Lompat ke isi

Déwi Sartika

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Page Modul:Infobox/styles.css has no content.

Radén Déwi Sartika
Radén Déwi Sartika
Radén Déwi Sartika
Gumelar4 Désémber 1884
Cicalengka, Bandung, Jawa Kulon
Tilar dunya11 Séptémber 1947
Cinéam, Tasikmalaya, Jawa Kulon
KabangsaanIndonésia
PasanganRadén Kanduruan Agah Suriawinata

Radén Déwi Sartika (Aksara Sunda Baku: ᮛᮓᮦᮔ᮪ ᮓᮦᮝᮤ ᮞᮁᮒᮤᮊ) (gumelar di Cicaléngka, Bandung, 4 Désémber 1884 – maot di Cinéam, Tasikmalaya, 11 Séptémber 1947 dina umur 62 taun) nyaéta inohong wanoja anu dianggap salaku pamingpin pajoangan atikan pikeun wanoja di Jawa Kulon. Taun 1966 pamaréntah Indonésia ngangkat Déwi Sartika minangka Pahlawan Nasional.[1]

Pancakaki jeung Mangsa Budak

[édit | édit sumber]

Déwi Sartika gumelar dina kaayaan kulawarga anu boga status priyayi. Bapana anu boga ngaran Radén Somanagara patih di Bandung sarta indungna Radén Ayu Rajapermas putri ti bupati Bandung R.A. Wiranatakusumah IV (1846-1874).[1] Déwi Sartika nyaéta wanoja anu gumelar di antara 6 dulur.[1] Mangsa yuswa Déwi Sartika napak 9 taun, bapana jeung akina Radén Demang Suriadipraja dituduh ngalakukeun hal goréng ka R.A.A. Martanagara anu ngabalukarkeun Radén Somanagara diasingkeun ka Ternaté.[1] Harita Déwi Sartika masih nungtut élmu di Sakola Kelas Hiji, sabab kajadian diasingkeun éta Déwi Sartika dieureunkeun ku sakola ménak Bandung éta.[1] Sabab statusna budak anu bapana boga kasus, ngabalukarkeun Déwi Sartika teu bisa ditarima di sakuliah sakola mangsa harita.[1]

Sabab indungna milu bapana, Déwi Sartika dititipkeun ka uwana Raden Demang Suriakarta Adiningrat anu jadi afdeeling Cicaléngka.[1] Ti dinya Déwi Sartika diajar kaparigelan wanoja anu mangsa harita kudu dipiboga ku sakabéh wanoja priyayi ti garwa uwana éta.[1] Iwal ti éta, Déwi Sartika ogé meunang atikan ti Kontrolir Cicaléngka nyaéta P. Roo de la Faille ngeunaan élmu pangaweruh jeung sajarah.[1] Di sagigireun atikan ti garwa uwana jeung Kontrolir Cicaléngka, Déwi Sartika ogé ngajarkeun ka babaturan ulina maca jeung nulis.[1] Ngliwatan sarana kenténg, areng jeung papan bilik kandang kuda.[1]

Teu lila ti dinya, Déwi Sartika geus rumaja indungna balik ti pangasingan sabab bapana pupus di tempat pangasingan Déwi Sartika nyusul indungna ka Bandung.[1] Nalika taun 1902 Déwi Sartika nyoba ngarintis atikan keur wanoja.[1] Di rohangan leutik tukangeun imahna di Bandung Déwi Sartika ngajarkeun nyulam, masak, jait, maca, nulis jeung sajabana.[1] Iwal ti dinya, Déwi Sartika masih mikiran babaturana di Cicaléngka.[1] ku sabab keretegna nu geus ngempur mangkarunyakeun ka babaturana di Cicaléngka sarta ka wanoja anu masih teu bisa maca munculkeun kahariwangan di haté Déwi Sartika.[1] Déwi Sartika nyoba ngusulkeun ka Bupati Bandung R.A.A. Martanagara ngeunaan keretegna hayang nyieun sakola wanoja.[1] Sabab kahayangna nu kacida pageuhna, nyieun R.A.A. Martanagara boga simpati ka kahayang Déwi Sartika nepi ka hal éta diusulkeun di Den Hamer.[1] Urusan di Den Hamer jeung Inspéktur Kantor Pengajaran ngaluarkeun kaputusan anu kacida ngagumbirakeun pikeun Déwi Sartika.[1]

