Kabupatén Sukabumi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Sukabumi.
Kabupatén Sukabumi

Lambang Kabupatén Sukabumi
Locator kabupaten sukabumi.png

Peta lokasi Kabupatén Sukabumi
Motto -
Propinsi Jawa Barat
Ibukota Sukabumi
Lega Wilayah 4.128 km²
Kordinat -
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
2339348 (2010)
566,70 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
45
-
Dasar hukum -
Tanggal -
Bupati Drs. H. Sukmawijaya, MM.
Kode area telepon 0266
DAU Rp. 1.496.070.332.000.-[1]

Situs web resmi: http://www.sukabumikab.go.id/

Kabupatén Sukabumi, nyaéta hiji Kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana nyaéta Palabuhanratu. Kabupatén ieu kawates ku Kabupatén Bogor di kalér, Kabupatén Cianjur di wétan, Samudra Hindia di kidul, ogé Kabupatén Lebak di béh kulon.

Sajarah[édit | édit sumber]

Naratasan[édit | édit sumber]

Mimitina mah wewengkon Kabupatén Sukabumi nu ayeuna téh aya di lingkup Kabupatén Cianjur dina mangsa Pamaréntahan kolonial Hindia Walanda, anu mangrupakeun bagéan tina Karasidénan Priangan (Residentie Preanger Regentschappen). Dina taun 1776 Bupati Cianjur kegenep Radén Noh Wiratanudatar VI ngabentuk hijij kapatihan nu ngarana Kapatihan Tjikole anu kawengku ku babaraha distrik nyaéta distrik Goenoengparang, distrik Tjimahi, distrik Tjiheoelang, distrik Tjitjoeroeg, distrik Jampangtengah, jeung distrik Jampangkoelon anu puser pamaréntahanna di Tjikolé (anu ayeuna jadi Kota Sukabumi).

Dina tanggal 13 Januari 1815, Kapatihan Tjikolé diganti ngaranna jadi Kapatihan Soekaboemi. Ngaran Soekabumi diajengkeun ku Dr. Andries de Wilde, hiji ahli bedah anu ngabogaan usaha kebon kopi jeung entéh di wewengkon Soekaboemi. Asal ngaran "Sokaboemi" nyaéta tina Basa Sansekerta soeka, "karesepan, kabagéaan, kadeudeuh" jeung bhoemi, "marcapada, taneuh". Jadi "Soekabumi" miboga harti "taneuh nu dipikaresep".

Tina Kapatihan jadi Kabupatén[édit | édit sumber]

Kabupatén Sukabumi sorangan mimiti diadegkeunna nika ditangtukeunana téh dumasar kana Besluit Gubernur Jéndral Dirk Fock tanggal 25 April 1921 no. 71 numana dijéntrékeun yén status Soekaboemi minangka Kabupatén (Afdeling) sorangan anu kapisah ti Kabupatén Tjianjoer, mimiti berlaku ti 1 Juni 1921. Bupati mimitina nyaéta R. A. A. Soerianatabrata, Patih pamungkas tina Kapatihan Soekaboemi. Dina taun 1923, Karasidénan Priangan dimekarkeun jadi tilu bagéan nyaéta West Preanger (Priangan kulon) puserna di Soekaboemi, Midden Preanger (Priangan tengah) puserna di Bandoeng jeung Oost Preanger (Priangan wétan) puserna di Tasikmalaya. R. A. A. Soerianatabrata sorangan maréntah tika taun 1930.

Bupati nu kadua Kabupatén Soekabumi téh nyaéta R. A. A. Soeriadanoeningrat anu maréntah nepi ka mangsa panjajahan Jepang. Aya parobahan bagéan administratif di wewengkon Jawa Kulon dina mangsa pamaréntahan harita. Dijieun 5 Karasidénan anyar di Jawa Kulon, nyaéta Residentie Bantam Regentschappen (Karasidénan Banten), Residentie Batavia Regentschappen (Karasidénan Batavia), Residentie Boeitenzorg Regentschappen (Karasidénan Boeitenzorg/Bogor), Residentie Tjirebon Regentschappen (Karasidénan Tjirebon) jeung Residentie Preanger Regentschappen (Karasidénan Priangan). Kabupatén Sukabumi anu saméméhna mangrupa bagéan tina Karasidénan Priangan Kulon pikeun saterusna mah diasupkeun minangka bagéan tina Karasidénan Boeitenzorg, kusabab kitu wewengkon Kabupatén jeung Kota Sukabumi kiwari miboga plat nomor kandaraan F.

