Balé Kota Bandung
Gedong Balé Kota Bandung (gemeente huis) mangrupa salah sahiji wangunan pangkolotna di kota Bandung.[1][2]
Parobahan status Kota Bandung
[édit | édit sumber]Kaping 1 April 1906, Gubernur Jendéral J.B. van Heutz dumasar kana peraturan dina kaping 2 Pebruari 1906 mutuskeun yén status Kota Bandung ditingkatkeun janten Gementee (pamaréntah kota). Saprak ti éta, Kota Bandung bébas ti Kabupatén Bandung sanajan ibukota Kabupaten Bandung masih aya di Kota Bandung. Ku sabab aya parobahan status, Kota Bandung peryogi kantor anu leuwih luas pikeun Wali Kota Bandung.[3]
Sajarah
[édit | édit sumber]Gementee Huis kahiji
[édit | édit sumber]Saméméh éta gedong diwangun, di lokasi éta aya gudang kopi (koffie pakhuis) anu dipiboga ku Andries de Wilde (1781-1865), Asistén Résidén Priangan dina taun 1812.[1][2] Gudang kopi éta diwangun dina taun 1819 waktu kebon kopi di Priangan mekar dina abad ka-18.[1][2] Éta gudang kopi mangrupa hiji tina dalapan gedong tembok nu anyar di Bandung.[2] Gedong nu gaya wangunan VOC (Vereenigde Oost Indische Compagnie) éta dina taun 1906 dijadikeun kantor.[4] taun 1923, gudang itu dibikeun ka Pamaréntah kolonial Belanda.[1]
Gementee Huis kadua
[édit | édit sumber]Taun 1927 ieu wangunan dirubuhkeun keur ngawangun Gemeente Huis (balé kota) dumasar rarancang arsiték Ir.E.H. de Roo maké gaya arsiték nu kasohor Amérika Serikat Frank Llyod Wright (Wrightian Style).[4] Gemeente Huis pernahna di sisi béh kidul Atjehstraat (Jl.Aceh) di béh kalér Pieter Sijthoffpark, teu jauh ti jalan Braga nu jadi puseur kagiatan ékonomi masarakat kota Bandung mangsa harita.[4] Sajumlah wangunan publik lainna ogé geus dibangun saméméhna kayaning De Javasche Bank (1909), Katedral (1921), jeung Gereja Bethel (1925).[1][2]
Gementee Huis katilu
[édit | édit sumber]Dina taun 1935 diwangun gedong anyar di tukangeun Gemeente Huis dumasar rancangan arsiték Ir.E.H. de Roo maké gaya arsitéktur modérn motif art deco.[4] éta gedong nyanghareup ka kidul, nyaéta nyanghareup ka Pieter Sijeuthoffpark, nu kiwari ngaranna Taman Déwi Sartika.[2][4] Wangun hateupna témbong lempeng nu ngabalukarkeun ieu gedong disebut Gedong Papak.[1]
Ayeuna wangunan nu nyanghareup ka Jl.Aceh geus robah jadi dua lantai, wangunan heubeul nu masih nyésa ngan sisi wangunan katuhu jeung kéncana.[4] Wangunan nu nyanghareup ka Pieter Sijeuthoffpark (ayeuna Taman Dewi Sartika kaayaanana kaurus pisan.[4] Dua munara leutik di béh kénca jung katuhu dipangaruhan pisan ku gaya wangunan karya arsiték Frank Llyod Wright.[4] Gaya arsiték Frank mangsa harita dipangaruhan pisan ku arsiték-arsiték di Hindia Walanda.[4]
Pakarangan Gementee Huis
[édit | édit sumber]Saprak imah Andries de Wilde dijadikeun gedong Gementee Huis dina taun 1906, pakarangan anu aya di tukangeun Gementee Huis difungsikeun janten lahan keur masarakat Bandung. Pakarangan tukang éta mangrupa lapangan jukut jeung aya dua pohon kihujan (Samanea saman) badag anu aya dina tengah-tengah jeung di belah kulon pakarangan éta. Pakarangan éta dimangpaatkeun pikeun tempat maén, olahraga jeung kagiatan seni. Luas pakarangan tukang Gementee Huis teu aya parobahan saprak gedong Gementee Huis nu kadua diwangun. Pakarangan éta ogé dimangpaatkeun pikeun lapang maén bal, boh di tingkat lokal, boh di tingkat nasional. Maén bal mimiti kasohor di Bandung dina taun 1900. nepi ka taun 1905, maén bal biasana dilaksanakeun di Alun-Alun Bandung. Saprak Alun-Alun teu meunang dipaké, teras pakarangan tukang Gementee Huis dimangpaatkeun pikeun lahan maén bal. Pakarangan ngan sakedap dimangpaatkeun ku sabab bisi ngaganggu kagiatan dina Garéja, boh di Garéja Béthel anu aya dina Logeweg (ayeuna Jalan Wastukancana), boh di Garéja Katolik Santo Pétrus (Katédral) anu aya di Merdikaweg (ayeuna Jalan Merdeka). Kaulinan maén bal ngalih ka Lapangan Javastraat (lahan kosong di antawis Javastraat, rél karéta api, Sumaterastraat jeung Soendastraat).[5]
Luas pakarangan tukang anu janten pakarangan hareup kantor Gementee Huis janten ngaleutikan saprak diwangun Gementee Huis anu katiga ku sabab kapotong ku jalan-jalan asup jeung wangunan sakola olah raga anu aya di belah wétan pakarangan. Pakarangan éta masih kénéh pikeun masarakat nepi ka taun 1950-an. Salian ti éta, pakarangan ogé digunakeun pikeun upacara, paméran anu dilaksanakeun ku pamaréntah kota.[6]
Balé kota ayeuna
