Lompat ke isi

Curugkembar, Sukabumi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Profil Pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Babagéan Administratif

[édit | édit sumber]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Kacamatan Curugkembar téh asalna maha mangrupa Kamantren (perwakilan kacamatan) ti Kacamatan Sagaranten, nyaéta Kamantren Curugkembar nu diadegkeun saprak taun 1981. ti saprak taun 2001 nya naek tingkat jadi kacamatan nu leupas ti Kacamatan Sagaranten kalawan Camatnna nu amunggaran nyaéta Pa Waluyo. harita waktu kacamatan iru munggaran ngadeg masih ngabawah opat désa sakumaha tina bawahan kamantren asal. éta désa téh nyaéta Désa Cimenteng, Désa Curugkembar nu jadi tempat ayana kantor kacamatan, Désa Sindangraja jeung Désa Tanjungsari. Dina taun 2005 jeung taun 2007 aya pamekaran désa nyaéta désa Tnjungsari jadi dua jeung désa Mekartanjung. kaduana Désa Curugkembar ogé dipekarkeun jadi dua jeung Désa Bojongtugu. lajengkeuneun.

Profil Daérah

[édit | édit sumber]

Wates Wilayah

[édit | édit sumber]

Kacamatan Curugkembar kawates ku daerah séjén, antarana ti belah kulon kawates ku walungan cijeruk anu ngawates Kacamatan Curugkembar jeung Kacamatan Sagaranten. Belah kaler kawates ku Kacamatan Purabaya. Belah wetan kawates walungan Cibeber, walungan Cibala jeung Cibuni anu jadi wates jeung Kabupatén Cianjur. Sedengkeun belah kidul kawates ku Kacamatan Cidadap.

Géografis

[édit | édit sumber]

sacara géografis, Curugkembar mangrupa wilayah anu gugunungan. lengkob lengkobna jadi pasawahan nu lolobanamah ngandelkeun cai hujan. réa potensi alam anu can kaguar sabenernamaha. contona, sanggeus sababaraha taun ka tukang Bentonit di gali sacara tradisional ku sababaraha urang pribumi (bari teuing boga izin penggalian teuing hanteu) minangka di antara kandungan mineral anu aya di Curugkembar. Kaduana, akhir aljir ieu geus kapanggih ayana potensi batu koneng anu cenah mangrupa kelas batu giok anu dijualna ka urang Koréa (ieu ogé teuing sah atawa hanteu nurutkeun undang-undang di nagara urang). ngan anu tetela, para bandarmah jadi ngadadak beunghar ku ayana potensi alam modél kieu teh.

Démografi

[édit | édit sumber]

Transportasi

[édit | édit sumber]

Lamun urang ti Bandung nu jadi puser dayeuh Propinsi, mun rek ka Curugkembar ngaliwatan jalan raya mah nya ti Ci caheum atawa ti Leuwi Panjang ka Kota Sukabumi heula. Ti Kota Sukabumi naek angkot ka terminal Baros. ti dinya karek naek beus tilu parapat atawa elp ka Sagaranten, tapi aya ogé keur ayeunamah elp nu langsung ka Curugkembar ngan hiji-hijina. Ngan lamun ka Sagaranten heula wayahna naek deui angkot atawa ojeg. Tah lalampahan sakitu téh mun ti Bandung nepi ka Curugkembar kua jalan anu butut mah bisa ditempuh ku waktu 5 atawa 6 jam. upama rek kukurilingan di wewengkon kacamatan Curugkembar hadéna ngagunakeun motor ojeg we da jalana butut jeung meemang euweuh deui sarana séjén. keur tuluykeuneun

Poténsi

[édit | édit sumber]

Pertanian

[édit | édit sumber]

Perkebunan

[édit | édit sumber]