Lompat ke isi

Kota Cimahi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kota Cimahi

Lambang Kota Cimahi
{{{foto}}}

{{{caption}}}

Peta lokasi Kota Cimahi
Motto Saluyu Ngawangun Jati Mandiri
Propinsi Jawa Barat
Ibukota {{{ibukota}}}
Lega Wilayah 48,42 km²
Kordinat -06°52′52", +107°31′60"
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
483.000 (2003)
9.70 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
3
15
Dasar hukum -
Tanggal -
Walikota Dikdik Suratno Nugrahawan (Pj.)
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 022
DAU Rp. -

Ramatloka: http://www.cimahikota.go.id

Kota Cimahi nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota ieu aya di kuloneun Kota Bandung. Cimahi baheulana kaasup Kabupatén Bandung, nu satuluyna ditetepkan jadi kota administratif dina tanggal 29 Januari 1976. Dina tanggal 21 Juni 2001, Cimahi ditetepkan minangka kota. Kota Cimahi kawengku ku 3 kacamatan, nu kabagi deui kana sajumlah kalurahan.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Cimahi mulai dipikawanoh nalika taun 1811, Gubernur Jenderal Willem Daendels nyieun jalan Anyer-Panarukan, di mana pos penjagaannana dijieun di alun-alun Cimahi ayeuna. Taun 1874–1893, dilaksanakeun pangwangunan jalan kareta api Bandung-Cianjur sakaligus ngawangun stasion kareta api Cimahi. Taun 1886 diwangun pusat pendidikan militér sarta fasilitas séjénna saperti Rumah Sakit Dustira, rumah tahanan militér, jeung sajabana. Di taun 1935, Cimahi ditetepkan minangka kacamatan.[1]

Sanggeus kamerdékaan Indonésia, Cimahi jadi bagéan ti Kabupatén Bandung Utara. Dina taun 1962, dijieun Kawadanaan Cimahi nu nyakup Kacamatan Cimahi, Padalarang, Batujajar, jeung Cipatat. Dumasar kana PP Nomer 29 Taun 1975, Cimahi ditingkatkeun statusna jadi kota administratif dina tanggal 29 Januari 1976, tur jadi kota administratif munggaran di Jawa Barat. Taun 2001, status Kota Cimahi ditingkatkeun jadi kota otonom.[1]

Cimahi Kota Militér[édit | édit sumber]

Ku lobana wangunan jeung fasilitas nu raket kaitanna jeung tradisi kamilitéran, Kota Cimahi miboga citra jeung idéntitas salaku kota militér atawa kota tentara. Citra éta téh teu jauh ti unsur sajarah nu dipiboga ku Kota Cimahi. Ti saprak jaman kolonial, Kota Cimahi boga peran penting jang dunya militer pamaréntah kolonial. Pusat pendidikan militér jeung fasilitas kamilitéran kolonial nu lianna loba nu diwangun di Kota Cimahi, malah aya ogé anu masih kénéh berfungsi nepi ka kiwari. Fasilitas-fasilitas kasebut, di antarana Rumah Sakit Dustira, Stasion Karéta Api Cimahi, jeung Pusdik Arméd. Nepi ka kiwari, hampir 60% wilayah Kota Cimahi téh dipaké jang fasilitas militer, anu rincianna di antarana aya dalapan pusat pendidikan militér, jeung markas-markas militér.[2]

Pusat Pendidikan Topografi (Pusdiktop) Kota Cimahi

Taun 2017, salah sahiji eusi Rencana Kerja Pemerintah Daérah (RKPD) jeung Kegiatan Prioritas Daérah Kota Cimahi téh nyaéta nata wewengkon militér jadi wewengkon heritage kota atawa disebut ogé déstinasi wisata sajarah militér. Per taun 2018, Pamaréntah Kota Cimahi tuluy ngaresmikeun yén déstinasi wisata sajarah militér jeung wangunan kolot nu aya di Kota Cimahi téh mangrupa situs warisan budaya.[3]

Géografi[édit | édit sumber]

Ditingali tina posisi astronomisna, Kota Cimahi téh aya di antara titik koordinat 107°30’30’’–107°34’30’’ BT jeung 6°50’ 00’–6°56’00’’ LS. Dumasar kana UU No. 9 taun 2001, Kota Cimahi wawatesan jeung Kabupatén Bandung Kulon di beulah kalér; Kota Bandung di beulah wétan; Kabupatén Bandung di beulah kidul; jeung Kabupatén Bandung Kulon di beulah kulon.[4]

