Lompat ke isi

Caah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Caah di Jakarta

Caah nyaéta kajadian kakeueumna daratan (anu biasana garing) alatan lobana cai anu ngaronjat.[1] Caah bisa lumangsung alatan mudalna cai anu kaleuleuwihan di hiji tempat alatan hujan gedé, mudalna cai walungan, atawa mudalna situ atawa waduk.[1][2] Di wewengkon anu gersang, taneuhna miboga daya serapan cai anu goréng, atawa jumlah curah hujan ngaleuwihan pangabisa taneuh pikeun nyerepan cai. [1] Sabot hujan turun, anu sakapeung lumangsung nyaéta caah ujug-ujug anu dibalukarkeun kaeusina saluran cai anu garing ku cai. [1] Caah sarupaning ieu disebut caah rongkah.[1] Aya dua faktor parobahan naha caah lumangsung nyaéta

  1. parobahan lingkungan di mana di jerona aya parobahan iklim, parobahan geomorfologi, parobahan géologi sarta parobahan tata rohang. [3]
  2. parobahan ti masarakat éta sorangan.[3]

Hujan mangrupa faktor utama cukang lantaran caah. [3] Parobahan iklim ngabalukarkeun pola hujan robah di mana ayeuna hujan anu lumangsung miboga waktu anu pondok tapi sering. [3] Alatan kaayaan ieu saluran-saluran cai anu aya henteu sanggup deui nandéan rosana aliran permukaan sarta taneuh-taneuh gancang ngalaman penjenuhan .[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 "Pengetahuan Penyebab Banjir". G-Excess.com. 2011. Diarsipkeun ti asli tanggal 2011-11-19. Diaksés tanggal 2011-11-21.
  2. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta: Frasa Lingua. hlm. 17. ISBN 9786026475275. Diaksés tanggal 2023-01-14.
  3. 1 2 3 4 5 (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.