Bandar udara
Bandar udara (disingget:bandara) atawa palabuan udara nyaéta hiji fasilitas tempat kapal udara bisa leupas landas jeung napak darat. Bandar udara nu pangsederhanana minimal miboga hiji landas pacu, ngan bandara-bandara anu gedé mah biasana mioga fasilitas séjén, pikeun operator layanan penerbangan jeung pamakéna.
Numutkeum Annex 14 ti ICAO (International Civil Aviation Organization): Bandar udara nyaéta aréa nu tangtu, boh di daratan boh di cai (ngawengku wangunan, instalasi, jeung peralatan) nu dipaké boh kabéhanana boh sawaréh pikeun kadatangan, kaberangkatan, sarta pergerakan pesawat.[rujukan?]
Sedengkeun wangenan bandar udara numutkeun PT (persero) Angkasa Pura nyaéta "lapangan udara, kaasup sagala wangunan jeung peralatan nu mangrupa kalengkepan minimal pikeun ngajamin sadiana pasilitas angkutan udara pikeun masarakat".[rujukan?]
Séké-sélér
[édit | édit sumber]Nalika mangsa awal penerbangan, bandar udara ngan hiji tanah lapang jukutan anu bisa dipaké pesawat pikeun napak darat ti arah mana baé tergantung arah angin.[rujukan?]
Waktu Perang Dunya I, bandar udara mimiti diwangun permanén luyu jeung ngaronjatna pamakéan kapal udara jeung landas pacu anu mimiti katingali saperti kiwari. Sabada perang bérés, bandar udara mimiti ditambahan fasilitas-fasilitas komersial pikeun ngalayanan panumpang.
Kiwari, bandar udara lain ngan saukur tempat pikeun naék jeung turun pesawat. Dina kamekaranana, réa fasilitas ditambahan saperti toko-toko, réstoran, puseur kabugaran, jeung butik-butik anu kasohor komo mun di bandara-bandara anyar.
Kagunaan bandar udara salian minangka terminal lalu lintas panumpang, ogé minangka terminal lalu lintas barang. Ku sabab kitu, di babaraha bandar udara anu statusna bandar udara internasional ditempatkeun petugas-petugas béa cukai.
Fasilitas bandar udara
[édit | édit sumber]Fasilitas bandar udara anu penting nyaéta:
Sisi Udara (Air Side)
[édit | édit sumber]- Runway atawa landas pacu anu mutlak diperlukeun pesawat. Panjangna landas pacu biasana tergantung ukuran pesawat anu dilayanan. Pikeun bandar udara panaratas anu ngalayanan pesawat leutik, landasan cukup tina jukut atawa taneuh anu diheuraskeun (stabilisasi). Panjang landasan bandara panaratas ilaharna 1.200 méter kalayan lébar 20 méter, misalna ngalayanan pesawat saperti Twin Otter, Cessna, dll. pesawat leutik anu kolécérna dua (ilaharna cukup 600-800 méter). Sedengkeun pikeun bandar udara anu rada ramé, maké konstruksi aspal, kalayan panjang 1.800 méter jeung lébar 30 méter. Pesawat anu dilayanan nyaéta sabangsa turbo-prop atawa jét leutik saperti Fokker-27, Tetuko 234, Fokker-28, dlsb. Di bandar udara nu ramé, ilaharna maké konstruksi beton kalayan panjang 3.600 méter jeung lébar 45-60 méter. Pesawat anu dilayanan nyaéta jét sedeng saperti Fokker-100, DC-10, B-747, Hercules, dlsb. Bandar udara internasional biasana miboga leuwih ti hiji landasan pikeun antisipasi raména lalu lintas.
- Apron atawa tempat parkir pesawat anu deukeut jeung wangunan terminal, sedengkeun taxiway ngahubungkeun apron jeung runway. Konstruksi apron ilaharna beton bertulang, lantaran kudu nahan beurat statis anu gedé tina pesawat.
- Pikeun kaamanan jeung pangaturan, aya Air traffic controller, mangrupa menara husus anu dilengkepan ku radio control jeung radar pikeun ngawaskeun pergerakan pesawat boh di udara boh di bandara.
- Ku lantaran di bandara mindeng aya kacilakaan, tuluy disadiakeun unit penanggulangan kacilakaan (air rescue service) mangrupa peleton pinulung sarta patugas nu mareuman kahuruan, mobil pikeun mareuman kahuruan, tabung pikeun mareuman kahuruan, ambulan, sarta peralatan pinulung nu séjén.
- Aya fuel service pikeun ngeusian bahan bakar avtur.
Sisi Darat (Land Side)
[édit | édit sumber]- Terminal bandar udara atawa concourse puseur sagala urusan panumpang anu datang atawa anu indit. Di jerona aya alat scan bagasi sinar X, counter check-in, (CIQ, Custom - Inmigration - Quarantine) pikeun bandar udara internasional, sarta rohangan tunggu (boarding lounge) sarta réa fasilitas pikeun penumpang. Di bandar udara gedé, panumpang asup ka pesawat liwat garbarata atawa avio bridge. Di bandar udara leutik, panumpang naék kana pesawat liwat tangga (pax step) anu bisa dipundah-pindah.
- Curb, tempat panumpang naék-turun ti kandaraan darat ka jero wangunan terminal
- Parkir kandaraan, pikeun parkir panumpang sarta anu nganteur atawa anu ngajemput, kaasup taksi
Kodeu bandara
[édit | édit sumber]Unggal bandar udara miboga kode IATA jeung ICAO. Kodeu bisa dicokot tina babaraha hal saperti ngaran bandar udara, daérah perenahna éta bandar udara, atawa ngaran kota anu dilayanan. Kodeu anu dicokot tina ngaran bandar udara bisa ogé béda jeung ngaranna nu kiwari lantaran saméméhna éta bandar udara miboga ngaran anu béda.
Tingali ogé
[édit | édit sumber]- Daptar bandar udara di dunya
- Daptar bandar udara di Indonésia
- Kapal udara
- Bandar udara internasional
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Airport. |
- Airport Safety Challenges related to Ground Operations
- Airports Council International Archived 2012-05-26 di Wayback Machine (ACI)—industry group representing over 1,600 major airports.
- Airport Railways of the World[tumbu nonaktif] Interactive resource of over 300 airports with rail links (available in 5 European languages).
- Global Airport Directory
- History of aircraft landing aids
- "Conquest of Fog" Popular Mechanics, February 1930, illustration and article on a modern airport in the 1930s
- Airport Distance Calculator – Research and Innovative Technology Administration (RITA) in U.S. Department of Transportation
- Airport Search A comprehensive list of world's airports
- Map of worldwide airports Archived 2013-10-23 di Wayback Machine
- Lopez, Donald S. "The inside Story Airports." Flight. Alexandria, VA: Time-Life, 1995. 36–37. Print.