[édit | édit sumber]Dina taun 1950-an saangeus kamerdékaan, ngaran Gementee Huis dirobah janten Balé Kota Bandung.[7]
Saprak taun 1960-an, pakarangan Balai Kota ditata pikeun taman, jalan jeung lahan parkir. Di hareup panto gerbang asup, diwangun taman kembang. Di tengah-tengah taman, aya prasasti jeung Monumen Mengenang Bandung Lautan Api jeung tihang bandéra. Sakola Olah Raga anu aya di belah wétan pakarangan Balai Kota dialihkeun ka Jalan Bali, di belah kidul kolam renang Céntrum.[8]
Dina mimiti taun 1980-an, didirikeun wangunan anyar di belah wétan jeung kulon gedong Balai Kota, wangunan kembar dina belah kalér-kidul anu ngapit gedong Balai Kota. Taman di hareup gerbang gedong Balai Kota dijadikeun plaza (alun-alun) anu lumayan lega. Posisi Monumen Mengenang Bandung Lautan Api teu dirobah, ngan posisi tihang bandéra digésér ka belah kidul.[9]
Dina taun 1980-an ogé aya parobahan sajalan jeung wangunan anyar di kadua sisi Gedong Balai Kota nyaéta pakarangan Balai Kota dijadikeun taman anu aya di tengah-tengah jeung lahan parkir diwangun di belah kulon pakarangan.[10]
Dina taun 1989, diwangun panto gerbang Balé Kota Bandung. Gerbang éta boga ciri khas nyaéta wujudna lengkung sarupa jeung wangunan gerbang zaman baheula. Gerbang éta ogé salaku pangwates antawis jalan raya jeung lingkungan kompléks Balé Kota.[11]
Wangunan di sabudeureun Balé Kota Bandung
[édit | édit sumber]Gementee Huis aya dina lokasi stratégis di antawis opat jalan nyaéta Atjehstraat (Jalan Aceh ayeuna) dina belah kalér, Parklaan (Jalan Kebon Raja teras dirobah janten Jalan Perintis Kemerdékaan) dina belah kidul, Logeweg (Jalan Wastukencana ayeuna) dina belah kulon, sarta Merdikaweg (Jalan Merdeka ayeuna) dina belah wétan.[7]
Dina sabudeurenun Gementee Huis aya loba wanguna-wangunan anu boga nilai sajarah. Wangunan anu aya dina Jalan Merdeka di antawisna nyaéta : Sakola Santa Angela (SMP jeung SMA) di Jalan Merdeka anu ngaran baheulana nyaéta Hogere Burger School (HBS) van de Zuster Ursulinen, sakola anu husus pikeun awéwé. HBS diwangun dina taun 1922 jeung miboga gaya arsitéktur Indische Stijl; di sisi Sakola Santa Angela aya SD Banjarsari anu baheulana téh Indo-Europese Schoolvereniging (I.E.V) Kweekschool; teras aya deui wangunan sakola nu sanés nyaéta Kweekschool voor Inlandsche Onderwijzern, gedong éta ayeuna janten kantor Polwiltabes (Polisi Wilayah Kota Besar) Bandung; aya deui garéja anu ayeuna dingaranan Garéja Santo Petrus (Katédral) anu diwangun dina taun 1922, lokasina aya di simpang Jalan Merdéka jeung Jalan Jawa. Garéja éta diwangun salaku pangganti ti Garéja Santa Franciscus Régis anu baheula posisina aya dina seberang Garéja Katédral anu nyanghareup ka Jalan Perintis Kamerdékaan. Teras dina Jalan Perintis Kamerdékaan aya gedong anu baheulana De Javasche Bank, ayeuna janten gedong Bank Indonésia. Teras dina Jalan Wastukencana aya sababaraha wangunan anu boga nilai sajarah nyaéta Garéja Béthel anu ngaranna teu dirobah saprak ti zaman baheulana, teras di sisina aya gedong sakola SMKN 1 Bandung anu baheulana nyaéta sakola Europesche Lagere School.[12]
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f Balai Kota Bandung, diaksés tanggal 25 Désémber 2015.
- ↑ a b c d e f Balai Kota Bandung dan Sekilas Sejarah, diaksés tanggal 25 Désémber 2015.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 16. ISBN 978-979-8003-43-1.
- ↑ a b c d e f g h i Katam Kartodiwirio,Sudarsono.2006.Bandung Kilas Peristiwa di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah.Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Halaman 48.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 38. ISBN 978-979-8003-43-1.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. pp. 38–39. ISBN 978-979-8003-43-1.
- ↑ a b Nursyabani, Fira. "Sejarah Gedung Balai Kota Bandung, Koffie Pakhuis yang Jadi Gemeente Huis - Ayo Bandung". Sejarah Gedung Balai Kota Bandung, Koffie Pakhuis yang Jadi Gemeente Huis - Ayo Bandung (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 40. ISBN 978-979-8003-43-1.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. pp. 40–42. ISBN 978-979-8003-43-1.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 42. ISBN 978-979-8003-43-1.
- ↑ Dana, Djefry W. (1990). Ciri Perancangan Kota Bandung. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. p. 89. ISBN 979-403-916-0.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. pp. 86–127. ISBN 978-979-8003-43-1.