Purnawarman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Purnawarman nyaéta Raja karajaan Hindu Tarumanagara ka-3 (400 - 500) Maséhi.[1] Dumasar kana tujuh prasasti penting titinggal karajaan Tarumanagara ti abad ka lima anu ditulis maké hurup Palawa dina basa Sansakerta.[1] Prasasti kapanggih di tilu tempat : daérah Bogor, Jakarta, Jeung Lebak Banten.[1] Purnawarman kasohor Raja anu jujur, adil tur wijaksana dina ngaheuyeuk karajaan.[1][2] Dina naskah Wangsakerta disebutkeun kakawasaan Raja Purnawarman ngalimpudan 48 Raja-raja daérah anu ngampar ti mimiti Salakanagara taya lian (di daérah, Pandeglang) nepi ka Purwalingga (kiwari Purbalingga) di Jawa Tengah.[3]

Prasasti[édit | édit sumber]

Prasasti Ciaruteun, Prasasti Kebon Kopi, Prasasti Jambu, Prasasti Pasir Angin, Prasasti Muara Cianten (Kapanggih di daérah Bogor, Jawa Barat).[1] Prasasti Tugu (Kapanggih di Cilincing, Jakarta).[1] Prasasti Mujul (kapanggih di Desa Lebak, Munjul Banten Kidul)[1][4], Sabaraha tulisan ngeunaan Raja Purnawarman :

  1. Prasasti Ciaruteun Tulisan-tulisanna nyebutkeun yén Purnawarman téh Raja ti karajaan Tarumanagara anu luhung pangaweruh lébér ku wawanén.[2] Prasasti kapanggih di sisi susukan Ciaruron anu muarana deukeut susukan Cisadané.[2][5]
  2. Prasasti Jambu di dieu disebutkeun Raja Purnawarman téh saurang Raja anu gagah, pamingpin anu kakoncara ku luhur jajaténna, tur baju Zirahna henteu teurak ku pakarang.[2] Ieu prasasti kapanggih di kebon jambu, pasir Koléangkok kuloneun Bogor.[2][5]
  3. Prasasti Tugu disebutkeun Raja Purnawarman dina taun ka 22 pamaréntahanna kungsi ngali taneuh pikeun nyieun susukan (susukan Gomati) panjangna 12 km dina waktu 21 poé, susukan ieu dimaksudkeun pikeun tarékah mangsa katarajang caah tur pikeun irigasi tatanén.[2][6]
  4. Prasasti Lebak kapanggih di kiduleun Banten, dina ieu prasasti aya tulisan anu nétélakeun “Ieu perlambang pamingpin, kaluhungan, sarta wawanén anu sanyatana ti sakabéh Raja, anu mulya Purnawarman, panyaluuhan sakabeh Raja”.[5]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Al Ansori, M. Junaedi (2011). Sejarah Nasional Indonesia Masa Prasejarah Sampai Masa Proklamasi Kemerdekaan (Seri sejarah Nasional Indonesia). Jakarta: PT Mitra Aksara Panaitan. ISBN 9786028262309. 
  2. a b c d e f A.M, M.Pd, Drs. Sardiman (2008). Sejarah 2. Jakarta: Yudhistira Ghalia Indonesia. ISBN 9789797469061. 
  3. Jusuf Judanagara, Okki (2015). The King's Code, Pesan Raja Agung Purnawarman. Jakarta: Prima Ufuk Semesta. ISBN 9786023720286. 
  4. Tjandrasasmita, Uka (2009). Arkeologi Islam Nusantara. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. ISBN 9789799102126. 
  5. a b c "Prasasti-prasasti tentang Purnawarman". Kemendikbud. 2015 -06-16. Diakses tanggal 2017 -07-29. 
  6. Shahab, Alwi (2004). Saudagar Baghdad dari Betawi. Jakarta: Penerbit Republika. ISBN 9789793210308. 
Nulis.jpg