Kiliningan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Kendang

Kliningan nyaéta saperangkat gamelan surupan saléndro dibarengan ku dua juru sekar anu kawengku ti pasindén jeung wira swara, lamun dipintonkeun sacara khusus disebut kliningan.[1] Kiliningan ogé disebut siku-siku jurutilu nu sok ditakolan dina musik. Upamina dina Tanji.[2]

Etimologi[édit | édit sumber]

Kiliningan asalna ti ngaran salah sahiji waditra nu dina mimitina dijadikeun salah sahiji waditra dina kasenian ieu.[1] Wangun Kilining saperti Gender (waditra ti gamelan Jawa).[1] Sanajan waditra kilining éta teu dipaké dina pintonanna, ngaran kasenian éta angger disebut seni Kiliningan, sanajan euweuh waditra kilining.[1]
Seni Kiliningan kaasup kana ragem karawitan sekar-gending.[1] Ku kituna juru kawih, atawa disebut ogé Pasindén, kacida boga peran nu sentral pisan dina seni Kiliningan.[1] Pikeun generasi anu sepuh anu kungsi ngalaman mangsa kadigjayaan Kiliningan ti taun 60-an, masing-masing bakal mibanda Sindén favorit antara dua pasindén, nyaéta Upit Sarimanah jeung Titim Patimah.[1] Seni Kiliningan masih boga peran dina kahirupan kasenian tradisi di Jawa Kulon. Sanajan geus rada jarang anu khusus mintonkeun seni Kiliningan, namung materi kasenian ieu bakal tampil dina pagelaran seni Wayang Golék dina wangun Kiliningan.[3]

Materi Pagelaran Kiliningan[édit | édit sumber]

Rebab jeung Juru Rebab

Materi seni Kiliningan kawengku ku dua unsur nu ngahiji, nyaéta juru sekar jeung juru gending.[1] Nu kaasup ka juru sekar nyaéta: Sindén, sedengkeun nu kaasup juru gending nyaéta: nayaga jeung pangrawit.[1] Juru sekar dina kiliningan dibagi deui jadi dua, nyaéta awéwé jeung lalaki. Juru sekar awéwé disebut pasindén, sedengkeun juru sekar lalaki disebut wira swara. Sakurang-kurangna dina hiji pagelaran kiliningan kudu aya hiji sindén jeung hiji wira swara.[1] Pancén juru sekar nyaéta salaku nu ngawih.[1] Dina raraga ngawihkeun lagu-lagu unggal juru sekar kudu nuturkeun aturan gending (musik nu mirigna) anu geus baku dipirig ku nayaga.[1] Aya ogé musik pamirigna dingaranan gamelan.[1] Gamelan dina seni Kiliningan biasana laras saléndro.[1] Waditrana dua saron, peking, demung, bonang, rincik, kenong, goong jeung kempul, ketuk kempyang, gambang, hiji set kendang, sarta rebab.[1] Unggal waditra dipaénkeun ku hiji nayaga atawa disebut ogé pangrawit nu biasana lalaki.[1] Pangrawit dina Kiliningan dipingpin ku saurang anu sakapeung ogé ngarangkep jadi nayaga ogé. Pangaturna disebut Lurah Sekar.[1] Materi anu disajikeun dina Kiliningan utamana nyaéta lagu-lagu khas Kiliningan, dina umumna ogé wangunna sekar tandak anu dibawakeun ku juru sindén jeung wira swara.[1] Lagu-laguna mangrupa gabungan ti lagu-lagu tradisi gubahan anyar, atawa lagu-lagu anu masih dipikanyaho ku nu nyiptakeunna, saperti Es Lilin jieunan Bu Mursih, Sakadang Kuya jeung Torotot Héong jieunan RTA Sunarya jrrd.[1]

Nulis.jpg



Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Soepandi, Atik,; dkk.1994.Ragam Cipta.Bandung: Cv. Sampurna.
  2. Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Kiblat Buku Utama: Bandung.
  3. Soepandi, Atik,; dkk.1992. Dasar-Dasar Pangaweruh Wayang Golek Purwa Jawa Barat. Bandung: Nirwana.