Kota Sukabumi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kota Sukabumi

ᮞᮥᮊᮘᮥᮙᮤ
Alun-alun Sukabumi gigireun Masjid Agung
Alun-alun Sukabumi gigireun Masjid Agung
Bandéra Kota Sukabumi
Bandéra
Ségel resmi Kota Sukabumi
Ségel
Ngaran jujuluk: 
basa Indonésia: Kota Santri[1]
basa Indonésia: Kota Mochi
Sang Mutiara dari Priangan Barat
Motto: 
Reugreug pageuh répéh rapih
Citakan:Su icon Teguh, kukuh, damai, rukun
Lokasi di Jawa Kulon
Lokasi di Jawa Kulon
NagaraBandéra Indonésia Indonésia
RégionJawa
Propinsi Jawa Kulon
Karasidenan Karasidenan Priangan
Karasidenan Buitenzorg
Netep1 April 1914 (1914-04-01)
Dasar hukumUU Nomor 17 Tahun 1950[2]
Pamaréntahan
 • BadanPamaréntah Daérah Kota Sukabumi
 • WalikotaAchmad Fahmi
 • Wakil WalikotaAndri Hamami
 • Sekretaris DaerahDida Sembada
 • Ketua DPRDKamal Suherman
Lega
 • Total48,33 km2 (1,866 sq mi)
Luhurna
584 m (1,916 ft)
Pangeusi
 (pertengahan 2021)[3]
 • Total350.804
 • Réngkingke-37 di Indonésia
 • Kapadetan73/km2 (190/sq mi)
DémonimWarga Sukabumi (id)
Urang Sukabumi (su)
Démografi
 • AgemanIslam 95,62%
Kristen 3,03%
- Protestan 2,12%
- Katolik 0,91%
Buddha 0,91%
Hindu 0,02%
Nu lain 0,42%[4]
Zona wanciUTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon)
Kode pos
431xx
Kode aréa+62266
Régistrasi tutumpakanF xxxx S* / T*
IPM 74,60 (2021)
Citakan:Fontcolor[5]
Kacamatan panggedéna ku aréaLembursitu – 10,69 kilométer pasagi
Kacamatan panggedéna dumasar populasiCikole (61,885 – sensus 2020)[6]
Ramatlokawww.sukabumikota.go.id
Reugreug Pageuh Repeh Rapih
Lambang Kota Sukabumi Vektor
Dasar hukum ngeunaan lambang Kota Sukabumi ditetepkeun dina Peraturan Daerah Kotamadya Sukabumi Nomor 12 Taun 1993.
Harti Lambang
Warna HéjoSubur jeung makmur
Gambar béntang (segi lima)Ngalambangkeun Pancasila anu mangrupakeun Dasar Nagara Républik Indonésia
KujangKawani
Paré jeung EntéhKatingtriman
Pita Warna Beureum jeung BodasBangsa Indonésia
JargonReugreug Pageuh Répéh Rapih

Kota Sukabumi nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Kota Sukabumi ayana 115 km kiduleun Jakarta, tur wilayahna aya di tengah-tengah wilayah Kabupatén Sukabumi. Kota Sukabumi kawengku ku 7 kacamatan nu kabagi deui kana 33 kalurahan. Wates wilayah belah kalér jeung Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi. Wates wilayah belah kidul jeung Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi. Wates wilayah belah kulon jeung Kacamatan Cisaat, Kabupaten Sukabumi. Wates wilayah belah wétan jeung Kacamatan Sukaraja, Kabupatén Sukabumi.[7]

Kota Sukabumi kawéntar ku jujuluk "Kota Moci". Jujuluk éta medal lantaran aya pangaruhna jeung kamekaran tempat wisata di Kota Sukabumi, anu ngajadikeun moci oléh-oléh utama Kota Sukabumi. Toko moci ngajajar di Kampung Kaswari, anu ngalantarankeun masarakat anu datang ka Kota Sukabumi kataji pikeun meuli, tug dugi ka ayeuna kawéntar yén Kota Sukabumi téh "Kota Moci".[8] Di taun 2022, Moci Sukabumi ditetepkeun jadi Warisan Budaya Tak Benda, katégorina kaasup dina cara ngolah kadaharan tradisional anu miboga ajén sajarah anu mekar sarta bisa ngawangun ékosistem budaya.[9]

