Éksprésionismeu (sastra)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Éksprésionismeu atawa éksprésionisme nyaéta ngaran hiji gerakan dina widang sastra jeung seni séjénna (utamana seni lukis) di Jerman anu muncak antara taun 1910-1925, persis saméméh jeung sabada Perang Dunya I. Para panaratasna ti kalangan seniman jeung pangarang anu dina rupa-rupa cara leupas tina gambaran kahirupan jeung gambaran dunya anu saenyana, ku jalan ngaéksprésikeun pandangan atawa angen-angen batin jeung pikiran.[1]

Pangarang[édit | édit sumber]

Anu pangnonjoyna di kalangan pangarang harita, nyaéta panyajak Baudelaire jeung Rimbaud, novelis Dostoevsky, pilosop Niettéche, jeung dramawan August Strinberg. Pahamna mah saenyana teu kungsi dicindekkeun kalawan tetes ieu gerakan téh. Tapi bisa disebut yén cirina anu utama mah nyaéta nolak tradisi (sastra) paham réalismeu, boh dina milih jejer (objék) boh dina gayana. Para pangarang éksprésionis meuseuh kamampuhna dina ngaékspésikeun sawangan dirina pribadi ngeunaan kahirupan manusa jeung hirup kumbuh manusa. Biasana ku pandangan anu pohara jerona atawa gambaran émosi anu pohara seukeutna. Carana ku jalan ngahaja ngolah, ngagegedékeun, nyungkalan sakur anu kasaksian dina dunya objéktip, jeung ngaréka suasana jeung rasa anu kacida matak ngangresna. Karyana atawa caritana téh mindeng ngagambarkeun jalma kiwari anu kasingkir-singkir, ngeueung di tengah kahirupan masarakat industri, téhnologi, jeung kahirupan kota, tipecleng pegat tatali, jeung bingung teu puguh laku.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 51. ISBN 9786027785786.