Kota Cimahi miboga wilayah anu legana 39,27 km², anu ngajadikeun ieu kota téh kaasup wilayah kota pangleutikna ka-2 sanggeus Kota Cirebon. Kacamatan Cimahi Kidul téh wilayah kacamatan anu boga wilayah pang legana, nyaéta 41,96%; disusul ku Kacamatan Cimahi Kalér, nyaéta 32,99%; jeung Kacamatan Cimahi Tengah, nyaéta 25,05%.[4]

Sacara géografis, wilayah Kota Cimahi téh mangrupa lebak cekungan anu ngalamping ka arah kidul, nu mana jangkung di beulah kalérna (Kalurahan Cipageran, Kacamatan Cimahi Kalér) téh ±1.040 mdpl, nyaéta lamping Gunung Burangrang jeung Gunung Tangkuban Parahu. Sedengkeun di beulah kidul (Kalurahan Melong, Kacamatan Cimahi Kidul) jangkungna ±685 mdpl, anu ngarah ka Walungan Citarum.[4]

Kacamatan[édit | édit sumber]

Di handap ieu aya babagéan wewengkon kacamatan jeung kalurahan nu aya di Kota Cimahi[5]:

Jalan Raya Tagog, Kacamatan Cimahi Tengah

Nu kaasup wewengkon Cimahi Kalér nyaéta kalurahan Cipageran, Citeureup, Cibabat, jeung Pasirkaliki.

Nu kaasup wewengkon Cimahi Tengah nyaéta kalurahan Padasuka, Setiamanah, Karangmekar, Baros, jeung Cigugur.

Nu kaasup wewengkon Cimahi Kidul nyaéta kalurahan Cibeber, Leuwigajah, Utama, Cibeber, jeung Melong.

Démografi[édit | édit sumber]

Tina tilu wilayah kacamatan nu aya di Kota Cimahi, Kacamatan Cimahi Kidul miboga wilayah nu pang legana, nyaéta 16,94 km² sarta kepadatan pendudukna 14.295 jiwa per km². Kacamatan Cimahi Tengah, anu wilayahna pang leutikna, nyaéta 10,11km², jadi kacamatan pang gegekna di Kota Cimahi lantaran tingkat kepadatan pendudukna téh pang gedéna, nyaéta 16.009 jiwa per km². Sedengkeun Kacamatan Cimahi Utara, anu legana 13,32km², tingkat kepadatan pendudukna téh pang leutikna, nyaéta 12.436 jiwa per km². Per taun 2021, laju pertumbuhan penduduk Kota Cimahi téh aya dina angka 0,76% jeung jumlah penduduk saloba 571.632 jiwa.[4]

Ditingali tina aspék ketenagakerjaan, jumlah angkatan kerja nu aya di Kota Cimahi téh kaitung saréa 292.252 per taun 2022, jeung tingkat pengangguran dina angka 13,37%.[4]

Fasilitas Umum[édit | édit sumber]

Kaséhatan[édit | édit sumber]

Per taun 2021, fasilitas kaséhatan anu aya di Kota Cimahi, nyaéta 5 rumah sakit, 14 poliklinik, 12 Puskésmas, 2 Puskesmas pembantu, jeung 15 apoték. Salian ti éta, fasilitas kaséhatan kasebut ogé dirojong ku tanaga médis saréa 298 dokter, 1528 perawat, 335 bidan, 198 tanaga farmasi, jeung 42 tanaga kaséhatan huntu.[4]

Pendidikan[édit | édit sumber]

DI handap ieu rincian jumlah sakola di Kota Cimahi per taun 2019 ditingali dumasar jenjang pendidikan jeung status sakolana:

  • Sekolah Dasar (SD)[6]

Total SD nu aya di Kota Cimahi nyaéta 125 sakola, anu di antarana 101 sakola negeri jeung 24 sakola swasta.

  • Sekolah Menengah Pertama (SMP)[7]

Total SMP nu aya di Kota Cimahi nyaéta 38 sakola, anu di antarana 13 sakola negeri jeung 25 sakola swasta.