Salian ti "Kota Mochi", Kota Sukabumi ogé miboga jujuluk "Kota Polisi". Éta jujuluk ditetepkeun dina Surat Keputusan Wali Kota Nomor 88.45/115-Huk/2022 Taun 2022. Ieu hal lantaran di Kota Sukabumi aya lembaga atikan polisi nasional anu buhun sa-Nusantara. Ngaran éta sakola téh nyaéta Sekolah Pembentukan Perwira (Setukpa) Lembaga Pendidikan dan Pelatihan (Lemdiklat) Polri. Dina mangsa panjajahan Walanda (Taun 1927-1942), éta sakola téh dingaranan Politie School (Opleiding School voor het personeel der politie). Lantaran miboga ajén historis, ku kituna Sukabumi ogé dilélér jujuluk "Kota Polisi" jeung Kota Toleransi.[10]

Toponimi[édit | édit sumber]

Ngaran Sukabumi (baheula: Soekaboemi) mimiti digunakeun taun 1815 ku Andries Christoffel Johannes de Wilde (Nénéhna: De Wilde).[11] Éta hal dibuktikeun dumasar catetan arsip Hindia-Walanda. De Wilde miboga kalungguhan salaku administratur kebon kopi jeung entéh, sarta salaku inohong anu muka lahan di daérah Cikolé (baheula: Kepatihan Tjikole). Dina catetanana, De Wilde nulis ngaran Sukabumi ngagunakeun dua kecap, nyaéta Soeka jeung Boemi keur nuduhkeun tempat nalika manéhna ngéndong di Kepatihan Cikolé (baheula: Tji Colle). Lian ti éta, De Wilde ngirim surat ka Nicolaus Engelhard (Administrator Hindia-Walanda) pikeun ngarobah ngaran Kepatihan Cikole jadi Kepatihan Sukabumi ka Thomas Stamford Raffles (Gubernur Hindia-Walanda). Aya dua pamadegan ngeunaan asal-usul ngaran Sukabumi dumasar catetan anu ditulis ku De Wilde. Pamadegan kahiji, ngaran Kota Sukabumi asalna tina basa Sunda, nyaéta Suka (seneng) jeung Bumen (nganjrek). Kondisi géografis Kota Sukabumi anu hawana tiis tur merenah, ngalantarankeun saha waé anu datang ka ieu tempat teu hayang pindah deui sabab maranéhna suka/seneng, bumen-bumen, atawa dumuk/nganjrek di ieu daérah. Pamadegan kadua nyebutkeun yén kecap Sukabumi téh asalna tina basa Sansekerta. Kecap Suka miboga harti kabagjaan, sedengkeun Bumi (Bhumi) minoga harti taneuh. Cindekna, Sukabumi téh tempat anu dipikameumeut, tempat anu dipikaresep keur nganjrek.[12]

Sajarah[édit | édit sumber]

Kota Sukabumi awalna mangrupakeun Distrik Goenoeng Parang, bagian ti kacamatan Ciheulang, anu ngahiji kénéh jeung Cianjur. Dumasar catetan pamaréntah Hindia-Walanda, di taun 1913 Kota Sukabumi masih kénéh disebut "hoofdplaats van het district Goenoeng Parang” atawa puseur dayeuh Gunung Parang. Kota Sukabumi ti taun 1815 nepi ka taun 1921 mangrupakeun daérah bagian anu kaasup kana wilayah administratif (afdeling) Kabupatén Cianjur, kalayan status Kabupatén Sukabumi anu diwangun taun 1 Juni 1921, sedengkeun Kotamadya Sukabumi (gemeente) diwangun 1 April 1914. Di taun 1914 Kota Sukabumi dijadikeun pamaréntah daérah (burgelijk bastuur) anu dipingpin ku Kapala Daérah (Burgemeester).[13]

Dumasar sajarahna, Kota Sukabumi geus sababaraha kali robah ngaran jeung jenis pamaréntahanana, anu kacatet ku sajarah nyaéta:

