Wawacan Panji Wulung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Wawacan Panji Wulung nyaéta wawacan anu dianggit ku R. H. Moehamad Moesa taun 1871, nu dina mangsa Hindia Walanda populér pisan sabab dikaluarkeun ku Lands Drukkerij nu tuluyna jadi Commissie voor de Volkslectuur sarta ahirna jadi pamedal Balai Pustaka [1]. Digunakeun jadi buku bacaan di sakola-sakola di tatar Sunda, jadi sering dicitak[1].

Béh dieu (1990) dicitak deui kalawan panganteur Ajip Rosidi nu nganggap yén dina éta wawacan Moehamad Moesa nyebarkeun rasionalisme nu jolna ti Kulon, nepi ka wawacan Panji Wulung béda jeung wawacan saméméhna anu pinuh ku kasaktian jeung kaajaiban[1].

Panji Wulung teu sakti tapi bédas, sabab ti leuleutik kénéh dilatih ngangkat beusi jeung timah anu saban isuk beuratna ditambahan[1]. Tapi ari falsafah dasarna mah ngajak anu maca sangkan jadi warga anu taat ka pamaréntah (ratu), luyu jeung papagon "guru ratu, wong atua karo, wajib sinembah", malah ditungtungan ku muji langsung ka Sri Ratu Walanda[1].

Tina basa Sunda Wawacan Panji Wulung ditarjamahkeun kana basa Jawa ku Radén Soerjadidjaja, tapi tuluy dirobah gayana jadi gaya Solo sarta dilakukeun tarjamahan K.G. P.A.A. Mangkunagara IV[1].

Cicirén Modérnitas[édit | édit sumber]

Numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, Wawacan Panjiwulung téh bisa disebut jadi tonggak ngembangna modérnitas di golongan urang Sunda dina jaman kolonial[2]. Dina bukuna Sumanget Anyar: Kolonialisme, Budaya Citak, sarta Sastra Sunda Abad ka-19 (2005), Mikihiro Moriyama nétélakeun:

Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu maca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda"[2].

Sempalan Eusi Carita[édit | édit sumber]

Pangkur

Seja nyaba ngalalana
ngitung lembur ngajajah milangan kori
henteu puguh nu dijugjug
balik paman sadaya
nu ti mana tiluan semu rarusuh
lurah bégal ngawalonan
aing ngaran Jayapati.

Cikénéh mentas ngabégal
tujuh jalma modar taya nu kari
bangkéna tujuh patumpuk
balik manéh ayeuna
lamun manéh masih kénéh hayang hirup
ka dieukeun banda sia
ku aing modal dipeuncit.

Rahadén Panji ngandika
bari mésem paman takabur teuing
pati batur dihahangu
mangké caralik heula
ieu catang nu malang sumangga panggul
lamun kapanggul ku paman
kaula sumeja ngiring.

Jeung nyanggakeun babawaan
tapi lamun ku paman teu kaindit
ku kula meureun dipanggul
éta minangka tanda
jadi éléh saha nu teu kuat manggul
melengek ki lurah bégal
pikirna geus rada risi[1].

...

Sumber[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Ajip Rosidi. 2011. Wawacan. Bandung: PT Kiblat Buku Utama & LBSS
  2. a b (id)Novianti, eva. Skripsi: Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf. UPI Bandung 2004.
Daptar Naskah Wawaacan
Wawacan Amongsari jeung Lembusari - Wawacan Umar Maya - Wawacan Pranatana Istri ka Carogé - Wawacan Muslimin-Muslimat - Wawacan Sulanjana - Wawacan Panji Wulung - Wawacan Adat Ngurus Orok - Wawacan Angling Darma - Wawacan Indra Putra - Wawacan Aji Saka - Wawacan Damarwulan - Wawacan Gandasari - Wawacan Ratu - Wawacan Batara Rama - Wawacan Rusiah nu Kasép - Wawacan Rengganis - Wawacan Mintaraga - Wawacan Iman, Ëlmu reujeung Amal - Wawacan Purnama Alam
Nulis.jpg