Lompat ke isi

Karéta api Harina

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Harina
Karéta api Harina nalika ngaliwat di Tembok Dukuh, Bubutan, Surabaya
Informasi
SistemKaréta api antar kota
Kelaséksekutip plus-premium plus
StatusBeroperasi
LokalDaop 2 Bandung
Stasion terminusStasion Bandung
Stasion Surabaya Pasarturi
Operasi
Dipiboga kuPT KAI
OperatorDaérah Operasi II Bandung
Karakterngurilingan jalan pantura
LokomotipCC206
Data téhnis
Lébar sepur1.067 mm
Titik pangluhurna+709 (Bandung)

Karéta api Harina (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮠᮛᮤᮔ) nyaéta karéta api anu ngahubungkeun Bandung jeung Surabaya via Semarang.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 2 Bandung.[1] Rute Karéta api Harina béda jeung karéta nu séjénna nu ngalayanan Bandung - Surabaya, ti Bandung, ka Purwakarta, di Cikampék, lokomotipna pindah posisi, ka Cirebon, Semarang, Cepu, Bojonegoro, nepi ka Surabaya Pasarturi.[1]

Karéta ieu téh neruskeun tugasna Karéta api Mahésa anu ngalayanan rute Bandung - Semarang Tawang nu kelasna éksekutip-bisnis.[1] Tapi rute na béda, ti Bandung, ka Tasikmalaya, Kroya, terus lokomotipna pindah posisi, ka Purwokerto, Prupuk, Slawi, nepi ka Semarang Tawang.[1]

Séké Sélér Ngaran

[édit | édit sumber]

Ngaran "Harina" dicokot tina basa Sangsekerta, hāriṇa (aksara Dewanagari: हारिण), anu boga hartina "antelop india betina".[2]

Stasion nu dilayanan

[édit | édit sumber]

Spesifikasi karéta

[édit | édit sumber]
Lintasan lalampahan Bandung - Surabaya Pasarturi liwat Cikampék - Semarang Tawang
Lokomotip CC206
Rangkéan 1 karéta bagasi (B) + 3 karéta kelas ékonomi premium (K3 2018/2019 BD) + 1 karéta makan (M1 2018/2019 BD) + 5 karéta kelas éksekutip (K1 2018/2019 BD) + 1 karéta pembangkit (P 2018/2019 BD)


Catetan : Urut rangkéan karéta bisa barobah tiap unggalna.

Jumlah tempat diuk 490 tempat diuk

Karéta api Harina berangkat di Bandung peuting, nepi ka Surabaya Pasarturi isuk-isuk, jeung sabalikna.[1] Jadwal nu leuwih lengkepna, tingali di Wikipédia Basa Indonésia.

Saacan taun 2013, aya jadwal KA Harina Pagi, tapi okupansina minim (kurang ti 60%), jadi KA Harina Pagi dihijikeun jeung KA Harina (malam) jadi KA Harina.[1] Rutena ogé diperpanjang nepi ka Surabaya Pasarturi.[1]

Insidén

[édit | édit sumber]
  • Dina tanggal 21 Oktober 2010, Karéta api Harina beunang urug di Jatiluhur, Purwakarta, tabuh 05.00.[3] Euweuh korban jiwa, tapi perjalanan karéta kahambat lantaran posisi lokomotif jeung gerbongna ngahalangan rél.[3]

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Karéta rute Bandung-Surabaya

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 Informasi dan jadwal KA Harina Archived 2016-01-12 di Wayback Machine (id) diakses tanggal 27 Desember 2015
  2. Zimmermann, Francis. (1999). The jungle and the aroma of meats : an ecological theme in Hindu medicine (Édisi 1st Indian ed). Delhi: Motilal Banarsidass. ISBN 978-81-208-1618-3. OCLC 45993246.
  3. 1 2 Kompas: KA Harina Anjlok di Jatiluhur (id) diakses tanggal 27 Desember 2015

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

(id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine