Taman Balai Kota Bandung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Taman Balai Kota Bandung
ᮒᮙᮔ᮪ ᮘᮜᮄ ᮊᮧᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ
Taman Balai Kota kiwari
Taman Balai Kota kiwari
Letak: Babakanciamis, Kota Bandung
Koordinat: 6°54′45″S 107°36′34″E / 6.91250°S 107.60944°E / -6.91250; 107.60944Koordinat: 6°54′45″S 107°36′34″E / 6.91250°S 107.60944°E / -6.91250; 107.60944
Dibangun: 1885
Arsitek: Meneer R. Teuscher
Pihak pengelola: Pamaréntah Kota Bandung
Taman Balai Kota Bandung is located in Kota Bandung
Taman Balai Kota Bandung
Lokasi Taman Balai Kota Bandung di Jl. Wastukencana No. 2, Kota Bandung

Taman Balai Kota Bandung (Aksara Sunda baku: ᮒᮙᮔ᮪ ᮘᮜᮄ ᮊᮧᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ) nyaéta taman kota anu aya di Kota Bandung.[1] Taman ieu perenahna di Kiduleun Balai Kota Bandung.[1] Kiwari, Taman Balai Kota Bandung mangrupa dua taman anu ngahiji, nyaéta Taman Déwi Sartika jeung Taman Badak.[1] Taman-taman éta diresmikeun ku Walikota Bandung harita Ridwan Kamil, dina tanggal 19 Désémber 2017.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Taman ieu diwangun dina taun 1885, anu lokasina di tungtung Kalér jalan Braga. Ku sabab loba pisan jasa-jasa Pieter Sijthoff pikeun kota Bandung, anjeuna nyaéta Asistén Résidén Priangan sareng ketua “Perkumpulan Kesejahteraan Masyarakat Bandung dan Sekitarnya”. Arsiték taman ieu nyaéta Meneer R. Teuscher, salah sahiji botanikus anu tinggal di imah pojok di simpang Jalan Tamblong jeung Jalan Naripan.[2]

Taman Pieterspark ganti ngaran nyaéta Taman Merdeka dina taun 1950-an. Dina taun 1962, taman ieu jadi tempat pikeun perayaan Braga Festival anu kadua. Teu jiga perayaan Braga Festival nu kahiji ngan saukur di Jalan Braga, perayaan nu kadua dilaksanakeun ogé di Alun-Alun, Jalan Braga, jeung Taman Merdeka.[3]

Taman Merdéka dihijikeun jeung téras Balé kota dina taun 1980-an. Dina taun éta ogé, di Kaléreun taman diadegkeun patung badak cula hiji lengkep jeung balong anu gedé. Patungna diresmikeun dina ping 10 Nopémber 1981 ku Wali Kota Bandung zaman éta H. Husen Wangsaatmaja.[4]

Lokasi[édit | édit sumber]

Taman Balai Kota Bandung perenahna dina wewengkon anu lumayan stratégis, dikurilingan ku jalan Merdeka di belah Wétan, jalan Wastukencana di belah Kulon, jeung jalan Perintis Kemerdekaan di belah Kidul.

Kaayaan[édit | édit sumber]

Wujud taman téh sabenerna basajan, datar, wangunna sarupa bujur sangkar. Jaringan jalan nu di jero taneuh sarupa jeung huruf Y. Di tengah-tengah taman, dina simpang pertelon jalur jalan, diwangun tempat keur maén musik orkes unggal malem Minggu.[2]

Pikeun taneuhna subur tur lembab, digali saluran anu manjang di sisi Kalér nu jadi pangwates taman jeung pakarangan kantor Gementee (balé kota ayeuna). Di luhureun kanal diwangun sasak awi melengkung kawas jembatan karéta api.[2]

Cai nu ngalir sumberna ti walungan Cikapayang anu huluna aya di Tamansari girang (lembah Cikapundung tukangeun Kebon Binatang). Pikeun ngagali saluran, warga Bandung nu imahna di Kampung Balubur jeung Tamansari milu gotong royong. Cai ti Cikapayang ngalir ka Ijzerman Park (Taman Ganesa ayeuna) Pieters Park (Taman Bale Kota ayeuna) Molukken Park (Taman Maluku ayeuna), jeung Insulinde Park (Taman Lalu Lintas ayeuna).[5]

Di zaman baheula, Taman ieu téh dikepung ku De Javasche Bank (gedung Bank Indonesia cabang Bandung ayeuna) di belah kidul; Sakola Frobel (Taman Kanak-Kanak) di belah kalér; Gereja Protestan (Gereja Bethel ayeuna) jeung Europesche Laagere School II (SMKN 1 Bandung ayeuna) di belah Kulon; sarta H.B.S. Ursulinen (Sakola Santa Angela ayeuna) di belah Wétan.[6]