Mangsa Pangawasaan Jepang[édit | édit sumber]

Saenggeus Jepang naklukkeun Hindia Walanda dina tanggal 8 Maret 1942, dikaluarkeun wéh UU no. 27 taun 1942 ngeunaan parobahan Tata Pamaréntahan Daérah dina ping 5 Agustus 1942. Karasidénan (Residentie Preanger Regentschappen) diganti ngaran jadi Syukocan jeung puhu daérahna disebut Syukocanco. Kabupatén (Afdeling) diganti ngaran jadi Kén jeung puhu daerahna disebut Kénco. Kenco munggaran Soekaboemi masih kénéh R. A. A. Soeriadanoeningrat. Sanggeus R. A. A. Soeriadanoeningrat tilar dunya tuluy diganti ku R. Tirta Soeyatna minangka Kénco kadua.

Babakan Kamerdikaan[édit | édit sumber]

Saenggeus Indonésia merdika dina tanggtaal 17 Agustus 1945, diayakeun kukumpulan musawarah ku inohong-inohong kayaning Mr. R. Syamsoedin, Mr. Haroen jeung Dr. Aboe Hanifah anu sapukeun pikeun ngirimkeun délégasi ka Karasidénan Boeitenzorg pikeun ngadesek diayakeunna serah tarima kakawasaan ti Jepang ka Indonésia. Umpamana gagal disupakatan ogé bakal diayakeunna aksi massa dina tanggal 1 Oktober 1945 anu kawengku ti Badan Kaamanan Rahayat, Kapulisian, KNID, Alim Ulama jeung Wawakil wewengkon.

Saengeeus diumumkeun tanggal 1 Oktober 1945 nu antukna mah musawarah di Boeitenzorg téh gagal, massa dina poé harita ogé ngayakeun tarékah ngontrog kantor Kempetai pikeun ngabébaskeun sakabéh tahanan pulitik jeung nyokotan kabéh sanjata dijerona. Di Lapang Victoria bandéra Jepang diturunkeun sarta diganti ku bandéra Indonésia sacara resmi. Kantor-kantor pamaréntahan Jepang ogé dialihakawasa dina poé harita. Ngan ukur babaraha poé sakabéh Kabupatén Sukabumi geus bisa dikawasaan ku Pamaréntah Républik Indonésia. Ku kituna diayakeun tarékah pikeun ngaganti para pajabat Kawadanaan jeung Kacamatan anu henteu pro-kemerdikaan ku inohong-inohong anu pro-kemerdikaan.

Sanggeus aya dina kakawasaan Pamaréntah Républik Indonésia, dina taun 1945 katompérnakeun Mr. Haroen diangkat minangka Bupati Kabupatén Sukabumi munggaran pasca-kemerdikaan, sedengkeun Mr. R. Syamsoedin diangkat jadi Walikota Kota Sukabumi . Istilah-istilah administratif pamaréntahan Jepang ogé diganti ku istilah-istilah Indonésia, saperti Ken anu diganti jadi Kabupatén.

Geografi[édit | édit sumber]

Ku legana wilayah 4.128 km², Kabupatén Sukabumi jadi Kabupatén panglegana kadua di Pulo Jawa saenggeus Kabupatén Banyuwangi. Wates wewengkon Kabupatén Sukabumi 40% wawatesan jeung laut sedengkeun 60% mangrupa daratan. Wewengkon Kabupatén Sukabumi ngawengku aréal anu pohara lega nyaéta ± 419.970 ha. Dina taun 1993 Tata Guna Taneuh di wewengkon ieu, nyaéta: Pilemburan/padumukan 18.814 Ha (4,48%), sawah 62.083 Ha (14,78%), tegalan 103.443 Ha (24,63%), kebon 95.378 Ha (22, 71%) , dano/sétu 1. 486 Ha (0, 35 %) , leuweung 135. 004 Ha (32,15 %), jeung pamakéan séjénna 3.762 Ha (0,90 %). Sawatara poncrot gunung nyangkaruk di bagéan kalér, diantawisna: Gunung Halimun (1.929 mdpl), Gunung Salak (2.211 mdpl), jeung anu pangluhurna nyaéta Gunung Gedé (2.958 mdpl). Sedengkeun walungan anu malidan mah nyaéta Walungan Cimandiri jeung Walungan Cikaso, anu ngamuara di Samudera Hindia.

Babagian Administratif[édit | édit sumber]

Kabupatén Sukabumi kaadeg ku 47 Kacamatan, anu kabagi deui ku 364 désa jeung 4 kalurahan. Puser pamaréntahanna nyaéta di Palabuhanratu.

Kebon entéh di Goalpara, Kota Sukabumi kalér mangsa Hindia Walanda

Di handap ieu mangrupa daptar kacamatan anu aya di Kabupatén Sukabumi [2] :

Pariwisata[édit | édit sumber]

Basisir Ujunggenténg wanci balebat
  • Basisir Palabuhanratu
  • Cipanas Cisolok, anu ayana di 17 km kulon daya Palabuhanratu. Tempat ieu nyangkaruk walungan anu mata caina panas jeung burialan vulkanis. Di deukeutna ogé norobos cicurug jeung nembra kebon karét.
  • Basisir Karang Hawu, ayana di 20 km ti Palabuhanratu. Pantéy ieu miboga karang anu aya babaraha liang saperti hawu, matak wéh disebut karang hawu. Di pantéy ieu nisa ngalakukeun olahraga salancar cai.
  • Guha Lalay, ayana di 3 km ti Palabuhanratu. Guha ieu mangrupakeun imah rébuan lalay.
  • Wisata Alam, Pikeun anu resep kana patualangan alam, naék Gunung Gedé atawa Gunung Pangrango di Taman Nasional Gedé-Pangrango di kalér Kota Sukabumi mangrupakeun hiji pangalaman pikaresepeun. Didieu bisa dipanggihan mangrupa-rupa tutuwuhan sarta Kembang Edelweis anu abadi di poncrotna. Patualangan nangtangan séjénna nyaéta arung jeram di Walunga Cicatih atawa di Walungan Citarik, anu aya di 30 km kiduleun Kota Sukabumi.
  • AWWI (Agro Widya Wisata Ilmiah)
  • Wisata Situ Batukarut, pasirhalang, sukaraja jeung mangrupakeun sumber cai PDAM Kab/kota Sukabumi ayana di 5 km ti Kota Sukabumi
  • Wisata Basisir Ujung Genténg di Kac. Ujung Genténg/Ciracap

Harti Lambang Kabupatén Sukabumi[édit | édit sumber]

  • Lambang Pariséy :
Ngagambarkeun panglindungan pamaréntah daérah ka Pangeusi jeung sakabéh kabeungharan alam di wewengkon Kabupatén Sukabumi.
  • Warna Hideung :
Hartina langgeng tur abadi
  • Warna konéng :
Kaayaan anu caang gumilang
  • Gambar takikan karét jeung daun entéh ngaibaratkeun :
Poténsi komoditi perkebunan
  • Gambar kujang ngaibaratkeun :
Pusaka Pajajaran anu baheula ngawasa di bumi Parahyangan, kaasup ogé Kabupatén Sukabumi
  • Motto Gemah Ripah Loh Jinawi ngandung harti :
Subur makmur wibawa mukti.

Puser Pangbalanjaan[édit | édit sumber]

  • Pasar Kota Kacamatan Cibadak
  • Pasar Kota Kacamatan Cisaat
  • Pasar Kota Kacamatan Cicurug
  • Pasar Kamis Cicurug
  • Pasar Minggu Cicurug
  • Pasar Kambing Cicurug
  • Pasar Lauk Palabuhanratu
  • Pasar Lauk Cibaraja
  • Labora Indah Cibadak
  • Supermall Ramayana Cibadak
  • Pasar Selasa Gegerbitung
  • Jeung Kota Kacamatan lianna di Sukabumi
  • Pasar Kemis Kalapanunggal
  • Pasar Minggu Parakansalak
  • Pasar Salasa Jumaah Bojonggenténg
  • Pasar Gilang center Sukaraja

Tutumbu luar[édit | édit sumber]

Tingali Ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Direktorat Jendral Perimbangan Keuangan. 2015. Rincian Dana Alokasi Umum menurut Provinsi dan Kabupaten Kota Tahun 2015. Diaksés 25 April 2015.
  2. Kantor Kecamatan Bojonggenténg. 2015. Salinan arsip data pembagian kecamatan



 t·s·é 

Kabupatén Sukabumi, Jawa Barat

Lambang Sukabumi.jpg

Kacamatan: Bantargadung | Bojong Genténg | Caringin | Cibadak | Cibitung | Cicantayan | Cicurug | Cidadap | Cidahu | Cidolog | Ciemas | Cikakak | Cikembar | Cikidang | Ciracap | Cireunghas | Cisaat | Cisolok | Curugkembar | Gegerbitung | Gunung Guruh | Jampang Kulon | Jampang Tengah | Kabandungan | Kadudampit | Kalapa Nunggal | Kalibunder | Kebonpedes | Léngkong | Nagrak | Nyalindung | Pabuaran | Parakan Salak | Parung Kuda | Pelabuhan Ratu | Purabaya | Sagaranten | Simpenan | Sukabumi | Sukalarang | Sukaraja | Suradé | Tegal Buleud | Waluran | Warung Kiara