  1. Taun 1914 - 1942, dingaranan Gemeente Sukabumi anu dipingpin ku Burgemeester.[14]
  2. Taun 1942 - 1945, dingaranan Sukabumi Shi anu dipingpin ku Shityo.[14]
  3. Taun 1957 - 1965, dingaranan Kota Praja Sukabumi.[14]
  4. Taun 1965 - 1974, dingaranan Kotamadya Sukabumi.[14]
  5. Taun 1974 - 2004, dingaranan Kota Madya Daerah Tingkat II Sukabumi.[14]
  6. Taun 2003 - ayeuna, dingaranan Kota Sukabumi, anu dipingpin ku Wali Kota.[14]

Sistem Pamaréntahan[édit | édit sumber]

No. Ngaran Pamingpin Foto Periode
1 Mr. George Francois Rambonnet
(1926-1933)
2 Dr. Albert Leonard Anihenie Van Unendan - (1934-1939)
3 Mr. Willem Johannes Philippus Van Waning - (1939-1942)
4 Raden Rangga Adiwikarta - (1942-1943)
5 Raden Abas Wilagosomantri - (1942-1943)
6 Mr. Rd. Syamsudin
(1945-1947)
7 Raden Mamur Soeria Hoedaja - (1946-1948)
8 Raden Ebo Adinegara
(1948-1950)
9 Raden Widjaja Soerija - (1950-1950)
10 Raden S. Affandi Kartadjumena
(1950-1952)
11 Raden Soebandi Prawiranata - (1952-1959)
12 Mochamad Soelaeman
(1959-1960)
13 Raden Soewala
(1960-1963)
14 Raden Semeru (1963-1963)
15 Drs. Achmad Darmawan Adi
(1963-1966)
16 Raden Bidin Suryagunawan - (1966-1966)
17 Saleh Wiradikarta
(1966-1978)
18 Soejoed
(1978-1988)
19 H. Zaenudin Mulaebary
(1988-1993)
20 H. Udin Koswara
(1993-1997)
21 R Nuriana (Pejabat Sementara) - (1997-1998)
22 Dra. Hj. Molly Mulyahati Djubaedi
(1998-2003)
23 Mokh. Muslikh Abdussyukur
(2003-2013)
24 H. Mohamad Muraz
(2013-2018)
25 H. Achmad Fahmi
(2018-2023)

Wangunan Sajarah[édit | édit sumber]

Imah Tahanan Bung Hatta jeung Syahrir lokasina aya di Jalan Bhayangkara No. 156 A, Kelurahan Sriwedari, Kacamatan Gunung Puyuh, Kota Sukabumi.[15]
Imah Tahanan Bung Hatta jeung Syahrir di Sukabumi[édit | édit sumber]

Dumasar sajarah, tokoh Mohammad Hatta jeung Sutan Syahrir pernah nganjrek di Sukabumi, salila 3,5 bulan. Nalika Hatta jeung Syahrir ka Sukabumi statusna mangrupakeun tahanan anu dipindahkeun. Lalampahanana panjang, dimimitian ti Banda Neira ngagunakeun pesawat Catalina di taun 1 Februari 1942 nepi ka Tunjungan Surabaya. Ti Surabaya dituluykeun naék karéta api ti stasion Gambir Gambir ka Sukabumi. Nalika datang ka Sukabumi, Moh. Hatta jeung Syahrir dijaga ku pihak polisi Hindia-Walanda. Kiwari, ieu imah jadi wanguanan cagar budaya anu dipiara ku Balai Pelestarian Peninggalan Purbakala, Wilayah Kerja Provinsi Banten, Jawa Barat, DKI Jakarta, dan Lampung.[15]

Masjid Agung Kota Sukabumi[édit | édit sumber]
Alamat: Jl. Alun-Alun Utara No.4b, Gunungparang, Kec. Cikole, Kota Sukabumi, Jawa Barat 43111[16]

Masjid Agung Kota Sukabumi diadegkeun abad ka-19. Ieu masjid ngadeg di taneuh anu statusna wakaf ti salasaurang masarakat anu ngaranna Ahmad Juwaeni. Nalika mimiti diwangun, ieu masjid basajan ngan saukur miboga hiji menara. Baheula ieu masjid jadi saksi sajarah pikeun masarakat Sukabumi nalika dijajah. Lantaran saméméh jadi masjid, ieu wangunan digunakeun jadi markas sanjata, sarta jadi tempat lawungan pikeun nyieun stratégi perang.[16]