Gerbang[édit | édit sumber]

Ti mimiti taman diwangun, gerbangna aya dua nyaéta di belah Kidul ka Wétan (Tenggara) jeung di belah Barat Daya. Satuluyna dina taun 1980, gerbang diwangun deui di belah Wétan taman. Tilu gerbang éta dipasang sababaraha tihang beusi di tengah-tengah panto.[7]

Taman Déwi Sartika[édit | édit sumber]

Radén Déwi Sartika nyaéta salah sahiji inohong anu ngarintis atikan pikeun kaum wanoja. Dina ping 16 Januari taun 1904, Déwi Sartika ngadegkeun Sakola Istri anu kahiji sa-Hindia Walanda. Déwi Sartika jadi Pahlawan Nasional dina widang atikan dumasar kana kaputusan pamaréntah dina taun 1966.[8]

Taman Déwi Sartika perenahna pangkidulna di aréa Taman Balai Kota Bandung. Taman anu legana 4.390 méter pasagi ieu boga ciri khas patung Déwi Sartika di hareupeun taman. Di taman ieu ogé aya aréa parkir anu digunakeun minangka terminal pikeun Bandros (Bandung Tour on Bus). Calon panumpang anu rék naék Bandros bisa ka aréa Taman Déwi Sartika.[1][9]

Patung dada Déwi Sartika diresmikeun ku Walikota Bandung H. Wahyu Hamijaya ping 4 Désémber 1996.[10]

Taman Badak[édit | édit sumber]

Taman Badak perenahna persis di Kiduleun Kantor Walikota Bandung. Taman anu lega na 870 méter persegi ieu miboga ciri khas patung badak cula hiji. Di taman ieu aya cai mancur jeung balong déét anu digunakeun minangka sarana arulin barudak. Di taman ieu ogé aya taman sasatoan anu ngoléksi sasatoan minangka manuk, kelenci, jeung sajabana.[1][9]

Patung ieu ditempatkeun di Taman Balai Kota dina taun 1981. Cula bodas éta téh salah sahiji mitologi anu aya di Tatar Sunda. Lamun hiji daérah aya paguyangan cula bodas, daérah éta cocog dijadikeun pusat pamaréntahan. Ku kituna, dijieun patung cula bodas dina Taman Balai Kota.[8]

Taman Sajarah[édit | édit sumber]

Taman Sajarah diadegkeun dina taun 1995 salaku upaya pikeun ngamumulé warisan sajarah di kota Bandung. Dina pangwangunanana, pamaréntah gawé bareng jeung ahli sajarah sarta arsiték pikeun ngabadikeun perjalanan Bandung ti mangsa nu geus kaliwat nepi ka kiwari. Taman Sajarah miboga koléksi sajarah anu alus tur hadé. Anjeun tiasa ningal artéfak, benda-benda nu aya ajén sajarahna, poto, jeung dokuméntasi anu ngagambarkeun Bandung ti jaman Walanda nepi ka ayeuna. Taman ieu mindeng dijadikeun tempat pikeun acara jeung kagiatan swperti paméran sajarah, pagelaran seni sarta kagiatan-kagiatan komunitas jeung organisasi.[11]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Ispranoto, Tri. "Taman Dewi Sartika dan Badak di Balkot Bandung Makin Cantik". detiknews. Diakses tanggal 2019-02-03. 
  2. a b c Kunto, Haryoto (1984). Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Bandung: PT Granesia. pp. 116–117. 
  3. Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 61. ISBN 978-979-8003-43-1. 
  4. Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 62. ISBN 978-979-8003-43-1. 
  5. Kunto, Haryoto (1984). Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Bandung: PT Granesia. p. 118. 
  6. Kunto, Haryoto (1984). Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Bandung: PT Granesia. p. 120. 
  7. Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 79. ISBN 978-979-8003-43-1. 
  8. a b Aleut, Komunitas. "Pelesir Ke Balai Kota Bandung". Diakses tanggal 25 November 2023. 
  9. a b Bandung, Website Resmi Kota. "TAMAN DEWI SARTIKA DAN TAMAN BADAK SUDAH LEBIH CANTIK". https://www.bandung.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-07. 
  10. Katam, Sudarsono (2014). Gementee Huis (Balaikota) Bandung. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 66. ISBN 978-979-8003-43-1. 
  11. direktorinesia, Redaksi. "Taman Sejarah Bandung: Menelusuri Jejak Sejarah Kota Kembang". Diakses tanggal 25 November 2023. 

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

(id) Situs Resmi Pamaréntah Kota Bandung