Muka Sakola Kautamaan Istri

[édit | édit sumber]

Muka Sakola nepi ka Tilar Dunya 16 Januari 1904, waktu Déwi Sartika yuswana 20 taun, dibuka Sakola Istri anu kasusun ku dua kelas nyaéta kelas hiji jeung kelas dua Mimitina murid anu asup nyaéta 20 urang.Sedengkeun tanaga kependidikanna aya tilu urang nyaéta Déwi Sartika, Poerma, jeung Oewit. Sakola Istri ieu tempatna di pendopo Kabupatén Bandung ku izin ti R.A.A. Tapi sababa lobana anu hayang sakola sedengkeun pendopo geus teu mahi kalawan bantuan ti sababaraha pihak sarta tabungan Déwi Sartika sorangan, taun 1905 sakola dipindahkeun ka Jalan Ciguriang.

Di taun 1906, Déwi Sartika nikah jeung Radén Kanduruan Agah Suriawinata guru Sakola Kelas Hiji Karangpamulang, Cicadas, Bandung. Taun 1909 lulusan kahiji lulus jeung wangunan dirénovasi ditambahan kelas deui. taun 1910 ngaran sakola dirobah jadi Sakola Kautamaan Istri jeung taun 1929 ngaran sakola diganti deui jadi Sakola Radén Déwi lantaran masarakat ngahargaan jasa anu ngadegkeun éta sakola. Kagiatan diajar, ditambahan ku basa Walanda jeung agama Islam sedengkeun élmu kaséhatan dibéré ku L. van Arkel anu mangrupa jururawat di imah sakit Situsaeur.Ku kituna, mimiti dibuka Sakola Kautamaan Istri di sababaraha kabupatén nyaéta oto iskandar dinataasikmalaya, Garut, jeung Purwakarta jeung di taun1912 geus dibangun 9 Sakola Kautamaan Istri. Ti pajoangan éta garwa Gubernur Jénderal van Limburg Stirum (1916-1921) ogé garwa Gubernur Jénderal Tjardavan Starkenbergh kungsi datang ka Sakola Kautamaan Istri di Bandung.

Tanda jasa

[édit | édit sumber]

Taun 1922 Déwi Sartika meunang tanda jasa béntang pérak jeung ditaun 1929 Déwi Sartika ngarayakeun ulang taun ka-25na.[1] Di taun 1940, Déwi Sartika meunang deui tanda jasa béntang emas.[1] Di kelas handap (1-3), panganteur basana dipaké basa Sunda jeung di kelas salajéngna maké basa Indonésia anu mangsa harita disebutna basa Malayu.[1] 1939 Déwi Sartika leungiteun ku pupusna Agah Suriawinata.[1] Nalika Perang Dunya II, tangtara Jepang datang ka Indonésia, Sakola Radén Déwi ditutup jeung dibubarkeun.[1] 1946 nalika Bandung Lautan Api, Radén Déwi Sartika ngungsi ka kampung Béntang di Ciamis.Kaayaan Déwi Sartika anu lintuh ngabalukarkeun sukuna lécét nepi ka teu cageur-cageur jeung vonis ahirna nyebutkeun yén Déwi Sartika diabétes.Sanggeus dirawat di Cinéam, Tasikmalaya Radén Déwi Sartika pupus kaping 11 Séptémber 1947 jeung dikurebkeun di makam Cigagadon, Désa Rahayu, Margaasih. Tilu taun saterusna dikurebkeun di kompleks Pemakaman Bupati Bandung di Jalan Karang Anyar, Kabupatén Bandung.[2][3]

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Rosidi, Ajip. 2009. Manusia Sunda. Jakarta: Kiblat
  2. Suganda, Her. 2008. Bandung. Jakarta:Kompas
  3. Hudiono, Esthi Susanti; Bodjawati, Seruni (2019). Perempuan-Perempuan Menggugat (Literasi Rupa Sejarah Perempuan Indonésia). Yogyakarta: Media Pressindo bekerjasama dengan Komunitas Inklusi Sosial dan Perdamaian Indonésia. pp. 43–47. ISBN 978-623-7254-10-2.