Stasion Bogor

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Stasion Bogor
Logo PT KAI (Persero).svg
PapanNamaStasiun BOO.png
  • Singgetan: BOO
  • Nomor: 0720
Station - panoramio (17).jpg
Stasion KA Bogor
Lokasi
Propinsi Jawa Kulon
Kota Bogor
Kacamatan Bogor Tengah
Kalurahan Cibogor
Alamat
  • Jalan Nyi Raja Permas nomor 1 (pintu wétan, aksés diwatesan lain pikeun umum)
  • Jalan Mayor Oking (pintu asup beulah kulon, aksés pikeun umum)
Sajarah
Dibuka 1881
Ngaran saméméhna Stasiun Buitenzorg
Informasi séjén
Operator Daérah Operasi I Jakarta
Kelas stasion[1] Badag tipeu A
Tingkat kaluhuran +246 m
Perenahna[2]
Layanan KRL Commuter Line
Pamesenan tikét Ngan ngalayanan kartu single trip/multi trip Commuter Line.
Operasi
  Stasion saméméhna     KRL Jabodetabék     Station sanggeusna  
Tungtung Bogor–Jatinegara
Bogor–Jakarta Kota
Konstruksi jeung fasilitas
Jumlah jalur

8

  • jalur 3: jalur lurus ganda arah hulu (ti Jakarta Kota-Manggarai) eujeung jalur tunggal arah Cianjur-Padalarang
  • jalur 5: jalur lurus ganda arah hilir (ka Manggarai-Jakarta Kota)
Jumlah péron 7 (hiji péron sisi nu rada pendék, dua péron pulo nu rada jangkung, hiji péron pulo nu rada pendék, dua péron pulo nu jangkung, sarta hiji péron sisi nu rada jangkung; euweuh péron pulo di antara jalur 5 jeung 6 sarta jalur 7 jeung 8)
Gaya arsitéktur Indische, Neoklasik
Fasilitas anu aya di stasion ieu:
Logo PT KAI (Persero).svg
Fasilitas parkir: Aya Aréa ngaroko: Aya
Fasilitas difabel: Aya Toilét: Aya
Galéri ATM: Aya
Tempat ibadah: Aya

Stasion Bogor (BOO)—nalika jaman kolonial Belanda ngaranna Station Buitenzorg— (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮘᮧᮌᮧᮁ, Stasion Bogor) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di Cibogor, Bogor Tengah, Bogor. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +246 méter ieu kaasup ka Daérah Operasi I Jakarta. Stasion nu diwangun taun 1881 ieu jadi stasion terminus (paeureunan ahir) pikeun sakabéh lalampahan KRL Commuter Line anu ngalayanan wewengkon Jabodetabék, nyaéta ka Stasion Jakarta Kota, Stasion Angké, Stasion Kampung Bandan, jeung Stasion Jatinegara. Stasion Bogor miboga dalapan jalur karéta api kalawan jalur 3 minangka jalur lurus ganda arah Jakarta Kota-Manggarai sarta jalur tunggal arah Cianjur-Padalarang sarta jalur 5 minangka jalur lurus ganda ti arah Manggarai-Jakarta Kota.

Sajarah[édit | édit sumber]

Stasion Bogor tempo doeloe

Stasion Bogor diwangun ku Nederlandsch-Indische Spoorweg Maatschappij di taun 1872 minangka titik ahir jalur karéta api Batavia-Weltevreden-Dépok-Buitenzorg.[3] Stasion ieu dibuka mimiti pikeun umum tanggal 31 Januari 1873. Opat puluh taun mimiti, stasion ieu dikelola ku NIS, kakara di taun 1913 stasion ieu jeung jalur-jalurna dibeuli ku SS.[3] Taun 1881 diwangun stasion anyar. Ti 1881 nepi 1883 SS nuluykeun pangwangunan jalur karéta api ti Bogor-Sukabumi tuluy nepi taun 1887 bisa kahubung ka Tugu Yogyakarta.[4]

Baheula, aya hiji lapang nu lega ngaranna Taman Wilhelmina kungsi jadi bagian ti stasion Bogor.[4]

Di rohangan VIP aya monumén prasasti tina marmer anu jangkungna 1 méter. Monumén ieu minangka simbol tanda “wilujeng énjing” ti para karyawan SS ka David Maarschalk anu rék pénsiun lantaran usahana ngamekarkeun jalur karéta api di Jawa. Prasasti ieu dijieun ngagentikeun patung David Maarschalk anu kungsi aya di tempat prasasti ieu.[3]

Rénovasi stasion kungsi dilakukeun ku Kementerian Perhubungan taun 2009. Wangunan stasion anu aya tulisan "[[1881]”, anu nyinghareup Jalan Nyi Raja Permas Raya (Taman Topi) ieu ahirna teu difungsikeun minangka pintu asup stasion pikeun umum. Kiwari wangunan stasion dipindah jadi nyinghareup Jalan Mayor Oking.[4]

Wangunan jeung tata letak[édit | édit sumber]

Stasion ieu mangrupa dua wangunan anu ngaréndéng. Wangunan utamana nyaéta wangunan aréa asup ke stasion, lobi, kantor administrasi, tempat ngajual tiket, jeung fasilitas nu lainna. Sedengkeun, wangunan kadua nyaéta wangunan kanopi anu ngiuhan péron sarta dua jalur karéta api. Wangunan utama stasion anu diwangun taun 1881, henteu loba robah nepi ka kiwari. [3]