  • Sekolah Menengah Atas (SMA)[8]

Total SMA nu aya di Kota Cimahi nyaéta 16 sakola, anu di antarana 6 sakola negeri jeung 10 sakola swasta.

  • Sekolah Menengah Kejuruan (SMK)[9]

Total SMK nu aya di Kota Cimahi nyaéta 24 sakola, anu di antarana 3 sakola negeri jeung 21 sakola swasta.

Wangunan Sajarah[édit | édit sumber]

Rumah Sakit Dustira[édit | édit sumber]
Wangunan di Rumah Sakit Dustira

Rumah Sakit Dustira Kota Cimahi ditetepkeun jadi objék cagar budaya ku Tim Ahli Cagar Budaya (TACB), sanggeus lolos seléksi prosés kajian. Ieu hal ditetepkeun dina Surat Keputusan Walikota Cimahi Nomor 430/Kep.1171-Disbudparpora/2021. Rumah Sakit Dustira diwangun taun 1887 anu miboga fungsi pikeun rumah sakit militér (hospital militare) nalika panjajahan Hindia-Walanda.[10]

Pasca kamerdékaan di taun 1945-1947 Rumah Sakit Dustira kungsi dikawasa ku NICA, nepi ka dipasrahkeun ku militér Walanda ka Tentara Nasional Indonésia (TNI) anu diwakilan ku Letkol Dokter Kornel Singawinata kalungguhunana salaku pupuhu rumah sakit, harita ngaranna masih kénéh Territorium III. Kaping 19 Méi 1956 Panglima Territorium III/Siliwangi anu jenenganana Kolonél Kawilarang netepkeun ngaran rumah sakit jadi Rumah Sakit Dustira. Hal ieu mangrupakeun wujud rasa hormat ka jasana Mayor dr. Dustira Prawiraamidjaya anu mangrupakeun dokter tantara ti Résimén 9 Divisi Siwilangi anu miboga tarékah pikeun ngabantu para pajoang nalika perang. Mayor Dustira miboga peran pikeun mantuan para pajoang di wiliyah Padalarang. Ieu rumah sakit jadi kareueus pikeun prajurit di wilayah Kodam III Siliwangi. Nepi ka ayeuna fungsina masih sarua jadi salasahiji fasilitas kaséhatan di Kota Cimahi.[11]

Gedong Historich[édit | édit sumber]

Gedong Historich (kiwari ngaranna The Historich) mimiti diwangun di taun 1895, nalika pamaréntahan Hindia-Walanda. Ieu bagunan jadi cagar budaya, anu lokasina aya di alan Gatot Subroto Nomor 19, Kelurahan Baros, Kecamatan Cimahi Tengah, Kota Cimahi. Baheula, ieu gedong mangrupakeun tempat ngariung jeung hiburan tantara Walanda.[12] Saméméh dingaranan The Historich, ieu gedong baheulana dingaranan Societeit Voor Officieren. Kagiatan di ieu gedong baheula sok dipaké pikeun mintonkeun kasenian, dansa, jeung kagiatan séjénna urang Walanda. Nalika Indonésia merdéka, ieu gedong robah deui ngaranna jadi Balai Pradjoerit Soedirman, atawa sok disebut Gedong Sudirman. Saluyu jeung robahna jaman, fungsi Gedong Historich ogé ngilu robah, contona harita pernah digunakeun jadi Gedong DPRD Kota Cimahi, ogé pernah digunakeun jadi tempat latihan badminton. Kiwari ieu gedong diséwa ku pihak swasta, ngaranna jadi The Historich, ngaranna teu robah nepi ka ayeuna.[13]

Panjara Poncol[édit | édit sumber]

Panjara Poncol kiwari disebutna Lembaga Pemasyarakatan Militer (Lemasmil) II Cimahi diwangun taun 1886. Panjara Poncol diwangun ku Pamaréntah Walanda minangka wangunan panjara gaganti panjara di Semarang. Ieu wangunan téh direncanakeunana ti taun 1885. Jadi, Panjara Poncol di Cimahi dijieun mirip pisan jeung panjara di Semarang. Ngaran "Poncol" mangrupakeun ngaran jalan di Semarang anu nuduhkeun lokasi panjarana.[14]

Eusi wangunan di Panjara Poncol aya opat rohangan panjara sarta aya blok karantina pikeun tempat reureuh tantara anu rék dipanjara. Inohong kawéntar anu pernah ditahan di ieu penjara aya Létkol Untung Syamsuri salaku Komandan Batalyon I Tjakrabirawa anu mingpin Gerakan 30 Séptémber taun 1965. Lian ti éta aya Dr. Soebandrio mantan Menteri Luar Negeri Indonésia mangsa Pamaréntahan Soekarno anu ditahan lantaran dituduh ngilu G30SPKI.[15]

Pusdik Arméd[édit | édit sumber]

Pusdik Arméd mangrupakeun tempat pendidikan militér di Kota Cimahi. Di ieu tempat, TNI diajar ngagunakeun artileri médan. Artileri mangrupakeun sebutan pikeun pangaweruh ngeunaan sanjata. Di Pusdik Arméd aya Meriam Verenigde Oost Compagnie (VOC) abad ka-18, anu murni dijieunna tina bahan kuningan. Ieu sanjata sok disebut ogé Meriam Sapu Jagat.[16]

Stasion Cimahi[édit | édit sumber]
Stasion Cimahi

Stasion Cimahi mangrupakeun bagéan tina proyék pangwangunan jalur Buitenzorg (Bogor)-Bandung-Cicaléngka. Ieu proyék mulai digarap taun 1879 ku perusahaan karéta api Negara Staatssporwegen (SS). Panjangna nepi ka 181 km. Stasion Cimahi mulai digunakeun di taun 1884. Tujuan pangwangunan karéta api di wilayah Priangan nyaéta pikeun ngaronjatkeun ékonomi, sarta nyambungkeun jalan antara wilayah Priangan jeung palabuan di Batavia (kiwari: Jakarta). Ngahijina jalur karéta api antara Bandung, Cimahi, Cianjur, Sukabumi, Bogor, nepi ka Jakarta ngagampangkeun sangkan hasil bumi bisa diangkut dina waktu 6-8 jam. Nalika jaman penjajahan Walanda, Stasion Cimahi mangrupakeun alternatif anu éfisién lantaran posisina deukeut ka markas tantara KNIL ogé ka Rumah Sakit Dustira. Kiwari, Stasion Cimahi masih kénéh digunakeun pikeun masarakat umum, ogé dijadikeun cagar budaya ku Pamaréntah.[17]

Ereveld Leuwigajah[édit | édit sumber]

Ereveld Leuwigajah mangrupakeun salasahiji tina tujuh makam kehormatan Walanda anu aya di Indonésia. Ieu taman makam diresmikeun 20 Désémber 1949, pangurusna ti Yayasan Makam Kehormatan Belanda atawa Oorlogsgravenstichting (OGS) ti Karajaan Walanda. Kurang leuwih aya 5.000 makam di ieu tempat. Eusina tantara Walanda, ogé aya masarakat Indonésia anu ngilu gawé ka Walanda. Tantara Walanda anu paéh lain keur perang, tapi lantaran dikerem ku tantara Jepang di Kota Cimahi. Aya nu paéh lantaran disiksa, jeung kalaparan. Salasahiji inohon Walanda anu dimakamkeun di ieu tempat nyaéta Heman Thomas Karsten, arsiték anu nyieun desain tata Kota Semarang jeung Tata Kota Cimahi. Karsten ngilu dikerem ku tantara Jepang nepi ka maotna.[18]

Wangunan Bioskop Rio[édit | édit sumber]

Baheula di kawasan Alun-Alun Cimahi diwangun bioskop anu dingaranan Bioskop Rio. Ieu bioskop diwangun ku F.A.A Buse. Ieu bioskop diadegkeun taun 1937. Ieu bioskop jadi peluang bisnis, lantaran di Cimahi tempat hiburan masih kawates. Nanging, ieu bioskop muka nepi taun 2000. Kiwari fungsina geus robah jadi toko handphone.[19] Film mimiti anu dipintonkeun di ieu bioskop judulna Pardon My Sarong anu ditayangkeun di bulan Maret taun 1947. Di taun 1970-1980 film anu tayangkeun genre-na pinuh ku film Mandarin anu témana kungfu. Film nasional anu pernah ditayangkeun di bioskop Rio di antarana aya film Sunan Kalijaga jeung Saur Sepuh.[20]

