Taman Lalu-lintas Ade Irma Suryani Nasution
Taman Lalu-lintas Ade Irma Suryani Nasution nyaéta taman rekréasi nu ayana di jajantung dayeuh Bandung. Salian salaku taman, di dieu ogé dijadikeun puseur latian maca rambu-rambu lalu lintas.[1][2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Sawah
[édit | édit sumber]Dina taun 1898, lahan anu luasna tilu héktar leuwih janten asal-usul Taman Insulinde Park (ayeuna Taman Lalu Lintas Ade Irma Suryani Nasution). Lahan éta mangrupa lahan kosong anu wujudna sapertos rawa au di sababaraha bagéanana aya rumpun-rumpun bambu. Cai dina lahan éta dikuras ku cara ngajieun saluran pengering sapanjang bagéan tengah lahan éta supados caina ngalir ka luar. Saterasna, tempat éta dimangpaatkeun ku masarakat pikeun sawah. Cai anu ngalir ka luar dimangpaatkeun pikeun nyiram sawah, jadina cai tiasa dikendalikeun.[3] Lahan éta posisina manjang ti kalér nepi ka kidul, jeung miring ka belah kidul jeung wétan.[4]
Lapangan militér
[édit | édit sumber]Saangeus teu dimangpaatkeun pikeun sawah, éta lahan digunakeun pikeun lapangan militér, sajalan jeung pangwangunan gedong Departemen van Oorlog (DVO) anu diwangun dina taun 1915 jeung Palais van de Leger Commandant anu diwangun dina taun 1916 salaku imah dinas Panglima Bala Tentara Hindia Walanda anu ayeuna janten kantor KODAM (Komando Daerah Militer) III Siliwangi. Lapangan militér dimangpaatkeun pikeun olahraga, tempat latihan jeung upacara militér.[5]
Gedong Departement van Oorlog atawa Departemen Peperangan nu ku warga di dinya dingaranan Gedong Sabahu sabab diwangun di luhur taneuh salega sabahu (0,7 hektar), kiwari geus jadi gedong Markas Komando.[2]
Dua gedong éta ayana di Jalan Aceh jeung Jalan Kalimantan nu sakaligus jadi wates kalér jeung wétan ti hiji lahan nu kabuka. Beulah kidul diwatesan ku Jalan Belitung jeung dibeulah kulon diwatesan Jalan Sumatera.[2]
Insulinde Park
[édit | édit sumber]Lahan kabuka ieu mimitina mangrupa tempat latian baris serdadu Walanda. Mung sanggeus diwangun lapang anyar nu ayeuna jadi Stadion Siliwangi, tempat éta ditinggalkeun. Lahan kabuka éta salajengna dijadikeun taman kota dina taun 1920[6]. Sabab ayana di kawasan anu ngaran jalan-jalanna maké ngaran daerah-daerah di Nusantara, taman éta dingaranan Insulindepark ku pamaréntah Kota Bandung dina taun 1925.[2][7]
Insulindepark jadi tempat nu nyaman keur reureuh nu harita Bandung masih bérésih jeung sejuk. Di sababaraha tempat disadiakeun tempat keur diuk.
Taman Nusantara
[édit | édit sumber]Dina sidang Dewan Perwakilan Rakjat Kota tanggal 28 April 1950, ngaran taman éta diganti jadi Taman Nusantara.[2]
Taman Nusantara ayana di kawasan nu mangrupa jantung dayeuh anyar. Lokasina gampang ditéangan. Tatapi, sabab kabutuhan tempat rekréasi nu sihat keur barudak, taman ieu dipilih keur pangwangunan Taman Lalu-lintas (Traffic Garden). Ide pangwangunanna ti Agustus 1954 ku Badan Pengamanan Lalu-lintas (BKLL) nu ngusahakeun ayana sikep lalu-lintas nu sopan ka budak ti leuleutik kénéh. Mimitina direncanakeun bakal diwangun di luhur lahan Taman Pramuka nu ayana di Jalan R.E. Martadinata. Mung rencana éta dibatalkeun sabab lobana fasilitas ruang PMI, kantor pos jeung telepon leutik, sarta rohang musik.[2]
Pangwangunan Taman Lalu-lintas éta mangrupa conto nyata kumaha pamaréntah daerah, panitia, jeung masarakat Dayeuh Bandung kaasup media massa di dinya. Sanajan dina mangsa éta, situasi ekonomi masih hésé jeung kaamanan di Jawa Barat can pati bener ti gangguan gorombolan. Ngaliwatan kampanyeu anu dilakukeun kalawan tigin, ngaliwatan slide di bioskop-bioskop atawa ngaliwatn media massa elektronik saperti Radio Republik Indonesia Stasiun Bandung sarta media massa cetak saperti Lembaga Kantor Berita Nasional Antara, Harian Pikiran Rakyat, Warta Bandung, Sipatahunan, AID Prianger Bode jeung media massa séjénna, masarakat milu ngarojong. Nepi ka paribasa “Sedikit demi sedikit lama-lama menjadi bukit”, sumbangan nu teu leutik artina ti siswa-siswa Sekolah Rakyat jeung Sekolah Lanjutan di Bandung sewang-sewang badagna Rp 0,50-Rp 1,00, nepi ka kakumpul dana sagedé 21.580. Sekolah China di Bandung sukses ngumpulkeun Rp 21.580.[2]
Kalawan kakumpul dana éta, ku kituna dina tanggal 23 Maret 1956 dilakukeun nyimpen watu munggaran ku Ny. Enuch, pamajikanna Wali Kota Bandung diaping dua budak awéwé nu asalna ti kulawarga Ir. Effendi jeung kulawarga R. Sanusi Hardjadinata nu sewang-sewangan jadi Direktur Jenderal Djawatan Kereta Api (DKA) jeung Gubernur Jawa Barat. Mangsa éta, gubernur nepikeun harepanna supaya tempat éta bisa diresmikeun tanggal 17 Agustus 1956, tepatna mangsa miéling Poé Dirgahayu Kamerdikaan Républik Indonésia ka-11. Sanajan sababaraha usaha dilakukeun kalawan ngagalang sakabéh potensi, harepan éta karék kalaksanakeun di tanggal 1 Maret 1958.[2][8]
