R.A.A. Martanagara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
R.A.A. Martanagara nalika jadi Patih di Sumedang

Radén Aria Adipati Martanagara (Sumedang, 9 Pébruari 1845-2 Séptémber 1926). Bupati Bandung, pangarang. Dipikawanoh minangka bupati panyelang ku sabab anjeunna lain turunan langsung ménak Bandung. Bupati anu gedé jasana dina mekarkeun kota Bandung dina mangsa kapamingpinanana.[1]

Babad Salira[édit | édit sumber]

Martanagara téh buyutna Pangéran Kornél. Ramana, Radén Kusumayuda (Koesoemajoeda), wadana Cibeureum nu ditibanan hukuman administratif ku sabab pabéntar paham jeung Pangéran Sugih nu jadi bupati Sumedang mangsa harita, dipindahkeun ka Probolinggo jeung tilar dunya di ditu.[2] Ti burey kénéh Martanagara nganjrek jeung pamanna, Aria Surianegara nu jadi patih Sumedang. Nalika Radén Saléh natamu ka Kabupatén Sumedang, Martanagara diwanohkeun ka éta juru lukis nu kawentar téa. Nalika Radén Sugih mihapékeun puterana Endén Durahim pikeun diatik ku Radén Saléh di Jakarta, Martanagara dipapancénan pikeun maturan. Dina éta kasempetan Martanagara diajar sagala rupa pangarti, saperti basa Malayu, Jawa, jeung Walanda. Sajaba ti éta, Martanagara ogé diajar ngrancang jeung ngaput baju, ngagambar, jeung ngukur taneuh deuih. Satuluyna, kalawan pituduh ti Radén Saléh, Martanagara neruskeun sakolana di Semarang. Dua taun ti harita anjeunna mulang ka Sumedang, laju diangkat jadi guru bantu nu kapapancénan ngajarkeun basa Malayu, ngitung, jeung ngukur taneuh.

Riwayat jadi Bupati[édit | édit sumber]

Taun 1864 anjeunna diangkat jadi camat Cikadu, tapi sataun ti harita diangkat jadi Kaliwon kota Sumedang. Tina kamotékaranana ngagerakkeun rahayat melak kopi jeung miara jalan jeung jambatan. Anjeunna meunang Medali Pérak (1878). Taun 1881 diangkat minangka Patih Sumedang. Nalika Pangéran Sugih ngantunkeun, nu ngagantikeunana nyaéta Rangga Suriaatmaja, puterana nu jadi Patih Sukapura Kolot, sarta Martanagara dipindahkeun jadi Patih Sukapura Kolot (1883).

Nalika bupati Bandung ka-10 Radén Tumenggung Kusumadilaga ngantunkeun (1893), sedeng putrana Radén Muharam, umurna kakara 5 taun, Martanagara diangkat pikeun ngagantikeun Radén Muharam. Éta kajadian téh saéstuna ngabalukarkeun réa kalangan ménak anu kanyenyerian ku sabab maranéhna nu boga hak pikeun nyangking kalungguhan téh nyaéta ménak Bandung. Sainganana, Radén Rangga Sumanagara, nu meunang dukungan ti médak Bandung, ngajukeun pamundut ka Gubernur Jenderal pikeun ngajukeun dirina nu jadi bupati. Samalah Radén Rangga Sumanagara kungsi nyoba nelasan ku cara masang dinamit dina kandaraan nu baris ditumpakan ku Martanagara. Hadéna, éta usaha téh teu hasil.

Yasa-yasana[édit | édit sumber]

Sanggeus kaayaan pindahna kakawasaan ka Martanagara geus mimiti merenah, anjeunna ngamimitian pancénna enggoning ngawangun Kota Bandung.[2] Harita kota Bandung geus bisa diliwatan ku karéta api, puseur departemen peperangan, sarta tempat bisnis nu tohaga, saperti Toko De Vries jeung Toko Liem.[2] Program-programna ogé mimiti laju.[2] Nu paling kawentar mah nyaéta kenténg geus mimiti digunakeun di imah-imah penduduk.[2] Ieu program dilaksanakeun di hiji kampung di Balubur. Ku sabab ieu kampung téh nyieunan kenténg atawa Lio, ku kituna ieu kampung dingaranan Kampung Lio.[2] Ieu ngaran tuluy robah sanggeus pamaréntah ngamerdikakeun ieu kampung, nepi ka jadi katelah kampung Merdika Lio.[2]

Karya-karyana[édit | édit sumber]

Anjeunna ogé kaasup salah sahiji bupati anu produktif nulis dina basa Sunda. Karya-karyana anu lolobana ditulis dina wangun wawacan di antarana:

  1. Wawacan Angling Darma,
  2. Wawacan Batara Rama,
  3. Babad Sumedang,
  4. Piwulang Batara Sunu
  5. Babad Radén Adipati Aria Marta Nagara [3]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. Ajip Rosidi, dkk, 2000, Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya
  2. a b c d e f g Indra Pratama, R.A.A. Martanagara Sang Pembaharu dina http://aleut.wordpress.com/2011/05/10/950/ disalin tanggal 19 Agustus 2011
  3. Dasawredi: Sapuluh Ciri Kamajuan Sunda dina Sunda Blogspot disalin tanggal 19 Agustus 2011

Rujukan[édit | édit sumber]

  • R. A. A. Marta Nagara, 1923, Babad Raden Adipati Aria Marta Nagara Regent Pensioen Bandoeng di Soemedang. Bandoeng: Drukkerij Aurora. Dimuat dina: G.W.J Drewes. 1985. The Story of an Old Time Priangan Regent As Told By Himself. Leiden.


Soekarno.jpg