Budaya[édit | édit sumber]

Kampung adat CIreundeu

Kampung Adat Cireundeu[édit | édit sumber]

Kampung Cireundeu nyaéta kampung adat anu lokasina aya di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Kidul. Ngaran "Cireundeu" diwangun ku dua kecap: "ci" atawa "cai"; jeung "reundeu" nyaéta ngaran tangkal anu baheula loba dipanggihan di ieu kampung. Kampung ieu 64 héktar legana, nu mana 60 héktar dipaké jang tatanén, sésa 4 héktar na jang padumukan. Jumlah wargana sakitar 800 jalma atawa 50 pamingpin kulawarga. Salah sahiji nu jadi ciri khas ti Kampung Cireundeu téh masarakatna boga kabiasaan ngolah sampeu jadi béas atawa disebut ogé rasi (beras singkong) anu dijadikeun kadaharan utama ngagantikeun béas paré.[21]

Masarakat Kampung[édit | édit sumber]

Masarakat kampung Cireundeu masih ngajalankeun kapercayaan tradisional Sunda Wiwitan. Prinsip anu diingu ku masarakat kampung ieu, nyaéta "Ngindung Ka Waktu, Mibapa Ka Jaman". Prinsip éta ogé nu jadi dasar masarakat Cireundeu masih kénéh taat ngajalankeun tradisi karuhunna tapi angger bisa nuturkeun kamajuan jaman.[21]

Konsép Wewengkon Kampung[édit | édit sumber]

Ti jaman baheula, konsép anu dipertahankeun ngeunaan wewengkon kampung, nyaéta:

  • Leuweung larangan, mangrupa wewengkon leuweung anu teu meunang dituar tatangkalanna ku sabab boga fungsi paragi nyimpen cai taneuh hususna jang masarakat Kampung Cireundeu.[21]
  • Leuweung tutupan, mangrupa leuweung réboisasi. Tatangkalan anu aya di leuweung ieu meunang dituar jang sagala kabutuhan warga kampung tapi saratna kudu diganti deui ku melak deui tangkal nu anyar. Leuweung ieu legana sakitar 2-3 hektar.[21]
  • Leuweung baladahan, mangrupa leuweung anu biasa dipake jang tani ku masarakat kampung. Hasil tatanén anu dipelak di ieu leuweung biasana jagong, suuk, sampeu, atawa beubeutian séjénna.[21]

Béas Sampeu atawa Rasi[édit | édit sumber]

Kabiasaan ngolah sampeu jadi béas sangkan jadi bahan pangan pokok masarakat Cireundeu téh dimimitian di taun 1918. Harita sawah-sawah téh kahalodoan tuluy beunang hama fuso. Karuhun masarakat Cireundeu tuluy nganjurkeun melak sampeu jang ngagantikeun paré, ku sabab tangkal sampeu mah bisa dipelak boh di usum halodo atawa usum hujan. Taun 1924, masarakat Cireundeu mulai ngagantikeun kadahareun pokokna, nu asalna béas paré jadi béas sampeu.[22]

Cara masarakat Cireundeu ngolah sampeu nepi ka siap dikonsumsi téh nyaéta digiling, ditamperkeun, tuluy disaring jadi aci. Ampas tina prosés kasebut nu tuluy dijadikeun béas sampeu.[22]

Upacara Adat[édit | édit sumber]

Masarakat Kampung Cireundeu sok ngayakeun upacara adat Sérén Taun pikeun miéling tanggal 1 Sura saluyu jeung kalénder Saka Sunda. Upacara ieu mangrupakeun bentuk rasa sukur ka Nu Maha Kawasa anu maparinkeun berkah utamana hasil tatanén anu manglimpah ruah. Nalika ieu upacara adat lumangsung, nu mana diayakeun sabulan pinuh salila bulan Sura, teu jarang loba ogé wisatawan anu datang jang nyaksikeun runtuyan acara nu dilaksanakeun.[23]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Pemerintah Daerah Kota Cimahi. "Sejarah Cimahi - Selamat Datang di Website Resmi Pemerintah Daerah Kota Cimahi". cimahikota.go.id. Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  2. Safariah, Rifiati; Putra, Rahadiyan (2012). "Persepsi Masyarakat tentang Citra Kota Cimahi sebagai Kawasan Militer". Jurnal Manajemen Informatika (JAMIKA). https://ojs.unikom.ac.id/index.php/jamika/article/view/670/486.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  3. Pratama, Aryobimo; Sujatna, Yustikasari (2022). "Potensi pariwisata heritage peninggalan militer Kota Cimahi". Kabilah: Journal of Social Community 7 (2): 212-220. doi:10.35127/kbl.v7i2.6290. 
  4. a b c d e f "Statistik Daerah Kota Cimahi 2022". Badan Pusat Statistik Kota Cimahi. Badan Pusat Statistik Kota Cimahi. Diakses tanggal 24 Februari 2023.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  5. "Kondisi Geografi Kota Cimahi". https://cimahikota.go.id/geografi. Pemerintah Kota Cimahi.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  6. "Statistik Sekolah Dasar 2017-2019 Kota Cimahi". Badan Pusat Statistik Kota Cimahi.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  7. "Statistik Sekolah Menengah Pertama 2017-2019 Kota Cimahi". Badan Pusat Statistik Kota Cimahi.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  8. "Statistik Sekolah Menengah Atas 2017-2019 Kota Cimahi". Badan Pusat Statistik Kota Cimahi.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  9. "Statistik Sekolah Menengah Kejuruan 2017-2019 Kota Cimahi". Badan Pusat Statistik Kota Cimahi.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  10. Sundari, Laksmi Sri. "Rumah Sakit Dustira Cimahi Jadi Objek Cagar Budaya". galamedia.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  11. Rahadhyan, Adhy. "Cerita dan Sejarah Panjang RS Dustira Kota Cimahi - Selamat Datang di Website Resmi Pemerintah Daerah Kota Cimahi". cimahikota.go.id. Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  12. Rasyad, Rachmadi. "Kisah Gedung Tua di Cimahi Tempat Pesta Tentara Belanda". detiknews (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  13. Ma'rif, Samsul. "The Historich, Telusur Bangunan Bersejarah Di Cimahi - NativeIndonesia.com". www.nativeindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  14. Pradana, Whisnu. "Masmil Poncol Saksi Bisu Penahanan Letkol Untung di Cimahi". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  15. Kamaludin, Hilman. "Mengenal Penjara Poncol di Cimahi dan Sederet Nama Prajurit TNI yang Ditahan karena Kasus Fenomenal". Tribunjabar.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  16. Herdiana, Dedy. "Menggali Sejarah di Pusdik Armed 'Tersimpan Meriam VOC Abad 18'". Tribunjabar.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  17. Rahadhyan, Adhy. "Jadi Cagar Budaya, Ini Sejarah Lengkap Stasiun Cimahi - Selamat Datang di Website Resmi Pemerintah Daerah Kota Cimahi". cimahikota.go.id. Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  18. Times, I. D. N.; F, Bagus. "Ereveld Leuwigajah, Tempat Dikuburnya Ribuan Kompeni Belanda di Cimahi". IDN Times (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  19. Pradana, Whisnu. "Cerita Bioskop Rio Bertahan hingga Akhirnya Meredup Ditelan Zaman". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  20. Intan, Ramadani. "Misteri Bioskop Rio Cimahi Yang Gulung Tikar, Ada Apa? - Bangbara". Misteri Bioskop Rio Cimahi Yang Gulung Tikar, Ada Apa?  - Bangbara (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  21. a b c d e "Mengenal Kampung Adat Cireundeu". Pemerintah Kota Cimahi.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  22. a b Tramontane, Pirie Marie (2017). "Tinjauan Konsistensi Masyarakat Kampung Adat Cireundeu Dalam Melestarikan Adat Istiadat Leluhur" (dalam bahasa en-US). Ultimart: Jurnal Komunikasi Visual 10 (2): 12–23. doi:10.31937/ultimart.v10i2.769. ISSN 2615-8124. https://ejournals.umn.ac.id/index.php/FSD/article/view/769.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  23. Fitriyasih, Siti; Permana, Ruswendi; Kosasih, Dede (2020). "Tradisi Seren Taun di Kampung Cireundeu Kota Cimahi Pikeun Bahan Pangajaran Artikel Budaya di SMA". Seminar Internasional Riksa Bahasa. 
Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
{{{link}}}