Gereja Sidang Kristus[édit | édit sumber]

Gereja Sidang Kristus ngaran asalna Gereja Protestan, diadegkeun taun 1911. Salian digunakeun pikeun tempat ibadah, ieu gereja sok dipaké pikeun lawungan sarta jatukrami pikeun anggotana. Nalika Jepang ngajajah Indonésia, ieu geréja digunakeun pikeun gudang senjata, lantaran lokasina deukeut jeung markas Kempetai. Sanggeus Indonésia mérdéka, ieu geréja balik deui fungsina jadi tempat ibadah.[17]

Gedung Juang ‘45[édit | édit sumber]

Gedung Juang ’45 baheulana mangrupakeun hotel, kalayan ngaran Hotél Victoria. AA Lenne, atawa nénéhna Tuan Leni mengrupakeun pangusaha anu boga éta hotel. Sanajan anu bogana bangsa deungeun, tapi Gedung Juang sok digunakeun pikeun tempat panglawungan masarakat. Ieu tempat diadegkeun dina abad ka-19. Salian ti hotel, Gedung Juang ’45 kawentar ku sebutan “Roemah Bola”, lantaran aya tempat paranti maén biliar, jeung kaulinan séjénna. Di taun 1942, Gedung Juang dikawasa ku pamaréntah Jepang, di taun 1945, pernahana kapin 21 Agustus 1945 éta Gedung balik deui dikawasa ku masakarat Sukabumi, tuluy dijadikeun markas Barisan Keamanan Rakyat (BKR).[18]

Kuliner[édit | édit sumber]

Aya sababaraha wisata kuliner anu has ti Sukabumi Kota, di antarana nyaéta:

  • Bubur Ayam Bunut, nyaeta bubur hayam sacara umum, tapi pang mindengna didatangan ku wisatawan ti luar Sukabumi. Bubur hayam bunut geus aya ti taun 1981 nepi ka ayeuna. Lokasina di Puseur Kota dekeut jeung Rumah Sakit Umum Syamsudin. Biasana Bubur ieu sok ditambahan ku daging hayam dipotong dadu, seledri, goreng bawang, karupuk emping, pangsit, jeung buburna leuwih kentel.[19]
  • Kue Mochi, Mochi awalna mangrupakeun jajanan has Jepang anu sarupa jeung wagashi. Kue mochi mimiti diwanohkeun ka Indonésia, hususna masarakat Sukabumi dina mangsa pangjajahan Jepang nu keur harita, masarakat pribumi dipénta pikeun ngabantuan nyieun ieu kueh. Mochi anu kasohor salaku oleh-oleh kadaharan, jeung salasahiji lokasi produksina aya di Jalan Kaswari.[20]
  • Tauge tauco, Tauge Tauco atawa leuwih katelah ku "Geco" nyaéta kadaharan nu dijieun tina togé, dilengkepan ku kupat, mie aci, tahu jeung kuah ti bungbu tauco. Geco asalna mangrupakeun kadaharan ti Cianjur, tapi geus lila nyebar ka Sukabumi. salasahiji lokasi padagang geco nyaéta di Jalan Kaum Kidul, Cikole, ments ti Kantor Samsat Kota Sukabumi.[21]
  • Kue ali, nyaéta jajanan kuéh nu bentukna sarupa jeung cincin has Kampung Cikiray Kidul, Cisaat. Kueh ieu dijieun tina tipung béas, gula beureum jeung gula bodas saeutik. Sababaraha urang nyebut kueh ieu ku "kueh cingcin" atawa "ali agrem".[22]
  • Nasi uduk ungu, nyaéta sangu uduk anu prosés pembuatanana dicampurkeun jeung buah bit jeung hui wungu pikeun ngahasilkeun warna wungu kana sanguna. Kadaharan ieu mangrupakeun salasahiji ikon kuliner ti Sukabumi. Biasana sangu uduk wungu disuguhkeun jeung hayam bakar, sapo tahu, iga jeung sambal petai.[23]

