Cimanggu, Sukabumi
Cimanggu | |
|---|---|
![]() Peta lokasi Kacamatan Cimanggu | |
| Nagara | |
| Propinsi | Jawa Kulon |
| Kabupatén | Sukabumi |
| Kapadetan | - jiwa/km² |
| Kode Kemendagri | 32.02.46 |
| Désa/kalurahan | 6 |
Cimanggu nyaéta salah sahiji kacamatan di Kabupatén Sukabumi, Propinsi Jawa Kulon, Indonésia.[1] Kacamatan Cimanggu kawengku ku genep désa, nyaéta Désa Boregah Indah, Cimanggu, Sukamaju, Sukajadi, Karangmekar, jeung Suka manah.[2]
Wates Wilayah
[édit | édit sumber]Kacamatan Cimanggu mibanda wates-wates wilayah sakumaha di handap ieu[2]:
| Belah kalér | Kacamatan Léngkong |
| Belah wétan | Kacamatan Kalibunder |
| Belah kidul | Kacamatan Kalibunder |
| Belah kulon | Kacamatan Jampang Kulon |
Atikan
[édit | édit sumber]Dasar jeung Menengah
[édit | édit sumber]Dina widang atikan kacamatan Cimanggu mibanda poténsi anu pohara gedéna[3]. Aya 26 sakola anu ngadeg di kacamatan Cimanggu, anu kawengku ku 12 SD, 6 MI, 2 SMP, 4 MTs, 1 SMK jeung 1 MA.[3] di antara sakola-sakola anu dimaksud nyaéta:
| NO | NPSN | NGARAN SAKOLA | TINGKAT | STATUS |
| 1 | 20203013 | SD NEGERI 1 CIMANGGU | SD | NEGERI |
| 2 | 20202792 | SD NEGERI 2 CIMANGGU | SD | NEGERI |
| 3 | 20203232 | SD NEGERI 3 CIMANGGU | SD | NEGERI |
| 4 | 20203215 | SD NEGERI 4 CIMANGGU | SD | NEGERI |
| 5 | 20202881 | SD NEGERI BATUNUNGGUL | SD | NEGERI |
| 6 | 20202598 | SD NEGERI CIBEBER | SD | NEGERI |
| 7 | 20202603 | SD NEGERI CIBENGANG | SD | NEGERI |
| 8 | 20202734 | SD NEGERI CIGADUNG | SD | NEGERI |
| 9 | 20202690 | SD NEGERI CIJATI | SD | NEGERI |
| 10 | 20202046 | SD NEGERI PASIRANGIN | SD | NEGERI |
| 11 | 20202499 | SD NEGERI RIUNGGUNUNG | SD | NEGERI |
| 12 | 20202328 | SD NEGERI TEGALPANJANG | SD | NEGERI |
| 13 | 60707274 | MIS AL-AMAN | MI | SWASTA |
| 14 | 60707329 | MIS CIBALUNG | MI | SWASTA |
| 15 | 60707275 | MIS CIBEBER | MI | SWASTA |
| 16 | 60707326 | MIS CIKARANG | MI | SWASTA |
| 17 | 60707327 | MIS CIPANENGAH | MI | SWASTA |
| 18 | 60707328 | MIS CIPEUTEUY | MI | SWASTA |
| 19 | 20269982 | SMP NEGERI 1 CIMANGGU | SMP | NEGERI |
| 20 | 20267956 | SMP NEGERI 2 CIMANGGU | SMP | NEGERI |
| 21 | 20277759 | MTSS AL AMAN | MTs | SWASTA |
| 22 | 20277761 | MTSS MIFTAHUL FALAH | MTs | SWASTA |
| 23 | 20277763 | MTSS MIFTAHUL FALAH CIBEBER | MTs | SWASTA |
| 24 | 20217760 | MTSS NURUL MUMIN | MTs | SWASTA |
| 25 | 69864677 | SMKS QAULAN LAYYINA | SMK | SWASTA |
| 26 | 20277305 | MAS AL AMAN | MA | SWASTA |
Pondok Pasantrén
[édit | édit sumber]Masarakat di kacamatan Cimanggu dipikawanoh ku sakumna téh minangka masarakat muslim anu kacida taat ibadahna.[2] Kaayaan islamina katémbong di sabudeureun désa.[2] Hal ieu bisa diilik tina gampangna manggihan masigit jeung tajug di kacamatan Cimanggu.[2] salah sahiji wewengkon anu pangkatarana mah nyaéta désa Cimanggu anu kentel pisan kana bag-bagan agama Islamna.[2] Di désa ieu ngadeg hiji pondok pasantrén nu panggedéna tur pangkolotna di Kabupatén Sukabumi, ngaranna pondok pasantrén Al-Aman.[2] Pondok pasantrén anu ditaratas ti taun 1954 ieu téh terus tumerus rumonjat.[2]
Saeutik bédana jeung pondok pasantrén lianna di Indonésia, yén di pondok pasantrén Al-Aman mah ngayakeun pangberdayaan patani minangka salah sahiji prioritas program.[2] pondok pasantrén Al-Aman mibanda leuwih ti 10 héktar aréal pangtanian jeung pakebonan anu sumebar di sawatara désa, nyaéta désa Karangmekar jeung Cimanggu (Kacamatan Cimanggu), sarta désa Cilangkap (Kacamatan Léngkong).[2] Sakabéh aréal ieu digarap minangka budi daya tutuwuhan hortikultura jeung sarana atikan di widang kahutanan.[2] Tujuan utama diayakeunna program ieu téh nyaéta pikeun ngaberdayakeun sakaligus méré lapangan pagawéan ka patani anu dumuk di sabudeureun pondok pasantrén.[2]