Stasion ieu boga gaya arsitéktur Éropa kalawan loba motifna. Misalna aya anu motifna géometris awan, suku-suku singa, jeung relung-relung bagian handap. Gaya désain ieu mangrupa gaya kalawan nuansa Yunani Klasik tapi aya campuran, nyaéta miboga bentuk simétris jeung serba pasagi.[3] Di jamanna, (1880 - 1889), wangunan ciga kieu jadi trén di Hindia Walanda.[3] Arsitéktur wangunan utama némbongkeun ciri khas gaya arsitéktur Indische Empire kalawan bentuk massa bangunan anu simétris sarta pintu asup jeung lobi utama gaya arsitékturna Néo-Klasik [3]

Kesan anggun ti stasion ieu aya tina bentuk atap pelana kalawan bentuk jurutilu sarta gerbang ngalengkung di wangunan hareup. Sedengkeun di bagian tukangna, mangrupa témbok plesteran anu maké ornamén gurat-gurat sarta ahiran cornice di bagian atas anu polana lengkungan anu laleutik anu numutkeun istilah arsitéktur klasik disebut guttae, ngabingkéy atap juréy di luhurna. Pintu jeung jandéla miboga panutup kai anu ahirna nguatkeun kesan klasik ti ieu wangunan. Sedengkeun di wangunan émplasemén, mangrupa struktur atap bentang lébar kalawan rangka baja jeung panutup atap plat beusi anu rérégéan. [3].

Stasion ieu miboga dua tingkat. Désain tangga kai ngahubungkeun lantéy 1 jeung lantéy 2. Karakteristik wangunan utama khas kalawan gaya Indische Empire sedangkan pada lobi bergaya Neoklasik.[3]

Indische Empire nyaéta gaya arsitéktur jaman kolonial Walanda di Indonésia anu mekar pas abad 18 jeung 19. Gaya ieu lahir ti gaya hirup urang Éropa di Indonésia. Wangunan-wangunan anu maké gaya ieu mangrupa adaptasi aliran Néoklasik anu kasohor di Éropa keur harita kalawan kondisi iklim jeung bahan wangunan satempat. Wangunan-wangunan anu ngagunakeun gaya ieu ciri unumna nyaéta ngagunakeun kolom-kolom dorik di téras hareup sarta buruanna nu lega.[3]

Néo Klasik anu disebut ogé New Classicism nyaéta pergerakan aliran arsitéktur di Éropa jeung Amérika anu dimimitian pas tengah-tengah abad ka-18. Gaya ieu meunang inspirasi ti ruruntuhan arsitéktur Yunani Klasik utamana Romawi.

Layanan karéta api[édit | édit sumber]

Gambar:Railcars.jpg
Tilu rupa karéta rel listrik di Stasion Bogor. [kénca ka katuhu]: KRL Rhéostatik mild steel jieunan Jepang taun 1983/1984, KRL Holéc jieunan Walanda/Bélgia/PT Inka 1996, sarta KRL Rhéostatik stainless steel jieunan 1986/1987

Stasion ieu disibukkeun ku komuter (panglaju) ti Bogor ka Jakarta. Kiwari stasion ieu ngalayanan dua layanan KRL Commuter Line; Yellow Line/Jakarta Loopline ka Stasion Angké, Kampung Bandan, nepi ka Jatinegara, sarta Red Line ka Stasion Jakarta Kota.

Salian ti ngalayanan karéta komuter jurusan Jakarta, Stasion Bogor ogé jadi tempat langsiran Karéta api Pangrango anu diberangkatkeun ti Stasion Bogor Palédang anu jarakns 200 méter di beulah kidul Stasion Bogor pikeun ngalayanan ruteu Cianjur-Sukabumi-Bogor. Langsiran ieu dilakukeun di Stasion Bogor lantaran Stasion Bogor Palédang ngan boga hiji jalur.

Langsiran[édit | édit sumber]

Pangrango, jurusan Sukabumi liwat Bogor Paledang (éksekutip jeung ékonomi AC)

KRL Commuter Line[édit | édit sumber]

Antarmoda pangrojong[édit | édit sumber]

Jenis angkutan umum Trayék Jurusan
Angkot[5] 01 Perumahan Yasmin–Cipinang Gading (turun di Jalan Mayor Oking)
08 Terminal Merdéka–Taman Pajajaran (turun di Jalan Mayor Oking)
10 Cimanggu Permai–Pasar Anyar (turun di Jalan Mayor Oking)
11 Curug–Taman Cimanggu–Pasar Anyar
12 Bubulak–Pabuaran–Cimanggu–Pasar Anyar
16 Stasion Bogor–Bubulak, p.p.
29 Terminal Medeka–Pabuaran

Galéri[édit | édit sumber]

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 
  2. Subdit Jalan Rel dan Jembatan (2004). Buku Jarak Antarstasiun dan Perhentian. Bandung: PT Kereta Api (Persero). 
  3. a b c d e f g h i j Murti Hariyadi, Ibnu; Basir, Ekawati; Pratiwi, Mungki Indriati; Ubaidi, Ella; Sukmono, Edi (2016). Arsitektur Bangunan Stasion Karéta Api di Indonesia. Jakarta: PT. Karéta Api Indonesia (Persero). pp. 1 – 14. ISBN 978-602-18839-3-8. 
  4. a b c Majalah KA Edisi Agustus 2014
  5. Wiguna, Alfiar. "Pemerintah Kota Bogor". kotabogor.go.id. Diakses tanggal 2018-06-27. 

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Jalur karéta api Manggarai-Padalarang
Stasion saméméhna:
Stasion Cilebut
Stasion saenggeusna:
Stasion Bogor Palédang


Koordinat: 6°35′39″S 106°47′27″E / 6.5942707°S 106.7908108°E / -6.5942707; 106.7908108

Stasiun Selatan Bandung.jpg