Galéri Kota Sukabumi[édit | édit sumber]

Masjid Agung Kota Sukabumi[édit | édit sumber]
Bagéan Hareup Masjid Agung
Bagéan Jero Masjid Agung

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. Wawali, Pertahankan Julukan Kota Santri | www.radarsukabumi.com Archived 2016-10-09 di Wayback Machine
  2. "Pembentukan Daerah-Daerah Otonom di Indonesia s/d Tahun 2014" (PDF). www.otda.kemendagri.go.id. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 12 Juli 2019. Diakses tanggal 28 Pebruari 2023.  Archived 2019-07-12 di Wayback Machine
  3. Badan Pusat Statistik, Jakarta, 2022.
  4. "Penduduk Menurut Wilayah dan Agama yang Dianut di Kota Sukabumi". www.sp2010.bps.go.id. Diakses tanggal 28 Pebruari 2023.  Archived 2022-09-14 di Wayback Machine
  5. "Indeks Pembangunan Manusia 2020-2021" (pdf). www.bps.go.id. Diakses tanggal 28 Pebruari 2023.  Archived 2021-01-27 di Wayback Machine
  6. Badan Pusat Statistik, Jakarta, 2021.
  7. Pamungkas, Putradi. "Kota Sukabumi". Tribunnewswiki.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  8. Lyliana, Lea. "Kenapa Mochi Bisa Jadi Oleh-oleh Khas Sukabumi? Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  9. Tim PeliputDiskominfo. "Moci, Ditetapkan Sebagai Warisan Budaya Tak Benda – Portal Resmi Kota Sukabumi". portal.sukabumikota.go.id. Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  10. Fatimah, Siti. "Sejarah Sukabumi yang Dijuluki Kota Polisi". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  11. Fatimah, Siti. "Andries de Wilde, Ahli Bedah Pencetus Nama Sukabumi". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  12. Ressa, Anwar. "Sukabumi, Bumi Yang DiSukai dan Disenangi". Kabar Daerah. Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  13. Nugraha, Setia; Lubis, Nina Herlina (2017-11-27). "KOTA SUKABUMI: DARI DISTRIK MENJADI GEMEENTE (1815-1914)" (dalam bahasa en). Patanjala: Journal of Historical and Cultural Research 9 (3): 424. doi:10.30959/patanjala.v9i3.35. ISSN 2598-1242. http://ejurnalpatanjala.kemdikbud.go.id/patanjala/index.php/patanjala/article/view/35.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  14. a b c d e f Sumardi, Endang. "NAMA SUKABUMI MULAI DIGUNAKAN PADA TAHUN 1815 – Portal Resmi Kota Sukabumi". portal.sukabumikota.go.id. Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  15. a b Saepuloh, E. "Rumah Bekas Tahanan Bung Hatta dan Syahrir di Sukabumi". Info Pikiran Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-11.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  16. a b redaksi. "Masjid Agung Tertua di Sukabumi | Radar Sukabumi" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-11. [tumbu nonaktif]
  17. Fatimah, Siti. "Cerita Gereja Sidang Kristus Sukabumi, Sempat Jadi Gudang Senjata Jepang". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-11.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  18. Operator. "BERTANDANG KE SOEKABOEMI". Republika Online (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-11.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  19. "Bubur Ayam Bunut Sukabumi dari H. Toi Hingga Dikelola oleh Penerusnya". Sabumi (dalam en-US). 14 September 2021. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  20. Lyliana, Lea (24 Januari 2022). "Kenapa Mochi Bisa Jadi Oleh-oleh Khas Sukabumi?". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  21. Hadi, Dharmawan (19 September 2021). "Geco Citarasa Tradisional Racikan Ibu Yayat Sukabumi Manjakan Pelanggan sejak 1965". Jabar.iNews.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  22. "Kue Cincin asal Cikiray Kidul Sukabumi, Oleh-oleh Favorit Wisatawan". Sukabumi Update (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  23. Fatimah, Siti. "Sedap Nikmat Nasi Uduk Ungu Ikon Kota Sukabumi, Unik Enak!". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine