (id) diakses tanggal 26 Desember 2015
- ↑ a b c d e f http://news.liputan6.com/read/2032662/ini-penyebab-tergulingnya-kereta-malabar-di-tasikmalaya (id) diakses tanggal 26 Desember 2015
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber](id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine
Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |