Hortikultura

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Tomat hibrid dipelak ku cara hidroponik
Kebun Raya Cibodas salah sahiji hasil budidaya pepelakan hias (Hortikultura Lansekap)

Hortikultura (Aks. Sunda:ᮠᮧᮁᮒᮤᮊᮥᮜ᮪ᮒᮥᮛ) téh ilaharna disebut budidaya ngebon/taman, nyaéta bagian tina agrikultur anu ogé ngawengku agronomi jeung kahutanan.[1] Pepelakan hortikultura anu bisa didahar sakabéhna dipaké pikeun kadaharan manusa jeung sering dipaké dina kaayaan hirup kénéh nu antukna gampang ruksak.[1] Bébédaan antara pepelakan hortikultura jeung agronomis sacara tradisional kalawan umum nyaéta; pepelakan hortikultura anu dibudidayakeun kalawan inténsif jeung ngajamin asupna modal anu gedé, pagawé jeung téhnologi per satuan legana lahan, tapi dina pertanian modérn mah, pepelakan hortikultura téh bisa dipelak kalawan lega, ana pon; pepelakan agronomi mah kiwari réa dibudidayakeun kalawan inténsif.[1] Hortikultura dilarapkeun dina operasi pertanian anu gedé, di pausahaan-pausahaan pertanian leutik, jeung di kebon imah.[1]

Étimologi[édit | sunting sumber]

Hortikultura nyaéta lafal basa Sunda pikeun kecap basa Inggris horticulture.[2] Ieu kecap téh mangrupa kecap rundayan tina basa Laténhortus” anu hartina kebon atawa pakarangan jeung “cultura” anu hartina budidaya. [2] Tina éta katerangan hortikultura téh hartina ngabudidayakeun kebon.[2] Aya ogé anu ngahartikeun minangka seni ngabudidayakeun pepelakan kebon atawa cara budidaya anu dilakukeun di kebon.[3] Kalawan leuwih husus hortikultura téh disebut minangka seni melak tutuwuhan bungbuahan, sayur jeung tutuwuhan hias (Anon dina Notohadinegoro:2006) atawa élmu tatanén anu aya patalina jeung ngabudidayakeun kebon kaasup melak buah, sayur, kembang, jeung pepelakan hias.[3]

Hortikultura ngawengku divisi anu lega diantarana pepelakan kembang (Florikultura), buah (Pomologi), sayur (Olerikultura), tatacara miara pepelakan sangkan éndah (Hortikultura lansekap) jeung ngajaga kualitas pepelakan hortikultura sangkan teu gancang buruk (Fisiologi Pascapanen). [4]

sayur jeung bungbuahan hasil tina kagiatan hortukultura

Janick (1972) nétélakeun yén hotikultura téh hal-hal ngeunaan pepelakan jeung cara ngabudidayakeunana anu bisa méré ganjaran mangrupa kauntungan duit atawa kasenang pribadi anu cukup pikeun alesan ngaluarkeun biaya inténsif. [5] Hortikultura nyaéta budidaya tatanén au dicirikeun ku dipakéna pagawé jeung prasarana sarta sarana produksi kalawan inténsif. [3].Balukarna, pepelakan anu dibudidayakeun téh kudu anu bisa ngahasilkeun kauntungan gedé (alesan ékonomi) atawa nu ngahasilkeun kapuasan pribadi nu gedé (alesan hobi).[3].

Hortikultura nyaéta kombinasi tina seni jeung élmu dina mroduksi, pamasaran, pamangpaatan, jeung ngaropéa bungbuahan, sasayuran, kekembangan jeung pepelakan hias.[6] ieu téh mangrupa industri gedé sarta aya rupa-rupa pausahaan komersial anu nyadiakeun rupa-rupa produk jeung jasa dina ieu widang.[6] Hortikultura mangaruhan unggal jalma kalawan nyadiakeun sabagiean gedé tina diet (kadaharan) sapopoé urang jeung sésana téh aya dina sumber kaéndahan jeung pangayaan di imah urang jeung masarakat, ogé aya dina kagiatan rékréasi urang (mangrupa lansekap taman jrrd). [6]

Dina widang arkéologi hortikultura dihartikeun minangka prosés nyadiakeun lahan taneuh pikeun melak binih, beubeutian atawa sték.[7] Hal ieu dilakukeun alatan pikeun ngadali tutuwuhan nu ngaganggu (gulma) jeung pikeun nyingkahkeun tina sato prédator, kaasup manusa.[7] Pepelakan dipanén, diprosés jeung biasana disimpen dina wadah husus atawa hiji wangunan.[7] Sababaraha pihak anu mroduksi, utamana pikeun jumlah nu loba, didahar salila usum melak, tapi hal anu pohara pentingna nyaéta boga sarana keur nyimpen kadaharan pikeun bekel jaganing géto, boh pikeun dagang, dahareun atawa upacara. [7]

Asal-usul[édit | sunting sumber]

Hortikultura, saperti nu dipaluruh jeung diajarkeun di réa universitas kiwari, mungkin boga asal-usul ti semet jaman batu sabab aya bukti-bukti nu nunjukkeun dipakéna kembang dina pamakaman kira-kira 60.000 taun katukang.[4] Satuluyna, panalungtikan arkéologi nunjukkeun yén sabada jaman és, anu dipungkas kira-kira 11.000 SM, kahirupan manusa mimiti mapan.[4] Daripada ngadahar kabéh binih anu dikumpulkeun ku maranéhna, éta binih téh sawaréh disimpen jeun dipelak nu antukna maranéhna bisa ngabudidayakeun sumber kadaharan leuwih kakadali.[4] Ieu téh mangrupa awal doméstikisasi pepelakan prakték-prakték awal hrtikultura.[4] Ieu prakték-prakték téh mekar ti mangsa ka mangsa tuluy jadi hiji élmu pikeun diajarkeun di mangratus-ratus universitas di sakuliah dunya. [4]

Seni Hortikultura[édit | sunting sumber]

Métode aeroponik dina ngamodofikasi tutuwuhan

Hortikultura dipatalikeun jeung sababaraha praktéḳ kalawan inténsif anu sacara koléktif ngawanun seni hortikultura.[1] Ieu hal téh kaausp ngahijikeun rupa-rupa téhnik pikeun nambahan jumlah struktur pepelakan husus kayaning beuti, corms, dipakéna lapisan atawa sték, tunas jeung okulasi, jeung budidaya anu ngalibetkeun kultur jaringan[1] .

Prakték-prakték séjénna nu patali jeung hortikultura téknik génétika pikeun ngaropéa pepelakan sangkan leuwih hadé, métode pamasaran, jeun ngolah kadaharan.[1] Hortikultura hias mah teu kaasup kana ieu hal, kaausp prakték-prakték tambahan nu patali jeung arsitéktur lansekap jung seni kekembangan.[1] Sawatara éta hortikultura téh mangrupa hiji seni kuno kalawan réa praktékna anu dicangking sacara émpiris, jaman kiwari mah seni hortikultura téh patali pisan jeung élmu pangaweruh, nu antukna élmu hortikultura modérn téh nyaéta salah sahiji bagian anu paling maju dina widang pertanian.[1] Ngan aya sababaraha urang patani hortikultura anu geus usaha ngurangan atawa nepika ngaleungitkeun katergantungan kana pupuk anorganik jeung péstisida ngaliwatan ngadumaniskeun prakték dumasar kana ékologi (ngokolakeun pepelakan kalawan terpadu)[1] .

Atikan Hortikultura[édit | sunting sumber]

Atikan di Mancanagara[édit | sunting sumber]

Mahasiswa jurusan hortikultura Virginia Tech di Spanyol

Hortikultura nyaéta bagian tinu kurikulum anu diaku dina widang pertanian di sakuliah dunya.[1] Di Amérika réa universitas anu boga departemén hortikultura anu ditujukeun pikeun pendidikan sarjana anu ngarah kana titel darajat BS.[1] Éta departemén téh lolobana méré pelatihan lanjutan anu ngarah kana titel derajat MS jeung Ph.D. Tapi ti mimiti taun 1990-an aya kila-kila rada condong pikeun departemén agronomi hortikultura jeung pikeun ngahijikeun ihwal pangaweruh pepelakan atawa departemén Plant Science. [1]

Atikan di Indonésia[édit | sunting sumber]

Di Indonésia pangatikan formal hortikultura téh diajarkeun ti mimiti tingkat SMK.[8]Jumlah SMK pertanian anu ngokolakeun atikan hortikultura di Indonésia kacatet aya 210 siki.[8]Sakola-sakola menengah pertanian anu asalna aya di sahandapeun Departemén Pertanian jeung Departemén Kahutanan, kiwari asup kana sakola kejuruan anu diatur ku Departemén Pendidikan Nasional.[8] Pangatikan hortikultura ogé asup kana program studi Sekolah Pertanian Pembangunan (SPP) anu dikokolakeun ku Departemén Pertanian dina raraga ngahasilkeun tanaga téknis tingkat terampil, boh pikeun ngeusian pangabutuh pasar gawé boh pikeun digawé kalawan mandiri dina séktor pertanian. [9]

Pikeun di tingkat paguron luhur, pangatikan hortikultura diantarana asup kana materi pangajaran di Institut Pertanian (IPB) Bogor[10] jeung Universitas Winaya Mukti[11]. Pangatikan hortikultura nu di sadiakeun di paguron luhur IPB nyaéta pikeun program Sarjana jeung program Pasca Sarjana.[12]. Paguron luhur séjénna nu ngokolakeun pangatikan hortikultura di Indonésia nyaéta Universitas Brawijaya (UB)[13] jeung Universitas Mataram (UNRAM)[14]

Aturan pamaréntah nu jadi dasar pikeun dilaksanakeunana pangatikan pertanian (kaasup widang hortikultura) nyaéta:

  1. UU No. 20/2003 tentang Sistem Pendidikan Nasional;[15][16]
  2. UU No. 16/2006 tentang Sistem Penyuluhan Pertanian, Perikanan dan Kehutanan.[15][17]

Tingali Ogé[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]

Sumber Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m (en)Horticulture (diakses 18 Séptember 2011)
  2. a b c (en)Anon. 1960. The American college dictionary. Random House: New York. Xxviii + 1444 h.
  3. a b c d (id)Tedjoyuwono Notohadinegoro. 2006. Faktor Tanah dalam Pengembangan Hortikultura. Yogyakarta. Universitas Gadjah Mada
  4. a b c d e f (en)What is Horticultures? (diakses 18 Séptember 2011)
  5. (en)Janick, J. 1972. Horticultural Sciences. W.H. Freeman and Company: San Fransisco. Xii +586 h
  6. a b c (en)Horticulture (diakses 18 Séptember 2011)
  7. a b c d (en)Horticulture (diakses 18 September 2011)
  8. a b c (id) Pendidikan Pertanian Direvitalisasi (diakses 7 Oktober 2011)
  9. Peraturan Kepala Badan Pengembangan Sumber Daya Manusia Pertanian Nomor : 53/Per/Sm.100/J/6/09 tentang Pedoman Penyelenggaraan Sekolah Menengah Kejuruan - Sekolah Pertanian Pembangunan (SMK-SPP) Bertaraf Internasional
  10. (id)Departemen Agronomi & Hortikultura IPB (diakses 20 September 2011)
  11. (id) Fakultas Pertanian Universitas Winaya Mukti (diakses 7 Oktober 2011)
  12. (id) Pendidikan (Departemen Agronomi dan Hortikultura IPB) (diakses tanggal 7 Oktober 2011)
  13. (id)Jurusan BP UB(diakses tanggal 7 Oktober 2011)
  14. (id)Faperta UNRAM(diakses tanggal 7 Oktober 2011)
  15. a b (id) Program Kerja SPP SPMA Geger Kalong tahun 2010 (diakses tanggal 7 Oktober 2011)
  16. (id)UU No. 20/2003 tentang Sistem Pendidikan Nasional (diakses tanggal 7 Oktober 2011)
  17. UU No. 16/2006 tentang Sistem Penyuluhan Pertanian, Perikanan dan Kehutanan (diakses tanggal 7 Oktober 2011)