Rél

Rél atawa erél[1] nyaéta logam batang pikeun landasan jalan karéta api atawa kandaraan nu séjén saperti trém jeung sajabana.[2] Rél mangrupa dua batang logam kaku anu sarua panjang, dipasang dina bantalan minangka dasar landasan.[2] Rél-rél éta dibeungkeut dina bantalan maké paku rél, sekrup panyangreud (Ind:penambat), atawa panyangreud "é" (saperti panyangreud pandrol).[2]
Rupa-rupa panambat anu dipaké tergantung tina jenis bantalan anu dipaké.[2] Paku ulir atawa paku panyangreud dipaké dina bantalan kai, sedengkeun panyangreud "é" mah dipaké pikeun bantalan beton atawa semén.[2]
Rél biasana dipasangkeun dina luhureun badan jalan anu disaeur ku batu barangkal atawa batu balast.[2] Fungsi balast dina rél karéta api nyaéta pikeun ngaredam geteran jeung lengkungan rél nu diakibatkeun ku beuratna karéta api.[2] Pikeun ngaliwatan jambatan, dipaké tatapakan kai anu leuwih elastis ti batan tatapakan beton.[2]
Lébar trék
[édit | édit sumber]

Aya sababaraha lébar trék (Ing:gauge) anu dipaké, beuki lébar beuki stabil nu ngabalukarkeun leuwih gancang karétana.[2] Lébar trék anu aya di sakabéh dunya aya dina daptar ieu.[2]
| Lébar | Nagara | |
|---|---|---|
| Ukuran (mm) | Ngaran | |
| 381 | 15 Inci | Amérika. |
| 600 | Decauville | Portugal jeung Perancis. |
| 760 | Bosnia | Austria. |
| 762 | Imperial | Jepang. |
| 891 | Swédia | Swédia. |
| 914 | 3 Kaki | Péru. |
| 1000 | Méter | Malaysia. |
| 1067 | Cape | Indonésia. |
| 1372 | Scotch | Skotlandia. |
| 1435 | Standar | Italia. |
| 1520 | Rusia | Rusia. |
| 1600 | Irlandia | Irlandia. |
| 1668 | Iberia | Spanyol jeung Portugal. |
| 1676 | India | India jeung Pakistan. |
| 2140 | Brunel | Inggris. |
| 3000 | Breitspurbahn | Jerman. |
Rupa-rupa rél dumasar beuratna
[édit | édit sumber]Rel anu dipaké di Indonésia maké standar UIC, Standar[2]:
- Rel 25 anu hartina unggal 1 méter potongan rél beuratna 25 kilogram (kg).
- Rel 33
- Rel 41
- Rel 42 anu hartina unggal 1 méter potongan rél beuratna 42,59 kilogram
- Rel 50
- Rel 54 anu hartina unggal 1 méter potongan rél beuratna 54.43 kilogram
- Rel 60
Cara nyambungkeun rél
[édit | édit sumber]Ti pabrik anu ngajieun rél, biasana rél dipotong unggal 25 méter.[3] Ku sabab kitu, rél éta kudu disambungkeun deui.[3] Aya sababaraha cara pikeun nyambungkeun rél, nyaéta[3]:
- Las termit
- Sambungan baut (Fish plate)
- Las kilatan listrik
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Danadibrata, R. A. (R. Alla), 1905-1987. (2006). Kamus basa Sunda (Édisi Cit. 1). Bandung: Wedalan Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, gawe bareng PT Kiblat Buku Utama, jeung Universitas Padjadjaran. ISBN 9793631910. OCLC 125409879. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 (en) Rel dan lebar sepur diakses tanggal 27 Januari 2016
- 1 2 3 (en) Cara penyambungan rel Archived 2012-01-19 di Wayback Machine diakses tanggal 27 Januari 2016
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
