Péron

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Émplasemén Stasion Kutoarjo ngawengku babaraha péron

Péron nyaéta palataran di stasion pikeun nunggu atawa turun unggah panumpang karéta api.[1] Babaraha péron jeung jalur di hiji aréa stasion disebut émplasemén. Biasana, panghubung antara péron-péron di stasion anu gedé biasana maké palintasan atawa tangga, bisa ogé maké lift, éskalator, jeung torowongan handap taneuh.

Sajarah[édit | édit sumber]

Ku lantaran lolobana stasion di Indonésia diwangun di jaman kolonial Hindia Walanda, mangka péron nu diwangun modélna nu ilahar keur jaman éta, nyaéta péron pendék. Lantaran baheula mah karétana boga tangga pikeun naékna.

Kadieunakeun, modél karéta jaman kiwari mah teu nyadiaan tangga di jerona, jadi stasion nu diwangun di jaman sanggeus kamerdikaan Indonésia, umumna maké péron nu jangkung. Sok aya ogé stasion anu ngahaja dirénovasi pikeun ngajangkungkeun péron. Ku lantaran kitu, malah sok aya stasion anu boga dua jinis péron jangkung jeung pendék sakaligus, saperti di Stasion Bandung. Ngan, aya ogé stasion-stasion badag anu tetep maké péron pendék, ku sabab heurin, saperti di Stasion Solo Balapan.

Jinis-jinis péron[édit | édit sumber]

  • Péron teluk, biasana sok aya di stasion dina jalur terminus, saperti Stasion Jakarta Kota.
  • Péron sisi, péron anu umumna aya di unggal stasion, biasana di sisi katuhu atawa kénca jalur karéta.
  • Péron barang, péron anu saperti péron teluk, ngan leuwih heurin sarta ngan pikeun bongkar-muat barang.
  • Péron pulo, péron anu diapit ku dua jalur karéta.
  • Péron undakan, dua péron anu salah sahijina leuwih jangkung ti batan péron séjén.

Karcis péron[édit | édit sumber]

Babaraha operator karéta api ngalumakukeun karcis péron pikeun nu nganteur atawa ngajemput panumpang. Tapi, karcis péron ieu nyababkeun babaraha masalah, di antarana panumpang pasesedek di péron ku lantaran loba teuing nu ngajemput atawa nu nganteur, tuluy sok aya jelema nu jol asup kana karéta tanpa meuli tikét langsung (penumpang gelap). Di Indonésia, sistem tikét péron geus dieuweuhkeun ti taun 2011.[2]

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Danadibrata, R. A. (R. Alla), 1905-1987. (2006). Kamus basa Sunda (Cit. 1 ed.). Bandung: Wedalan Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, gawe bareng PT Kiblat Buku Utama, jeung Universitas Padjadjaran. ISBN 9793631910. OCLC 125409879. 
  2. Kompas: PT KAI Hapuskan Tiket Peron


Stasiun Selatan Bandung.jpg