Taman Lalu Lintas
[édit | édit sumber]Ngaran Taman Nusantara teu kasohor ku sabab robah fungsi janten taman atikan pikeun pangaweruh ngeunaan lalu lintas keur barudak leutik, jeung tempat pikeun ngabina barudak remaja. Teras ngaranna dirobah janten Taman Lalu Lintas anu diwangun jeung diurus ku Badan Keamanan Lalu Lintas (BKKL) sarta diadegkeun ku H. Nazaruddin SH salaku Kepala Polisi Lalu Lintas dan Ketua Badan Keamanan Lalu Lintas (BKLL).[9] Saterasna, taman diurus ku Yayasan Taman Lalu Lintas anu didirikeun dina taun 1960.[10]
Taman Lalu Lintas Adé Irma Suryani Nasution
[édit | édit sumber]Tempat rekréasi keur barudak éta, sanggeus kajadian G30S/PKI bulan September 1965 dingaranan Taman Lalu-lintas Ade Irma Suryani Nasution, ngaran putri sulung Jenderal A.H. Nasution nu kungsi jadi Panglima Divisi Siliwangi munggaran, sateuacan jadi Kodam jeung salajengna Kodam III/Siliwangi.[2]
Sanggeus sempet ngalaman karuksakan, di taun 1974, sarombongan kaom ibu nu kagabung dina paguyuban “Bandung Kota Kembang” ngusahakeun ngaktifkeun deui tempat rekréasi éta. Fasilitasna nu aya nyaéta kareta api, korsel, sapeda mini, mobil mini nu digerakkeun ku tanaga listrik ti accu. Kareta api digerakkeun ku ngagunakeun mesin jeep taun 1948.[2]
Taman Lalu-lintas “Ade Irma Suryani Nasution” kiwari mangrupa tempat rekréasi populer keur barudak. Utamana dina poé ahad, tempat ieu pinuh pangunjung nu sabagéan badag kawengku ku barudak TK jeung Sakola Dasar.[2]
Irigasi taman
[édit | édit sumber]Ku sabab Insulinde Park lokasina deuket jeung Pieters Park (ayeuna Taman Balai Kota Bandung), diwangun irigasi pikeun kadua taman éta di handap jalan sapanjang Jalan Aceh. Cai pikeun Pieters Park teu saukur ti saluran cai di Jalan Aceh waé, tapi ogé ti walungan Cikapundung. Dina belah wétan walungan Cikapundung, aya kali leutik anu dilengkepan ku panto cai supados cai anu ngalir ka Pieters Park jeung Insulinde Park tiasa dikendalikeun. Kali leutik éta janten kasohor disebat walungan Cikapayang anu diwangun dina masa pamaréntahan R.A. Kusumahdilaga salaku Bupati Bandung (1874-1893).[11]
Sabudeureun taman
[édit | édit sumber]Dina belah kalér Taman Lalu Lintas, aya dua wangunan utama anu wujudna teu robah nepi ka ayeuna. Dua wangunan éta nyaéta imah kulawarga Zuur anu diwangun dina taun 1912 jeung Palais van de Leger Commandant anu diwangun ti taun 1916-1918. Dua wangunan éta diwangun dumasar kana rancangan arsiték Wolff Schoemaker.[12]
Dina belah wétan taman, aya wangunan Departemen van Oorlog (DVO) atawa Kantor Departemen Penerangan anu diwangun dina taun 1915 dumasar kana rancangan arsiték R.L. A. Schoemaker.[13]
Dina belah kidul, aya opat wangunan anu ngajéjér ti belah wétan nepi ka kulon, nyaéta : Gouvernements Hoogere Burgerschool (HBS Negeri), imah dinas Komandan Ajudan Jénderal, Méss Perwira, jeung imah dinas Komandan Divisi. Nepi ka ayeuna, nan aya dua wangunan anu teu robah wujudna, nyaéta Méss Perwira jeung HBS Negeri anu ayeuna janten SMAN 3 jeung SMAN 5 Bandung.[14]
Dina belah kulon, imah anu ngajéjér di seberang taman baheulana nyaéta imah dinas para perwira militér. Ayeuna gedong-gedong éta janten kantor militér, kantor instansi pamaréntah, kantor Yayasan Paguyuban Pasundan, jeung sajabana.[15]
Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]Sajarah Taman Lalu Lintas Bandung
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Bemmelen, Reinout Willem .1949.The Geology of Indonesia.California: Govt. Print. Off.
- ↑ a b c d e f g h i j k Suganda, Her.2007.Jendela Bandung, Pengalaman Bersama Kompas.Jakarta: Penerbit Buku Kompas.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 11. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 12. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 15. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 14. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 15. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Isnanto, Bayu Ardi. "Taman Lalu Lintas Bandung: Sejarah, Jadwal Buka hingga Harga Tiket saat Lebaran". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-14.
- ↑ Indrajaya, Dimas Wahyu. "Sejarah Taman Lalu-lintas Bandung, Tempat Pembelajaran Lalu-lintas Tertua di Indonesia". www.goodnewsfromindonesia.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-14.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 37. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 29. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 53. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 59. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 62. ISBN 978-979-8003-41-7.
- ↑ Katam, Sudarsono (2014). Insulinde Park. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 66. ISBN 978-979-8003-41-7.