Karéta api Lodaya
| Karéta api Lodaya | |
| Karéta api Lodaya nu tos maké rangkaian Stainless Steel New Generation, 2024 | |
| Informasi | |
| Sistem | Karéta api antar kota |
| Kelas | Éksekutip-Ékonomi AC Prémium |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 6 Jogja |
| Stasion terminus | Stasion Bandung Stasion Solo Balapan |
| Operasi | |
| Dipiboga ku | PT KAI |
| Operator | Daérah Operasi VI Yogyakarta |
| Lokomotip | CC203, CC206 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1.067 mm |
| Titik pangluhurna | +848 (Nagrég) |
Karéta api Lodaya nyaéta layanan karéta api nu ngahubungkeun Stasion Bandung jeung Stasion Solo Balapan.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 6 Jogja.[1] Asalna karéta ieu ngaranna Karéta api Senja Mataram/Pajajaran, rélasi Bandung - Yogyakarta.[1] Tapi, ti mimiti rutena diperpanjang nepi ka Solo Balapan, ngaranna dirobah jadi KA Lodaya.[1] Karéta api Lodaya gaduh waktos perjalanan kirang langkung 8 jam.[2]
Mimitina, KA Lodaya maké rangkéan Éksekutip-Bisnis, ngan ti ahir bulan Oktober 2018, rangkéanna diganti jadi Éksekutip-Ékonomi AC Prémium kaluaran 2018 (K1 18 + K3 18). Ti 1 Méi 2024, karéta ieu tos maké rangkaian karéta éksekutif jeung ékonomi New Generation Stainless Steel.[3]
Asal usul ngaran
[édit | édit sumber]Kecap "Lodaya" téh mangrupa akronim ti ngaran stasion paeureunan ahir, nyaéta SOLO-BANDUNG RAYA.[1]
Stasion nu dilayanan
[édit | édit sumber]Spesifikasi karéta
[édit | édit sumber]- Lokomotip CC206
- 4 karéta éksekutip (K1 24 SLO)
- 4/3 karéta ékonomi (K3 24 SLO)
- 1 karéta makan (M1 24 SLO)
- 1 karéta pembangkit (P)[3]
Jadwal
[édit | édit sumber]
Karéta api Lodaya dijalankeun 4 kali (isuk-isuk jeung peuting).[1] Misalna, Karéta Lodaya pagi indit ti Bandung isuk-isuk nepi ka Solo Balapan soré (jeung sabalikna). Karéta Lodaya malam berangkat di Bandung peuting nepi ka Solo Balapan isuk-isuk (jeung sabalikna).[1] Jadwal nu leuwih lengkepna tingali di luhur.
Insidén
[édit | édit sumber]- Dina tanggal 10 Oktober 2013, karéta api Lodaya Pagi nabrak batu nu diganjel di tengah rél, dina km 440+0/1, di daérah Karanganyar, Kebumen. Karéta api anu ditarik lokomotip CC 204 10 jeung 4 karéta éksekutip, 3 karéta bisnis, 1 karéta réstorasi, jeung 1 gerbong bagasi ieu kudu berhenti luar biasa (BLB) di Stasion Gombong.[4]
- Dina tanggal 5 Oktober 2015, karéta api Lodaya jurusan Solo Balapan-Bandung anjlok dina tabuh 01.45 di km 244+5/6, di Kampung Terung, Mekarsari, Kadipatén, Tasikmalaya.[5] Karéta api Pasundan jurusan Kiaracondong-Surabaya Gubeng jeung Karéta api Turangga jurusan Bandung-Surabaya Gubeng telat berangkat ti jadwal biasa.[5] Karéta éta mawa 439 panumpang ti arah Solo ka Bandung.[5]
Galéri
[édit | édit sumber]Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 http://www.railway.web.id/2015/07/jadwal-dan-harga-tiket-ka-lodaya.html?m=1 (id) diakses tanggal 26 Desember 2015
- 1 2 "Jadwal Kereta Api Lodaya 2025" (Dina basa Indonesia). Kereta Api Kita. Diaksés tanggal 2025-11-05.
- 1 2 "Beroperasi Mulai 1 Mei 2024, KA Lodaya Gunakan Rangkaian Ekonomi New Generation Stainless Steel". Kompas.com (Dina basa Indonesia). 2024-04-26. Diaksés tanggal 2025-11-05.
- ↑ Tribun: KA Lodaya Tabrak Batu di Kebumen (id) diakses tanggal 26 Desember 2015
- 1 2 3 Republika: KA Lodaya Anjlok di Tasikmalaya (id) diakses tanggal 26 Desember 2015
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber](id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |